Katarimakeun Kang Kumi...seug sigana geus waktuna deui ieu jejer makalangan 
kaduakalina. Keun...sina katohyan, mana anu bener, jeung mana anu salah. Ceuk 
paribasa oge:"urang bisa ngabohongan hiji jelema sapanjang waktu, oge bisa 
ngabohongan sakabeh jelema dina hiji mangsa, tapi  moal bisa ngabohongan 
sakabeh jelema salilana".
 
Paingan atuh, boro-boro ngabeayaan pikeun nyukcruk sumber-sumber naskah kuno 
data sajarah sakabeh seler anu, ceuk cenah, patulayah di LN, dalah data anu 
geus kapanggih oge, teu dibaca heula, langsung ditolak....da cenah mustahil 
eusina kitu. Alieung...bebeneran aya ku hese-hese teuing ebrehna. Leuh kumaha 
engke lamun bukuna anu ceuk hiji sumber ditulis ku "pelakuna" pisan kapanggih? 
Naha aya? wallohu 'alam, ceuk beja mah aya ngan teuing dimana.
 
Aya hiji pituduh anu inget bae, keur gapura asup kana panalungtikan. Pikeun 
saha bae anu mikaangeun kana bebeneran sajarah, kapanggih basa ngulampreng ka 
museum patilasa karajaan Majapahit di Trowulan, Jawa Timur. Nalika ngilikan 
silsilah raja-raja Majapahit dina kar silsilah anu ngahaja dipasang di salah 
sahiji rohangan di eta museum, aya anu aneh. Eta lebah tanda buleudan jeung 
panah (O->) anu nuduhkeun (simbol) lalaki jeung tanda buleudeun jeung + (O+) 
anu ngarupakeun simbol awewe dina pancakaki silsilah tea, dipabaliutkeun. 
Sakabeh ngaran anu make "Dyah" dina eta silsilah teh make simbol O+ anu hartina 
awewe. Na atuh, lebah nami Dyah Lembu Tal anu ngarupakeun kolotna Rd. Wijaya, 
raja Majapahit anu munggaran, simbolna teh O->. Naha bet kitu? Naha teu malikir 
ahli sajarah teh kana balukar eta padamelanana anu sacara kaelmuan teu bisa 
ditanggel?
 
Ceuk NW, tah eta ramana Rd. Wijaya teh nya Rd. Permana tea, putrana atawa 
katurunan langsung ti Prabu Darmasiksa, raja Galuh-Sunda mangsa harita. 
Sedengkeun ibuna nya Dyah Lembu Tal tea (anu sakuduna dina silsilah di luhur 
make simbol O+), katurunan raja Singosari tea. Kitu oge lamun aya karep 
mulungan tina naon anu kapanggih ku seler sejen. Kumaha saterusna carita pangna 
Rd. Permana nikah katurunan wetan jeung naon amanahna Prabu Darmasiksa ka Rd. 
Wijaya basa anjeunna munjungan ka eta akina teu lila satutasna dilantik salaku 
raja kahiji di Majapahit, aya sadayana dina NW. Kusabab eta amanah dilanggar ku 
Gajah Mada (GM) anu geus kaiket ku sumpah palapa....nya kajadian "perang" bubat 
anu tos seueur pada mafhum.
 
Ceuk sumber sejen, ti lengkob gn. t. parahu tea (komo anu ieu mah meureun moal 
dikomentaran-komentaran seutik oge ku "ahli" sajarah teh), anu disebut palapa 
teh satemenna lain sabuah-buahna, lain kadaharan, balikta simbol tina wanoja 
tea. GM dina sumpah palapa ngabewarakeun yen inyana "moal nuang buah 
palapa"-hartina moal nikah-samemeh bisa ngahijikeun sanusantara dina 
pamarentahan/kakawasaan Majapahit. Nya atuh da GM teh lalaki normal, geus 
kasedek ku kahayangna, sedengkeun kawijakan raja-raja /karajaan Sunda ti 
baheula sarua: moal dek ngajajah jeung moal daek dikawasa ka/ku karajaan mana 
bae oge. Nya nyieun akal, eukeur mah aya jalan komo meuntas tea ku aya 
kahayangna Raja Hayam Wuruk ngadahup ka Dyah Pitaloka. Nya kajadian naon anu 
geus kajadian. 
 
Cag heula.
 
Baktosna,
manAR
 
 
 


kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Masih ngeunaan bedah buku minggu kamari, nyanggakeun artikel ti PR
jeung jalaloka Perpusnas.

jk

------------------------------
LAPORAN UTAMA
Sabtu, 12 Maret 2005

Naskah Wangsakerta Dalam Polemik yang Dibangkitkan
**

SELURUH polemik inilah yang dicatat dan dibukukan oleh Edi S.
Ekadjati. Dalam buku "Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta" ini
termaktub seluruh tulisan dalam bentuk artikel, opini,
makalah-makalah, reportase, hingga surat pembaca di seputar kontoversi
dan polemik "Naskah Wangsakerta". Dari buku inilah dapat ditelusuri
bagaimana polemik itu berlangsung dengan argumen-argumen dari pihak
yang berseberangan.


Di lain pihak Ayatrohaedi mengatakan bahwa selama ini tak ada
argumen-argumen baru yang datang dari mereka yang memandang negatif
"Naskah Wangsakerta" selain hanya sebagai penolakan. "Justru buat saya
bukan persoalan menolak atau menerima. Saya ingin menjadikan
berita-berita yang ada dalam naskah itu dijadikan modal untuk
penelitian lebih lanjut. Itu yang selalu saya katakan. Sebaliknya saya
tidak pernah mengatakan bahwa "Naskah Wangsakerta" itu benar,"
katanya. (Ahda Imran).***


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke