--- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Alhamdulillah tah geuning tos norojol Kang Maman tos
> diantos ti enjing keneh.....! sim kuring sareng Kang
> Hasan (Ki Hasan/KH atanapi Mang Hasan MH, mana anu
> bade dianggo ieu teh?) 

Hehehe, numana wae Kang saena. Eta puguh Kang, pedah
ID teh aya merek garut-an, jadi sering aya nu ngudag -
ngudag, upama pangangguran ngalanto ka YM. 

> Jejer BUKU teh sanes dipungkas panginten nya Kang?
> Tapi di kembangkeun kana "Cara Nulis Buku" sareng
> "A4 atanapi 4A (ti Kang Oman)" tea keur bahan nulis
> buku tea, kukitu Kang Mana kapeto kanggo ngabejer
> beaskeun sajelas-jelasna perkawis Alam Alit Alam
> Ageung (4A) tea. Posting tadi ti Kang Maman mah
> raraosan loncat langsung kana conto Alam Ageung,
> janten teu ka teureuy eung... he... he... 

Leres Kang, teu aya niat ngawatesan, pungkas-pangkas
sagala. Da maksudna oge seja diajar IQRA, sugan bisa
maca BUKU. Nya terus aya patarosan, ari BUKU teh naon?
Geuning teu disangka eta pananya kuring teh, tiasa
diguar. Alhamdulillah, geuning enya sigana mah US teh
sok resep nyumput buni di nu caang. Tah ari dikorehan
mah, geuning dibarahas. Kuring mah seja ngeundeuk -
ngeundeuk we, sugan we tiasa mulungan.

> Kang Hasan, Alam Alit Alam Ageung (4A) panyus oge
> kanggo jejer (tofik) buku Kang Hasan mung judul
> kedah langkung piucertistik tapi eusina mangrupi
> restore tina 4A tea anu tos katutupan ku daun
> handeleum paragi nyokot jeung ninggalkeun.

Ari eta nu disebut Alam Alit Alam Ageung (4A), jiga nu
sok disebut microcosmos sareng macrocosmos (MCMC) tea
kitu? Kumaha tah kasang tukangna, naha 4A lahir sabada
MCMC atawa sabalikna? Atawa memang lahir paralel,
masing-masing teu aya gantar kakaitanana? Hehehe jadi
seueurnya patarosanana.

> Kang Maman, hapunten ieu sanes nyanyahoanan kana 4A
> tea manawi sami sareng anu aya di Kang Maman
> pangemut sim kuring mah Alam Alit Alam Ageung teh
> nyaeta misteri anu kedah ditaliti sareng upami tos
> kapendak kedah dikokolakeun supados mangfaat atanapi
> gadung nilai positif. Naon atuh 4A teh? Alam Alit
> nyatana misteri anu sumurup/nyirorot kana diri urang
> sorangan, geuning aya istilah nyungsi diri. Contona:
> jawaban tina patarosan, saha ari KURING teh?
> Sedengkeun Alam Ageung misteri anu ku urang kedah
> disaliksi kanggo nempatkeun diri (urang) diantawis
> papada urang, hewan, tutuwuhan, mahluk lainna, alam
> jrrd, supados aya dina kasaimbangan/selaras. 
> 
> Ari Gaya anu opat teh guaranana kumaha Kang Man?
> Pakait henteu sareng 4 unsur (anu ka-5-na teu acan
> dibuka?) anu ti Kang Yan jago silat ti NY atanapi
> formulasi ti Kang Eki anu pilieureun, sareng kumaha
> urut-urutanana supados malapah gedang tur gampil
> digayeumna.
> 
> Wassalam,
> dudi_ss


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke