Seueur geuning nu bisa kaala tina kaalusan urang minang oge urang jawa.  Hiji 
deui kaalusan urang minang jeung jawa nyaeta mun jadi tokoh nasional da teu aya 
rasa kagok ngajungjung kaminanganana jeung kajawena. Eta we katingal tina 
realitas Gebu Minang jeung Dewan Penyantun Keraton Surakarta waktos kahuruan. 
Ret kana TV ningal kaayaan karaton Kanoman, Surasowan Banten matak, lah asa 
seueul hayang ngabantuan tapi teu walakaya. Rek ngagorowok ka inohong da teuing 
atuh naha aya kitu inohong, tokoh nasional urang sunda? Ceuk Mang Ayat mah 
urang sunda mun jadi pangagung/tokoh nasional hartina manehna eureun tina 
kasundaanana. Sarkastik? duka teuing tapi asa realistik nya?
 
salam
tirta
 

oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sapuk Kang, rarasaan mah memang asa leuwih loba surupna antara US jeung UM 
(urang minang) teh. Boh dina soal rasa kadaharan (selera), kaayaan alam 
(tangtuna oge mangaruhan kana aspirasi ngokolakeun lingkungan hirup), kasenian, 
jeung nu sejenna.

Dina soal kadaharan, pangaruh tina loba cabe, kalapa, jeung hawa tiris umumna 
anu katingal mah. Resep kana sabangsa laladaan, pasakan anu make cipati, jeung 
haraneut, kitu lah. Muhun, kaayaan alamna sami, seueur gunung parentul jeung 
pasir-pasir ngajalegir. Alamna sarua endahna. Atuh musik (naon teh ? kalimpung 
tea namina), nyakitu, sok ting seredet hate ari miresep soran musikna teh, eta 
anu sarupa bonang tea.

Ngan nyakitu, aya tips....hehehe...siga TQBS..., sigana upama hayang rada 
manjang sosobatan atawa ngahiji (dina rumah tangga), urang kudu 
silih-pikanyahokeun watek adat masing-masing. Utamana, soal saklekna UM, poma 
pisan ulah dilayanan ku "pundunganana" US, matak kaelehkeun bae. Tapi, anu 
langkung mikawanoh kiatna mah tangtu bae Kang Hendra (kamurer), anu dumuk di 
Bukittinggi tea. Mangga Kang geura guar.

Baktos,
manAR

ma_wardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

ari ceuk abdi mah ,  urang sunda jeung minang asa cocok lah , di bandung oge 
abdi se eur ningal rerencangan urang padang nu sakola di dieu, kapelet ku 
mojang priangan, alhamdulillah kulawarga na , akur serta harmonis.

(walau kantos oge , aya kadongengkeun , kolot2 sunda di die, nyaram budak na 
didekeutan ku pemuda minang, ceunah mah, bisi dikawinkeun deui di ditu jeung 
pilihan kulawarga na , tapi eta mah jaman baheula aya oge pendapat, ari jeung 
lalaki minang mah , mangga teu nanaon, tapi upami jeung gadis minang , rada 
diomatan, kumargi aya kasieun eta istri teh, rada dominan di keluarga , ku 
sabab adat matrilineal )

di perkawis makanan cocok oge tah, masakan padang ( nu nikmat tapi seeur 
kolesterol/lemak ) di kombinasikeun jeung asakan sunda nu sehat (seeur sayuran 
segar ) , jadi masakan nikmat anu sehat.Di sababaraha restoran abdi ningal aya 
oge tah menu campuran kitu. 

perkawis musik, melodi cianjuran , alunan nada na , mirip pisan sareung saluang 
di seni minang , sami2 nganggo suling/saluang

perkawis ka ayaan alam, alam dataran tinggi priangan nu sejuk udara na, hampir 
sami pisan sareung ranah minang nu aya di dataran tinggi oge  ( cobian geura 
ameung ka ranah minang , ameung ka dataran tinggi kabupaten agam, rarasaan teh 
asa di garut wae , bukittinggi teh tiris na hampir sami sareung cipanas  
cianjur atau lembang )

mun maenbal oge, upami semen padang di adu jeung persib di stadion siliwangi, 
teu kantos tah , aya restoran padang anu dibaledokan ku bobotoh persib ( da mun 
di baledokan, ngkeu rek dahar kamana deui atuh ? )

di bandung memang sababara mesjid nu ageung teh, dirameukan ku urang minang , 
mulai ti istiqomah nu sarepuh , mujahidin lodaya tempatna muhamadyah sampe ka 
mahasiswa minang di mesjid salman ITB.

sababaraha tokoh ulama di bandung oge, masih keturunan urang minang spt alm 
Rusyad Nurdin ( Istiqomah ), Irfan Anshori , aminudin soleh, muslim nurdin jrrd.

beberapa tokoh bandung , katurunan minang sunda sapertos ; alm Endang saefudin 
Anshori ( cucu Isa Ansyori , tokoh masyumi ), alm Harry Roesli ( cucu Marah 
Roesli pengarang roman siti nurbaya ). 

Pergerakan Islam Persis di jl pajagalan bandung, kapungkur na, sempat 
digerakkeun oge ku alm Muhammad Natsir
kitu oge sababara organisasi islam jeung kegiatan sosial lain na.


sakitu heula pendapat sim kuring

salam baktos

Alma Wardi

--- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Rumasa can ngajaran pagilinggisik atawa sosobatan lila jeung urang 
minang, jadi heunteu pati aya anu bisa dicaritakeun. Kituna teh 
meureun pedah rada taki-taki da kabejaan ku ki lanceuk: "ulah deukeut 
teuing jeung urang minang, lalicik", saurna. Tapi da teu kitu 
sadayana geuningan.




---------------------------------
  Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! 
Download Messenger Now

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke