Aeh, nyaan Ki Hasan mah daria jeung nyosok jero atawa radikal tea. Sigana, meh 
sagala dimimitian tina akarna heula (radic). Atawa, siga salah sahiji acara 
radio di Bandung, "kata dan makna" anu nyutat kalimah wijak: "Dina awalna 
sagala rupa oge eta teh kecap". Jadi pipilueun nanya si kuring yeuh, enya cik, 
naon atuh ari anu disebut "buku" teh? Rumasa, teu apal nanaon kami mah. 
 
Arek neruskeun heula naon anu geus dimimitian ku Ki Hasan, yen ceuk cenah BUKU 
teh sapada jeung KITAB dina basa Arab. Seug sapuk Ki. Upama kitu, ngarujuk kana 
medan makna anu digunakeun dina ayat-ayat Al Qur'an, kecap "kitab" teh kacida 
sentralna. Anu katara pisan, kecap "kitab" digunakeun dina ayat-ayat munggaran 
surat kahiji Al Qur'an: "Al Kitab"...nuduhkeun "buku" anu tinangtu atawa lain 
sabuku-bukuna, nyatana Al Qur'an tea numutkeun katerangan ahli tafsir mah.
 
Laju aya sababaraha rupa kitab. Aya kitab paragi nuliskeun naon rupa anu baris 
kajadian, kitab indung tea (ummul kitab). Memeh kajadian teh dituliskeun heula 
dina kitabna...Ieu katangtuan anu sifatna masih bisa dirobah (ceuk cenah, 
gumantung usaha manusa, hade atawa goreng, kaasup ti anu ngado'keun). Ieu 
nuturkeun hiji do'a :"...wa in kuntu 'indaka fi ummil kitaabi saqiyyan 
faj'alnii saiidan": "...jeung sakirana di sisi Anjeun (Gusti) dina kitab indung 
teh aya (geus dituliskeun) picilakaeun (keur jisim abdi), mangka mugi 
ngajadikeun (eta papasten) sawatara teh (diganti ku) kabungahan". 
 
Eta penggelan do'a diluhur anu dumasar kana salah sawios ayat Al Qur'an teh 
jadi pangrujukan hiji konsep dina bab taqdir, anu disebut Al Bada tea. Jadi, 
kitab atawa buku teh kacida pentingna ku urang diperhatikeun. Salah sahiji 
fungsina, pikeun nuliskeun taqdir anu teu acan wekasan (teu acan final atawa 
ghoer makhtum tea).
 
Laju aya kitab ngeunaan catetan amal, boh hade atawa goreng. Satiap jalma 
mibanda buku anu sewang-sewangan. Buku anu hade engke katampina ti palih 
katuhu, sedengkeun buku anu goreng baris katampi ti palih kenca. Kukituna 
dianjurkeun, mangsa panangan diwasuh nalika abdas, digerenteskeun abdas hate: 
"mugi Gusti maparinkeun buku catetan amal abdi ti palih katuhu" (nalika 
ngawasuh panangan katuhu), sareng "mugi Gusti heunteu maparinkeun buku catetan 
amal abdi ti palih kenca" (nalika ngawasuh panangan kenca). Hiji do'a anu oge 
kalimah-kalimahna dicutat tina Al Qur'an.
 
Laju, sagala rupa geus dicatet dina kitabna sewang-sewangan. Ceuk Covey...anu 
siga ngabenerkeun Al Qur'an, sagala rupa eta diciptakeun dua kali. Anu kahiji 
dina sawangan, anu kadua nalika gelar jadi pagawean. Anu dina sawangan teh 
sabenerna nyata oge alias real, ngan make alamna alam sawangan. Alam amtsal 
meureun ceuk buku Kasepuhan anu ti Kang Rudy mah. Unggal poe, malah unggal 
waktu, sabenerna urang keur nulis buku. Buku ngeunaan naon anu seja dilakukeun, 
anu engke ajenna dicatet oge dina buku. Buku, tetela sentral pisan keur 
kahirupan urang.
 
Kulantaran kacida pentingna ajen jeung lalakon buku, tepi ka anu tos darugi 
mah, nalika seja nuliskeun hiji guaran penting teh heunteu ditungtut migunakeun 
uteuk katuhu, dicicil ari inget atawa lamun geus kapikiran. Tapi, ceuk cenah, 
satemenna jero alam khiyal aranjeunna geus aya buku cutateun...buku anu sarupa 
jeung engkena anu dihasilkeunana. Enya sigana, sarupa layar monitor anu ku 
urang keur disalin upama milarian bahan tina website di internet. Kacaturkeun, 
Syek Al Akbar anu kamshur salaku tokoh tasawuf, kungsi nyarioskeun 
pangalamanana waktos ditaros kumaha carana nyeratkeun buku-bukuna anu jadi 
master piece dunya tasawuf. Anjeunna ngawaler, da kami mah kari nuliskeun tina 
bukuna anu tos dipaparinkeun ku Rosululloh saw ngalangkungan impenan. 
 
Pon kitu deui....Al Qur'an anu sagemblengna, ceuk cenah, turun kana tangtungan 
Rosululloh ngarupakeun buku, anu engke...lahirna gumantung kasangtukang 
kajadian anu merlukeun kana tiap eta ayat Al Qur'an (asababun nuzul tea). Sabab 
cenah, ceuk surat Al Qodr oge, Al Qur'an mah geus turun (sakaligus), sedengkeun 
peutingan qodar mah lumungsur tiap taun. Anging Alloh anu uninga.
 
Anu jelas, hirup teh tetela dimimitian ku buku. Sabagean gedena buku jieunan 
urang keneh, sabagean deui buku anu eusina geus tinangtu, geus moal robah, 
saperti buku catetan ngeunaan yen urang teh hirup salaku manusa, hirup teh 
baris papanggih jeung maot, jst.  Tapi , anu sabagean gedena mah estuning 
kalakuan urang, ti urang, ku urang, keur urang. Teu aya anu laku dolim ka diri 
urang anging urang-urang keneh. Gumantung bukuna sewang-sewangan. Gusti, aya ku 
hariwang. 
 
Kumargi kitu, meureun harti lain tina buku teh nya hancaeun tea, garapeun laku 
kahirupan. Buku, taya lian ti penggelan-penggelan lalakon kahirupan. Buku teh 
keur diwangun, disusun tina bagean-bageanna anu sabenerna geus aya gambaranana. 
Sapanjang hirup eta lalakon nyusun buku. 
 
Lebah anu akhir ieu meureun jadi harti sejen tina buku, nyatana ruas tea. 
Tangkal awi disusun ku ruas-ruasna, ku buku-bukuna anu ti leuleutik ngereuyeuh 
nambahan saeutik-saeutik, lila-lila teu karasa, awi teh bet geus jangkung. 
Upama awi anu jangkung ngalanglaung teh dipotongan dumasar buku-bukuna...tetep 
bae awi kasebutna. Siga melak awi meureun nya Ki Hasan, garapan urang di 
internet teh? Cag heula nya, bisi tambah panjang ngacaprukna. Ngan harepan mah 
muga-muga buku urang teh buku amal kahirupan anu sae, anu dipaparinkeun ti 
palih katuhu tea.
 
baktos,
manAR
 
 
 
  
 
 
  
 
 


Ki Hasan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, 
Upama ka urang aya nu nanya, naon ari nu di maksud
BUKU? Cing naon kira-kira jawabanana? Enya nu dimaksud
teh buku alias KITAB tea. Cing pang jawabkeun. Tapi
teu kaci make rujukan sagala rupa. Ieu mah estuning
harti buku orsinil numutkeun pribadi masing-masing.
Naon atuh ari nu disebut BUKU teh?

Pasti aya nu tumanya, keur naon kuring nanyakeun harti
buku sagala. Duka teuing kunaon, tadi sore, ujug-ujug
aya  kahayang jiga kitu. Keun wae engke deui
didodengkeun kasang tukang bijilna eta pananya teh.
Ayeuna mah, cing pang jawabkeun we heula. Naon ari nu
disebut BUKU teh?

Salam,
MH


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


            
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Small Business - Try our new resources site! 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke