Akang-akang sareng Eceu-Eceu... yu atuh urang kawitan
soal urang Batak...

Sim kuring gaduh sobat urang batak waktos kuliah di
Makassar, margana Simatupang. dupi dedeganana mah
biasa we sapertos urang batak sanesna, rada 'kekar'
sareng 'kereng' tapi soal persahabatan, asana mah moal
aya nu ngelehkeun. Pami aya masalah nu kaalaman ku
sobat-sobatna, terutama masalah nu aya patalina sareng
'kekerasan' manehna mah sok pangheulana wae. Nya kitu
deui soal 'duit' sareng barang, tara bet pedit. Komo
ka sim kuring mah, asa na mah 'nyopet' tina dompetna
ge moal dikitu-kieu. Basa manehna ka 'bale nyungcung'
(katolik naon istilah sundana nya?) di lemburna di
Medan, malah maksa bade mang meserkeun tiket
jakarta-medan sagala. mung kaleresan sim kuring nuju
teu tiasa ka mamana, nya akhirna mah ditolak. Nu matak
reueus tur kagagas teh pedah manehna saparantos nikah
ngahajakeun ka jakarta heula, nepangan sim kuring
ngadon masihkeun ulos pernikahan, warnana hideung,
ceukna teh, eta ulos teh teu sagawayah dipasihkeun ka
unggal jalmi, ngan ukur 'orang-orang pilihan' sareng
keluarga dekat. nya pokona mah asa geus dianggap dulur
we ku manehna teh. 

tah kitu, baraya sadaya, pangalaman kuring gaduh sobat
batak teh. tapi duka sual batak nu sanes mah, da
kadang-kadang sim kuring ge sok rada sebel ningali
garasak-gurusukna, komo supir-supir metromini di
jakarta sareng supir angkot di bandung mah asana mah
sok hayang... ngusir bae he he....

wasalam

alipyog

--- Ki Hasan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Sabada rengse noong JAWA sareng MINANG, ayeuna urang
> teruskeun serial tuang-toong teh, ku noong urang
> BATAK. Cik, numutkeun pamanggih, pangalaman,
> panitenan, pangrasa, panyawang baraya, naon
> kira-kira
> KAUNGGULAN urang Batak. Enya kaunggulana we, keun
> wae
> kakurangan mah teu ditoong oge. 
> 
> Keur pangjajap, nu kakitenan ku kuring, urang Batak
> kuat dina hal ikatan kakulawargaan. Jigana
> kulantaran
> aya lembaga nu disebut marga. Upama urang Batak
> dipangumbaraan, manehna arapaleun dimana baturna
> samarga ayana. 
> 
> Tah upama ceuk panyawang baraya sadaya, naon
> kira-kira
> kaunggulan Batak anu pantes dijadikeun pieunteungeun
> pikeun US?
> 
> Salam,
> MH
> 
> 
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Make Yahoo! your home page 
> http://www.yahoo.com/r/hs
> 


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke