--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bagea Kang, tahe geuningan tos dikawitan. Teu > katempuhan buntut maung, teu sing, Kang, ari ku anu > sayogi mah pedareunana, sakumaha parantos dikawitan. > Jeungna deui, apan ieu mah maungna oge estuning > pikaresepeun, wibawaan tea. Mangga, diantos terasna. Bagea Deui Kang Oman, Kang, "buntut maung" na mah tos dileupaskeun ku sim kuring, atuh dulur-dulur kantun "newakan" wae nya sewang-sewangan, mung kitu Kang, sim kuring pangapingkeun-pangjaringkeun, bilih, sakali deui bilih, eta maung nu tos leupas teh "ngelegleg" sim kuring pedah taledor atanapi ujub ria takabur. hatur nuhun. > Ngiring mairan sakedik, ngeunaan gaya anu 4, upama > teu salah ingetan, juragan Abdus Salam ti Pakistan > sanes anu ngaringkeulkeun eta 4 gaya teh. Kang Irfan > Anshory ti Salman itb kungsi ngaitkeun ieu gaya anu > opat teh salaku tafsir tina surat An Naaziiaat (Al > Qur'an), utamana 5 ayat anu munggaran. Mangga Kang > lajengkeun pedaranana. Duka kunaon Kang, simkuring teh ayeunamah osok katerap ku OOPATEUN, cobi wae emutan, "hukum" opat teh geuning aya dina ilmu ekonomi makro, nyaeta ISLM, Investasi=Saving pasalingsingan/berpotongan sareng Liquidity=Money. Opat. ** ieu pakait sareng patarosan Kang Ilen Kardani ti payun nu kantos naroskeun "naon sababna di urang suku bunga teh meni ka 17% benten sareng di nagara nu sanes" ** Balik deui ka 4 gaya, magnet, gayakuat,gayalemah sareng gravitasi. contoh dina gaya megnetisme, Kunaon sababna upami aya dua magnet, upami muatanna sami(sejenis) tarik menarik, upami benten (berlawanan) saling tarik menarik ? Padahal pan teu ketingal (goib) naha bet kitu ? ** goib didieu dihartoskeun teu katingal ku mata bungkeuleukan ** Aya efek tapi teu katingal nu nyebabkeun efekna. Tah dina fisika mah desebatna "force carrier particles" atanapi partikel numawa gaya/kekuatan/force disebatna photon. Janten, magnet nu ngandung elektron sareng proton teh gaduh muatan(charge), jadi kulantaran kitu tiasa ngaluarkeun atanapi nyerep partikel numawa gaya. Tah kukituna listrik sareng magnet tiasa bolak balik (dekok), listrik tiasa ngahasilkeun magnet, kitu deui magnet tiasa ngahasilkeun listrik. PUNTEN Kang... bade jumaahan heula. cag. > Ngeunaan bab papasangan, satemenna parantos dijamin > ku Al Qur'an, rupina teu acan kapendak bae. Aya deui > informasi anu matak reueus ka aranjeunna, jalmi > sholeh. Salah sawios putu Rosululloh saw, anu > katelah Imam Zaenal Abidin ina hiji do'ana > nyabit-nyabit yen popoekan (kegelapan), sakumaha > cahaya, eta ngabogaan beurat, diebrehkeun nalika > anjeunna jumeneng, kl. abad ka 8-9 M. Dina abad ka > 20 kabuktian ku lajuninglaku rumus Eistein, yen > cahaya teh geuningan leres ngabogaan massa (beurat), > sakumaha kamashur dina rumusanana E = MC2. Tah > geuningan, kantun beurat poek anu kedah dipilarian. > Kukituna, si kuring yakin yen gaya gravitasi oge > asana kudu mibanda papasanganana. > > Cag heula kalawan ngantos pedaran salira saterasna, > ngeunaan patalina antara 4 gaya anu nyusun alam ieu > sareng 4A. > > Baktos, > manAR __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
