Baraya,
 
Kulantaran disebut-sebut Gn. T. Parahu, pakait jeung jejer padungdengan ieu, 
jadi inget kana hiji wangsit anu pakait, ceuk cenah jeung visi kapamimpinan US. 
Keun bae ngalieuk ka tukang saeutik, apan perlu sajarah teh.
 
Hiji wangsit di US, unina kieu: 
"Geura pek nyaneh bubuara di lengkob Tangkubanparahu
Lamun geus tepi kana uga, maneh ka dinya di bawa ku ratu tutug panata
Keur sakalieun ngalungsar bari bebenah panarima, kaula nitip ieu domba
Piara sakumaha mistina jeung pernahkeun di Sangga Cakrabuana
Jeung tihangan ku ruyung anu tujuh
tah engke bangbaluh anu ngabiruyung baris sirna bareng jeung jola kalohjinawian"
 
Ceuk anu ngaguar wangsit, bisana ngawuju gaya kapimpinan model G. T. Parahu 
-anu lain piramida teh-upama visi pamimpin teh visi karakyatan tea. Anu mimpin 
atawa anu jadi "ratu" (kulantaran elmuna geus tepi bari jeung integritasna 
luhur, singketna: anu geus tepi), anu tuluy balik deui  ka handap (nutug) da 
inget ka balarea tea. Balik pikeun nata kahirupan babarengan. Tah anu mawana 
kadinya eta ratu tutug panata.
 
Bisana kadinya, kusabab anu diurusna rakyat, lain program nu boga gadean. 
Rahayat anu sok disimbolkeun salaku domba. Da ari domba mah kumaha anu 
ngangonna bae: diadukeun nya diadu, diingkeun sina ngajarah kebon batur, nya 
ngajarah kebon batur; atuh dipiara bae jadi kurban anu mulia, nya jadi hewan 
korban. Tapi ari ku "ratu tutug panata" mah domba teh ditumuwuhkeun jadi domba 
emas, jadi aya karatan, aya siihan, jadi boga komara, dihargaan.
 
Sangkan jadi domba emas tea, program anu nyoko kana mulasara jeung 
ngaronjatkeun ajen-inajen rahayat teh kudu jadi program utama, jadi udagan pang 
luhurna, udagan kahiji, udagan salawasna. Numatak dipernahkeunana  oge dina 
misi pang luhurna, siga nempatkeun barang anu luhur ajenna di puncak gunung, di 
sangga cakrabuana tea. 
 
Tapi program teh lain ukur jualeun usum kampanye. Enya sanajan jadi udagan pang 
luhurna, dina prak-prakanana oge kasaksian dina kahirupan sapopoe. Apan 
saminggu teh 7 poe tea, jeung sarerea butuh ku anu tujuh. Anu tujuh teh tihang 
anu kuat tea, siga ruyung. Enya program karakyatan teh upama dilaksanakeun 
sapopoe siga ditihangan ku ruyung anu tujuh tea. Nya kudu puguh akuntabilitas 
jeung kadalina.
 
Piraku sugan, ana geus kitu mah, pangersa anu Maha Kawasa oge nyarengan. Da 
mungguh kitu janjina, jeung kitu sunnatullohna. Upama miara nu leutik, tangtu 
baris ditangtayungan ku anu Gede. Kalohjinawian baris datang bareng jeung 
sirnana bangbaluh.
 
Manawi, kitu oge.
 
baktos,
manAR
 


sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Asep sareng baraya .....

Macaan artikel Mangle tos jelas symbol pimpinan US aya di gunung 
Tangguban Parahu sanes piramida kunaon sababna.
Tangkuban parahumah symbol asli kakuasaan rahayat ti rahayat ieu anu 
bakal jadi kakuatan pamimpin US, ieu datang ti jalma _jalma anu 
sangsara nepi kanu
golongan menengah.

Ti jutaan US "teu kabeh boga jiwa pundungan"...jeung sifat-sifat 
negative anu dijadikeun kagorengan anu bisa dimamfaatkeun kasempatan 
jeung kesempitan
ku urang deungeun. Tapi memang ulah nigali katukang urang pernah ria/ 
agul / jaya / beunghar / raden /ningrat jeung sajabina, NU PENTING 
NYATANA AYEUNA
KEUR KAHAREUP. Memang bener sadar IPTEK kedah dinomorsatukeun lamun 
urang hayang maju kahareup lain mundur katukang (contona nagara urang 
implasi  hartina kuduna  bangsa maju jeung makmur, malih  mundur 20 
tahun katukang janten nagara katilu deui).

>
>
>             
> ---------------------------------
> Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
>  Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke