Kang Asep sareng baraya ..... Macaan artikel Mangle tos jelas symbol pimpinan US aya di gunung Tangguban Parahu sanes piramida kunaon sababna. Tangkuban parahumah symbol asli kakuasaan rahayat ti rahayat ieu anu bakal jadi kakuatan pamimpin US, ieu datang ti jalma _jalma anu sangsara nepi kanu golongan menengah.
Ti jutaan US "teu kabeh boga jiwa pundungan"...jeung sifat-sifat negative anu dijadikeun kagorengan anu bisa dimamfaatkeun kasempatan jeung kesempitan ku urang deungeun. Tapi memang ulah nigali katukang urang pernah ria/ agul / jaya / beunghar / raden /ningrat jeung sajabina, NU PENTING NYATANA AYEUNA KEUR KAHAREUP. Memang bener sadar IPTEK kedah dinomorsatukeun lamun urang hayang maju kahareup lain mundur katukang (contona nagara urang implasi hartina kuduna bangsa maju jeung makmur, malih mundur 20 tahun katukang janten nagara katilu deui). Kunaon sababna loba bangsa urang teu produktive, bisana ngan meulian barang-barang ti nagara deungeun deungaun. Lamun US ngulik nu engeues aya teknologi sederhana terus dikembangkeun nepi ka hade (produktive pasti maju moderen jeung teu ngaleungitkeun kasundaan). Conto anu pasti jeung kaharti "restoran Jepang" aya dimana-mana ieu cara salah sa hiji cara mimpim OGE, jadi teu kudu ningali kaluhur berpolitik, hayang jadi jiga sibapa anu. Kumaha lamun "kacapi Cianjuran" ngalobaan sadunya sami mawon jeung cara mimpin restoran tea. Aya anu kasohor budaya sunda anu ngabudaya sa dunya nyaeta penca cimande (lain carita akang osok penca),a kang ningali eta paguyuban penca ti banten atanapi ti mana wae mani didareukeutan ku para jendral geuning. Ti dieu bisa di tingali eta budaya penca anu atos kolot dipikaresep ku urang dengeun / nagara deungeun. Tata titina aturan hukum silat aya etika anau sami sareng SAMURAI di Jepang. Jiganamah umur budaya penca atos kungsi 60 000 taun Samurai Jepang wae masih ngora umurna, malahan maranehna maju oge niron nagara lain anu di Jepangkeun. Silat teh budaya urang sunda tos lami umurna ti abad 60.000 taun tos aya nyaeta di Cianjur jeung sa tatar sunda, abdi tos ngabuka penca di Konjen NYC kirang langkung 4 tahun GRATIS, latihan saminggu sakali ti jam 6 nepi ka jam 9 wengi, eta izin ku Bapak Isnaedi ayunamah tos Duta Besar. Anjeuna resepeun silat upami aya di KONJEN NYC matuh kitu. Ku abdi diajukeun proposal "DEUI" nyuheunkeun tempat 3 jam sa minggu sakali,tah ayeuna teh Silat "ditolak" ku pajabat anu anyar, teu kenging aya silat seunahmah SILAT ngagangu kantor jeung sajabana......pira kadar mawa AWAK JEUNG NAPAS paling oge 10 murid nu tos JAGO, da moal mawa KENDANG, GO'ONG jiga gamelan JAWA jeung BALI. Malihanmah abdi oge tos dijantenkeun SATPAM keur niungan alias bodyguard HENRY KISINGER jeung babaturan urang itali. Tujuan silat jelas keur kasehatan, nguruskeun anu gendut, sehat badan jeung rohani, neruskun seni bela diri budaya bangsa sunda. Tujuan SILAT jelas tos di tarima kumsyarakat sa Amerika da abdi teh nu ngawakilan "LEGAL" ti perguruan dibawah naungan IPSI, PERSILAT anu di suport Bapak Prabowo sareng Bapak Nalapraya sareng staff-staffna eta organisasi. SILAT SUNDA tos janten program di SD,SMP, SMA di NYC / BRONK, QUEEN , BROOKLYN sareng institusi laina malihanmah abdi kungsi ngalatih pulisi jeung tantara. Silat tiap taun diondang pertandingan di Asia Tengara, di USA nyaeta di Atlantik City New Jersey, Silat vs Karate, Kung Fu, Taek Kwondo, Hapkido, Arnis, jeung JU JITSU. Tiap taun meunang murid-murid mawa Thropy Kemenangan click www.silatpdusa.com ETA GEUNING NGAN SA UKUR 3 JAM MATUH SA MINGGU SAKALI DI "KONJEN NYC" AYA SILAT DI TOLAK, PAHADAL BARUDAK SILAT MAH MAWA AWAK JEUNG NAPAS NGAGERAKEUN OPAT LANGKAH KALIMA PANCER, PADAHAL NGARAN SILAT TEH KEUR NGAHARUMKEUN BANGSA INDONESIA OGE. Lamun dina cikal bakal peperangan US mah tara ngarasa eleh, jeung tara ngarasa sieun / mirisan nigali kahareup komo deui ayeunamah jamanna impormasi katingaleun wae ku batur, urang tetep wae jadi jelma terbelakang. Punten sanes AGUL bade ngabagi pangalam simkuring dilakonan dinu nyata sanes di alam maya keur wiraswasta alit-alitan Eta oge abdi ngamimitian usaha nuju sakola keneh ti SMP kelas tilu nepi katamat mahasiswa itb. widang usahana pertanian palawija , ngaageungkeun lauk emas di , nernakeun domba , Usaha produksi Mesin bubut , konsultan /rancang bangun, Adibusan / ngarancang Acuk sareng restaurant 400 korsi. Eta umur abdi masi budak keneh kudunamah keur seneng ulin jeung beger ka awewe nu gareulis mojang Priangan. Da simkuring mah tos gaduh bakat biasa digawe / kerja keras nulungan anu TEU BERDAYA TEU WALAKAYA nyaeta pakir miskin. Aya hiji nu diteangan lain soal NEANGAN HARTA, batinmah teu bisa dibohongan sabagian US sunda aya nu nganggur jeung loba nu menta-menta dijalanan. Simkuring ningali anu miskin nambah seueur, upami ningali keur lebaran di mesjid Salman ITB sanes ngirangan anu miskin. CEUNAH mah islam teh aya konsep nulungan anu miskin jeung minterkeun anu bodo kitu oge kristen, kanyataan ayeuna taun 2005 beuki seueur. Niungan urang nu TEU BERDAYA TEU WALAKAYA nyaeta pakir miskin maranehna teu tamat-tamat SD acan. Niat insun hayang naikeun darajat eta barudak tangtu kedah aya MODAL DUIT jeung ELMU tea jeung aya kahayang dipetakeun / NGAJARKEUN pagaweannu bakal jadi produk ( teu omong doang / "ngabako"}. Kumaha carana100 urang miskin direkrut dipilh anu boga sifat JUJUR jeung DAEK GAWE MEUREUN lain loba omong. Motto utama "JELMA PALING RENDAH ANU HIRUPNA MENTA MENTA TERUS - JADI AYA WATESNA MENTA - MENTA TEH. (miskin-beunghar sami mawon). Hasilna maranehna meunang sakola, gajih, imah, malihmah aya anu 3 jalmi disakolakeun ka itb da lolos ujian saringan. Total eta pangalaman mimpin bari diajar hirup pakait jeung wangunan, kandaraan, teknology, pamarentah anu mungutan pajak, jeung ribuan palanggan / nu meuli produk, nu mere projek lamina 12 tahun. geuning LIEUR MIMPIN DILAPANGAN TEH. URANG HIRUP MIMPIN KEDAH TINGALI KANHANDAP HEULA ULAH LANGSUNG NAPAK KALUHUR. Ari symbol Piramida mah lain cara US, hiji conto golonganana menengah ka luhur, nyaeta nu ngaku priyayi, abanngan, gedongan dina kakuatan mimpinna heuteu masagi meureun labil. kunaon sababna maranehna kadang-kadang jadi pimpinan anu kapaksa / maksakeun hayang jadi pimpinan. Tah ieu nu disebat pamimpin karbitan (lamun buahmah asakna dikarbit). Pamimpin asak dikarbit biasana nginjeum jati dirina anukakait jeung dulur deukeutna / katurunanana ( anu can pungguh tangtunganana boga elmu jeung bisa pimpin). Hiji conto abah bus karismana miluan bapana jeung beunghar deui, pantes wae da gaduh usaha minyak. Baktos Yan NYC On Sunday, March 6, 2005, at 08:58 PM, asep suhendra wrote: > > Haturan Baraya....., > > Ieu Aya Kasauran ti Pupuhu Ais Pangampih; > > Naha leres urang Sunda teu Boga Pamingpin...?, lamun teu boga naha > perlu atanapi henteu?, lamun perlu kudu kumaha atuh...?, atanapi kudu > nutupan mata sabeulah? > Naha bener urang sunda Pluralisme...? > > Kadang sim kuring boga pertanyaan keur sorangan, naha kubur bae kitu > sipat-sipat kasundaan kuring, rap di baju ku pakean > nasional-Internasional anu geus teu kudu mikiran saha pamingpin > sunda, naon kalemahan kisunda? tapi da hate tetep beunta, kudu ngiluan > sabisa -bisa..., ngan kuringmah embung cape meakeun waktu keur mikiran > kunaon urang sunda loba kalemahannana, kuring mah hayang meakeun waktu > keur mikiran kunaon sabagian urang sunda ayeuna geus loba anu motekar > bisa ancrub kana anu disebut "Dunia yang menyeramkan" kalayan bisa > kompetitif. > > Boh bilih tulisan ieu kantos di postingkeun, hapunten anu kateda, di > ignore bae..he..he.. > > Baktos > > Asep-oeking-FL > > > KUDU ROBAH PARADIGMA, ULAH NGAWAWAAS MANEH BAE > > Dicandak tina Majalah Mangle > > Memang euweuh pamingpinna Sunda mah, saur Kang Tjetje Padmadinata > tandes. Beda jeung Sunda Uum, ari Ki Sunda mah unsur kualitatip saur > Kang Tjetje saterusna. Saperti di Jepang contona, aya kolompok anu > disebut Samurai, ceuk istilah Arnold Toynbee mah "the inner creative > ferment of the society", lamun uyah rasa asinna, lamun gula rasa > amisna. Eta Ki Sunda. Samurai mah boga tata niley nu jentre, tepi ka > palanggaran etika leuwih beurat batan palanggaran hukum. > > > Mun aya anu kanyahoan teu boga cedo, teu boga etika, dihukum pati ku > dirina pribadi, anu disebut hara kiri tea. Duka tah ari di kalangan > urang Sunda, boga atawa henteu tata niley. Kudu puguh ukuranana ari > manusa moderen mah. Kang Tjetje ngangken sok heureuy tapi teu > heureuy, hirup teh ulah ngaleuwihan Gusti Allah. Tuhan Maha Adil teh > make aksara gede, Allah nyadiakeun sawarga keur nu adil, naraka keur > anu goreng. Jadi, nurutkeun Kang Tjetje mah eta teh tata niley, mun > ditarjamahkeun, kudu puguh, mana ganjaranana, mana penalti > hukumanana. Ieu tata niley. Hususna urang Sunda, sim kuring anu teu > panuju ka nu asal Sunda, saur Kang Tjetje saterusna. Derekdek > ngadongengkeun saurang mitra Sunda ti kalangan tentara anu jaman > baruntakna PKI Muso di Madiun, pangkatna Letnan keneh. Salah saurang > logojo PKI nyembah-nyembah menta supaya ulah dipaehan, sanajan jelas > dosa jeung kasalahanana. > "Aduh Pa, abdi mah ulah dipaehan Pa, abdi mah urang Sunda": pokna > melas-melis. Pa Letnan molotot sewot. > "Ah, komo sia urang Sunda, ngerakeun siah!" dor...dibedil tepi ka > hanteuna. Tah ieu tata niley, kulantaran manehna jelas urang Sunda > nu geus murtad, gede dosa, dihukum. Jadi nu disebut ulah > ngaleuleuwihi Gusti Allah teh di dinya. Kudu aya reward & Punishment > di kalangan urang teh. Ari kakurangan urang, can boga Sundaismeu > urang mah. Rewuan taun Bani Israel berjoang, tepi ka ayeuna aya anu > resep aya anu ceuceub, tapi perjuanganana teh puguh, Zionismeu. Di > Sunda mah nu disebut Sundaismeu teh Multi-Polar, Multi pilar, > hakekat Sunda nurutkeun Kang Tjetje memang pluralistik. Urang Sunda > komunitasna henteu ngawangun aseupan nangkub anu bogaeun puncak, > figur pamingpin tea anu pantes dijadikeun panutan. Luyu jeung > simbulna, Sunda mah gunung Tangkuban parahu anu puncakna datar atawa > rata kumaha tea parahu nangkub, moal jiga aseupan nangkub. Eta > sababna Sunda Pluralismeu. > > Robah Titincakan! > Kriteria Sunda nurutkeun Kang Tjetje, aya anu disebut Sunda Pulitik > diwangun ku Sunda Nagara, Sunda Budaya Sunda Usaha. Masing-masing > anteng di dunyana, nu ngagem paham republikanisme demokratik anteng > ngawangun "civil society" (pencerahan berpikir masyarakat, > pemberdayaan masyarakat). Nu ambtenarisme kitu deui, sibuk pakepuk > ngeusian posisi-posisi penting di pamarentahan, akibat tina sistim > Pelita (material-ekonomi), jadi leuwih sibuk ngahontal > komersialisme-merkantilisme pribadi. > Gambaranana jelas, teu baroga deui rasa sabilulungan. Malah lantaran > giung ku dunya, ahirna jadi paroho kana berjuang ningkatkeun harkat > katut darajat Ki Sunda. Jajauheun nulung bantu ngaraharjakeun seke > selerna di lembur matuh mah. Ti dieu beuki eces katingal, teu aya > anu pantes dijadikeun figur pamingpin jeung panutan. > Naha elit Sunda geus tepi ka tahapan manusa moderen anu leuwih loba > nyawang pikahareupeun batan nyoreang wae ka tukang? Nurutkeun Kang > Tjetje keneh, elit Sunda kiwari tacan aya anu tepi kana tahapan eta. > Mindeng jeung loba keneh anu resep ngawawaas maneh ngumbar kakelar, > bulak-balik nyaritakeun nu baheula, angger dina titincakanana anu > baheula. Kulantaran kitu kudu geura robah paradigma atawa > titincakan. Tapi lain hartina kudu mopohokeun sajarah. > Sunda memang ngalaman jaman kajayaan, kudu diaku. Tapi Tjetje > Padmadinata, nu pantes disebut penganjur modernisasi nyebatkeun, eta > mah milik karuhun urang, Galuh jeung Pajajaran. > Ayeuna anu penting, ti poe ieu ka hareup urang dipentes kudu ngukir > prestasi. Jadi, urang Sunda ulah ngagugulung bae kahayang, ulah > ngawawaas maneh bae, kudu galib jeung IPTEK. Tapi ieu oge lain > hartina nganomer duakeun iman jeung takwa ka Allah, saurna. > Miang tina sajarah, lempeng neuteup ka hareup geusan ngangsrodkeun > harkat martabat Sunda oge kudu jeung modalna ti mana, naon bae > sarana jeung prasaranana, sistimna kudu kumaha, jeung saha bae > figur-figurna, geus puguh ari udaganana mah, da samistina boga > target anu tangtu. > Pandangan-pandangan jeung pamanggih ti sakur anu hadir dina riungan > di Mangle poe eta kacida marunelna. Upama nyutat kasaurang AA > Gymnatsiar dina kuliahna memeh buka puasa, upama seug eta pamendak, > pamadegan Jeung pemikiran anu beda-bada teh heug digumulungkeun jadi > hiji, bakal jadi wawangunan anu kacida kokoh kuatna, tohaga. Mun > dilarapkeun kana perjuangan Ki Sunda, eta wawangunan teh pastina ge > Sunda Jaya tea.[MANGLE: 13-19 Oktober ] > > nhrs > > > ng-undang--- > > > > > > --------------------------------- > Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday! > Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Please visit http://www.silatbooks.com/ http://www.silatpdusa.com/ Please write [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
