Haturan Kang Oman, nganuhunkeun pisan rehna sim kuring asa bray kacaangan sok sanaos masih carangcang tihang, nanging tos lumayan, margi salami ieu katerang sim kuring mah diteraskeun sareng ar-rahman ar-rahim tea, malihan sababaraha kali nyakseni nu meuncit domba/sapi. Ras ingetan sim kuring baheula waktu keur leutik kolot kuring sok rajin miara hayam jeung entog. Tah sakali waktu rek hajatan bapa kuring nitah pangmawakeun hayam jago ka tatangga nu sok biasa peupeuncitan. Tapi samemehna teh dipangku heula bari dielus-elus jeung diomongan mani tartib jeung bangun ngaharewos da kuring ge teu ngareungeu naon nu diomongkeun, tapi ari hayamna cicing bangun ngarti kana omongan kolot kuring, nya terus dibikeun ka kuring pikeun dibawa ka tukang meuncit tea. Tah eta peta kitu teh sababaraha kali kasaksi ku kuring, atuh kuring jadi panasaran naon nu diomongkeun bapa kuring ka hayam, tah sanggeus dijelaskeun nya kaharti saharitaeun, tapi da maklum keur budak teu papanjangan atawa nyukcruk jero, ngan sanggeus baleg karek paham. Eta katerangan bapa kuring intina mah nerangkeun, yen adat Sunda titinggal karuhun nu kacida kudu paheut dicepeng diantarana papagon atawa tata-krama"mipit kudu amit, ngala kudu bebeja", tah cenaha ceuk pun bapa sok sanajan manusa wenang pikeun ngamangpaatkeun naon bae di alam ieu kaabus sasatoan tata-titi duduga-prayoga tetap kudu dipake teu meunang sawenang-wenang, sabab sanajan hayam, eta ge sami tunggal mahluk Gusti nu oge dipasihan hak sareng kawenangan ku Gusti pikeun ngajalankeun hirupana. Tah waktu urang merlukeun bari jeung megatkeun hak hirupna nya kudu dipenta ikhlas-ridona ti eta hayam, pikeun nunjang kahirupan manusa, sangkan manusa bisa ngajalankeun kamanusannana, ceug cohagna mah hirupna hayam rek ditingkatkeun darajatna jadi hirupna manusa. Tah eta intina mah omongan pun bapa ka hayam nu rek dipeuncit teh, kuring kungsi nanya ka bapa: "naha hayam ngartieun kitu kana omongan bapa", Jawab pun bapa : "Eeh jang, sok sanajan hirupna hayam beda jeung hirupna jalma, ngomongna hayam beda jeung ngomongna jalma, tapi ari rasana mah sarua, tunggal kawit ti Nu Maha Kersa, hayam ge boga rasa lapar-haus,tiris-hareudang, susah-senang, kawani-kasieun, boga rasa nyeri, boga rasa sieun jeung embung paeh, boga rasa-rumasa, jeung sajabana. Tah jadi dina menta kaiklasanana teh kudu dibarengan ku bahasa rasa". Kitu katerangan bapa kuring. Memang duka ngartieun eta hayam nu jelas kasaksi ku kuring unggal keur diomongan hayam teh cicing semu ngeluk bari ngabandungan, jeung dina prakna dipeuncit dina waktu kuring nyepengan suku jeung jangnjangna teh teu karasa perlawanan eta hayam, jeung dina ngaleupaskeun nyawana teh enya ngan ukur kekelepekan lemah teu nepi ka gagarapakan. Tah kitu kang Oman, pangna kuring tumanya teh bakat ku hemeng teu ngarti tea antara pangarti nu dibejakeun ku kolot kuring jeung harti nu katangkep ku kuring dina prak-prakan halal-haramna peupeuncitan. Kitu kamg, hatur nuhun kana bongbolongna.
Baktos pun Engkus. --- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Rampes, > > Bagea Kang Engkus, > Sapuk Kang, sakumaha anu katampa ti anu nuturkeun, > memang Bismillah kanggo pepeuncitan mah heunteu > diteraskeun ku kalimah "ar-rahman ar rahim", namung > ku kalimah sejenna, jalaran patojaiyah tea sakumaha > anu jadi kahemeng salira. Tegesna, kanggo > peupeuncitan teh sanes dikawitan ku kalimah > "Bismilaahirrohmanirrohiim", namung ku kalimah > "Bismillaahi laa yadhurru ma'smihi syae un fi > al-ardhi wa la fi as-sama wahuwa as-samiiu al > aliimu". Hartosna: "kalayan nyebat asma Alloh anu > teu aya anu mudharat sinareng asma-Na naon bae > perkara anu aya di bumi sareng di langit jeung > Anjeun-Na eta anu Maha Ngarungu sareng Maha > Uninga"...teras niat nu sanesna (anu sasari, > nuduhkeun sato naon anu dipeuncit dipungkas ku > lillahita'ata)....kececet bae). > > Sapuk oge, kana pamadegan anu heunteu nyatujuan > kana naon rupa da'wah pikeun kasalametan, tapi > manifestasina malah nyieun karuksakan. Dina > kahirupan sapopoe, seueur anu "ngatasnamikeun agama" > tinimbang anu "pikeun agama". Agama mah agama naon > bae. Muga urang sadaya diaping jeung dijaring ku anu > Maha Kawasa tina laku sarupi kitu. Amin. > > Baktosna, > manAR > > . > > engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun! > Kahatur para dulur Kisunda, hususon ka baraya Kusnet > nu paham bagbagan kaIslaman. > Tos lami sim kuring teh aya kapanasaran nu dugi ka > ayeuna teu acan aya boh dulur boh baraya, oge > kawawuhan sim kuring nu bisa nerangkeun kalayan > nyugemakeun sual nu aya kaitan jeung halal-haramna > soal peupeuncitan, boh meuncit hayam/meri, embe/ > domba, munding, sapi jeung sajabana, nu majar teu > halal mun urang ngadahar daging nu dina meuncitna > teu > make ngucapkeun �Bismillahhirokhmanirokhim� jeung > �Allahu Akbar�. Hal ieu nu jadi baluweng keur sim > kuring, mun teu salah harti tina ucapan tadi nyaeta > �Kalayan nyebat asmana Allah nu ngagaduhan sifat > Maha > Welas tur Maha Asih� jeung �Allah Maha Agung�. Tah > didieu pangarti kuring can tepi kunaon ongkoh maha > welas tur maha asih jeung maha agung, tapi bet > dipake > keur meuncit nu sareatna mah megatkeun tatali hirup > (maehan) sasama mahluk Gusti keneh, sedengkeun ari > maehan ceuk ajaran agama mana bae eta teh dosa > hukumna. Kitu oge sering urang nyaksi dina TV sok > aya > sabagian dulur-dulur urang keneh nu bari jeung > nembongkeun laku pahlawan nyebut asma Allah bari > ngarusak (contona nyerang Rumah Makan nu buka ti > beurang jeung tempat hiburan nu buka dina bulan > puasa). Sakapeung kuring sok ngabirigidig, naha eta > henteu lalawora umaku atas nama Allah ??. Tah eta ki > dulur cing tulungan manawi aya nu tiasa ngajelaskeun > kalayan kaharti ku pikir, kahontal ku akal jeung > katampa ku rasan, kumaha eta katerangana ??, supaya > kuring teu salah harti jeung nambahan wawasan. > > Hatur punten > > Pun Engkus > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Small Business - Try our new resources site! > http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada > seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini > akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, > dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Small Business - Try our new resources site! > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada > seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini > akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, > dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new resources site! http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
