Bagea Deui Kang Oman,

Balik deui ka 4 gaya, magnet, gayakuat,gayalemah
sareng gravitasi.
contoh dina gaya megnetisme,
Kunaon sababna upami aya dua magnet, upami muatanna
sami(sejenis) tolak menolak, upami benten
(berlawanan) saling tarik menarik ?
Padahal pan teu ketingal (goib) naha bet kitu ?
** goib didieu dihartoskeun teu katingal ku mata
bungkeuleukan **
Aya efek tapi teu katingal nu nyebabkeun efekna.
Tah dina fisika mah desebatna "force carrier
particles" atanapi partikel numawa
gaya/kekuatan/force disebatna photon.
Janten, magnet nu ngandung elektron sareng proton
teh gaduh muatan(charge), jadi kulantaran kitu
tiasa ngaluarkeun atanapi nyerep partikel numawa
gaya.
Tah kukituna listrik sareng magnet tiasa bolak balik
(dekok), listrik tiasa ngahasilkeun magnet, kitu
deui magnet tiasa ngahasilkeun listrik.

PUNTEN Kang... bade jumaahan heula.
cag.

Saparantosna Jumaahan Kang Maman ngalahir deui  :)

Photon teu gaduh massa, kumargi kitu kecepatannana
sepertos kecepatan cahaya nu cepetna kirang langkung
300.000.000 (tiluratus juta) meter per detik.

Gaya nu 4 ieu, berlaku/payu ka sagala A4 (tah geuning
opat deui opat deui, dupi nu kalimana engke we
pandeuri dideresna nya ?)

Ku simkuring cobi dipedar, Alam Ageung Alam Alit (A4)
AYA disebabkeun ku ayana interaksi antara partikel,
atanapi tiasa dirujukeun asal usulna ka perkawis
interaksi antara partikel nu aya.
contona friksi(friction), magnet, gravitasi, Reaksi
nuklir jeung sajabana -- teu aya sanens sadayana tiasa
disababkeun ku salah sahiji atanapi langkung, tinu 4
interaksi fundamental nu kasebatkeun.
interaksi sareng gaya sok "tuker tempat" / ulah alih
ieu emang rada ngabingungkeun, mung langkung "cocok"
tiasa disebatkeun interaksi.

Ayeuna soal gayakuat(strong force), nukumaha ieu teh.
Patarosanna kieu, Heueuh cenah wujud urang teh pan
tina
aci-aci taneuh,banyu(cai),angin(udara),jeng
seuneu(energi) teras upami nyoksok jero deui
aci-acinateh pan atom-atom nu dijeronateh aya elektron
nu muteran proton, naha heunteu paburencay ?
Kitu oge benda nu sanesna seperti emas, batu, almunium
jste.
Naon nu nyebabkeun atom (nukleus) ngiket/ngabeungkeut
?
Kusabab ayana gravitasi atanapi elektromagnet? Sanes.
gravitasi kirang kiat, elektromagnet sanes oge.
Aya naon atuh dina jero proton sareng elektron nu aya
dina atom teh ? Tah nyatana aya nu dinamian "quarks",
Quarks nyatana gagaduhan "muatan" electro_magnet(E-M
charge), masing-masing muatan E-M ieu gaduh sababaraha
jinis nu masing-masing dinamian "muatan warna"
E-M.(color charge).
Kakuatan nu aya dina "muatan-warna" E-M ieu kuat pisan
kumargi kitu dinamian wae Strong (gaya kuat).
Kekuatan ieu nu ngiket quarks ngajadi hadrons, muatan
partikel ieu sering oge disebat qluon (lem/glue).
Ieu interaksi teh ayana dina tingkatan/level alit
pisan
(Alam alit) jadi teu karasa dina kahirupan sapopoe.
Anu jadi emutan di dieu perkawis WARNA, para ahli
nyebatkeun warna teh mung sakadar simbol, nyatana
muatan warna Beureum, muatan Hejo, sareng  muatan
Biru.
terus pasanganana anti beureum, anti hejo, sareng anti
biru. Warna di dieu mung saukur simbol pikeun
ngabedakeun yen dijero atom teh aya interkasi nu siga
kitu.  

Duka kumaha surup sareng sinurupan warna / cahaya anu
ku karuhun urang kantos disebatkeun cahaya beurem,
koneng, hideung sareng bodas ?

Siganamah sami sareng para ahli matematika panginten,
warna nu sajatinamah teu katingal (goib) jadi ieu mah
mung kumaha cara sangkan gampang dina observasina.
(ngarumuskeunana/matematikana/itung-itunganana).

Weak force nu kumaha ? kakuatan ieu nu nyebabkeun 
luruh/decayna hiji partikel. Kakuatan ieu hampir
satara 
jeung elektomagnet, tergantung sabaraha deukeut jeung
sabaraha jauhna jarak "partikel carier" dina
bertinteraksi.
Ulah lalawora ieu kakuatan "decay" na partikel ieu
bisa
nimbulkeun energi nu luar biasa, buktina pembangkit
listrik tenaga nuklir teh hakekatnamah massa uranium
anu rubah jadi energi.

Tos ah sakieu heula lieur yeuh sim kuring.   
 
> Ngeunaan bab papasangan, satemenna parantos dijamin
> ku Al Qur'an, rupina teu acan kapendak bae. Aya deui
> informasi anu matak reueus ka aranjeunna, jalmi
> sholeh. Salah sawios putu Rosululloh saw, anu
> katelah Imam Zaenal Abidin ina hiji do'ana
> nyabit-nyabit yen popoekan (kegelapan), sakumaha
> cahaya, eta ngabogaan beurat, diebrehkeun nalika
> anjeunna jumeneng, kl. abad ka 8-9 M. Dina abad ka
> 20 kabuktian ku lajuninglaku rumus Eistein, yen
> cahaya teh geuningan leres ngabogaan massa (beurat),
> sakumaha kamashur dina rumusanana E = MC2. Tah
> geuningan, kantun beurat poek anu kedah dipilarian.
> Kukituna, si kuring yakin yen gaya gravitasi oge
> asana kudu mibanda papasanganana.
-------
 cahaya gaduh bobogaan massa ? Tina rumus : e=mc2
 jadi cahaya = akar energi dibagi massa , c= V e/m.
 beurat hartosna sanes massa, ari massa mah nyatana
 kandungan materi.
 Misalnya beurat/bobot urang mun ditimbang : 66 Kg, 
 hartinya mun gaya gravitasi 10 N, massa urang nyatana
 /sajatina mung 6,6 kg.
 he..he.. ngan 6,6 kg nya Kang, naha meni hese pisan
 ngaberesihanana ?
 Beurat Poek teh naha  kedah dipilarian Kang ?

 Baktos,
 MZ





                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Make Yahoo! your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke