Haturan Kang Engkus,
Rupina anu ditaroskeun ku Kang Engkus teh lebetna
kana adab sunda nu luhung.
Ku abdi osok oge diraraoskeun, bujeng-bujeng ka sato,
dalah ka tatangkalan oge kedah aya adabna.
Diemutan ku sim kuring, upamana nyacag tatangkalan teh
ulah diparieus-parieuskeun, tapi kedah dicacag dina
palebah "percabanganana"/sikuna. Sababna upami
diparieuskeun mah jadi rawing teu puguh, tapi upami
palebah "awal cabang-cabang" na, tah eta "luka" teh
ku "kambiumna" atanapi kulit bagian luarna bakal
katutupan/ditutupan deui.
Sim kuring kantun keuheul pisan ka budak(tatanggi),
teu kira-kira pisan, ngulitan hirup-hirup tangkal
alabasiah sakurilingna, nya karunya pisan eta tangkal
paeh heunteu, hirup heunteu. Rupina budak eta teh
kirang warah tinu jadi indung bapana.
(duka aya hubunganana atanapi heunteu, warta anu
katampi di ahirnakeun, si indung jeung bapana budak
teh
janten pipirakan).
Rupina, sato sareng tatangkalan parantos ditakdirkeun
kedah ngabdi ka manusa, mung urang nu jadi manusa
anu parantos dipaparin kawenangan heunteu ngajadikeun
diri urang janten sawengan-wenang.
Wassalam
MZ
--- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturan Kang Oman, nganuhunkeun pisan rehna sim
> kuring
> asa bray kacaangan sok sanaos masih carangcang
> tihang,
> nanging tos lumayan, margi salami ieu katerang sim
> kuring mah diteraskeun sareng ar-rahman ar-rahim
> tea,
> malihan sababaraha kali nyakseni nu meuncit
> domba/sapi. Ras ingetan sim kuring baheula waktu
> keur
> leutik kolot kuring sok rajin miara hayam jeung
> entog.
> Tah sakali waktu rek hajatan bapa kuring nitah
> pangmawakeun hayam jago ka tatangga nu sok biasa
> peupeuncitan. Tapi samemehna teh dipangku heula bari
> dielus-elus jeung diomongan mani tartib jeung bangun
> ngaharewos da kuring ge teu ngareungeu naon nu
> diomongkeun, tapi ari hayamna cicing bangun ngarti
> kana omongan kolot kuring, nya terus dibikeun ka
> kuring pikeun dibawa ka tukang meuncit tea. Tah eta
> peta kitu teh sababaraha kali kasaksi ku kuring,
> atuh
> kuring jadi panasaran naon nu diomongkeun bapa
> kuring
> ka hayam, tah sanggeus dijelaskeun nya kaharti
> saharitaeun, tapi da maklum keur budak teu
> papanjangan
> atawa nyukcruk jero, ngan sanggeus baleg karek
> paham.
> Eta katerangan bapa kuring intina mah nerangkeun,
> yen
> adat Sunda titinggal karuhun nu kacida kudu paheut
> dicepeng diantarana papagon atawa tata-krama"mipit
> kudu amit, ngala kudu bebeja", tah cenaha ceuk pun
> bapa sok sanajan manusa wenang pikeun
> ngamangpaatkeun
> naon bae di alam ieu kaabus sasatoan tata-titi
> duduga-prayoga tetap kudu dipake teu meunang
> sawenang-wenang, sabab sanajan hayam, eta ge sami
> tunggal mahluk Gusti nu oge dipasihan hak sareng
> kawenangan ku Gusti pikeun ngajalankeun hirupana.
> Tah
> waktu urang merlukeun bari jeung megatkeun hak
> hirupna
> nya kudu dipenta ikhlas-ridona ti eta hayam, pikeun
> nunjang kahirupan manusa, sangkan manusa bisa
> ngajalankeun kamanusannana, ceug cohagna mah hirupna
> hayam rek ditingkatkeun darajatna jadi hirupna
> manusa.
> Tah eta intina mah omongan pun bapa ka hayam nu rek
> dipeuncit teh, kuring kungsi nanya ka bapa: "naha
> hayam ngartieun kitu kana omongan bapa", Jawab pun
> bapa : "Eeh jang, sok sanajan hirupna hayam beda
> jeung
> hirupna jalma, ngomongna hayam beda jeung ngomongna
> jalma, tapi ari rasana mah sarua, tunggal kawit ti
> Nu
> Maha Kersa, hayam ge boga rasa
> lapar-haus,tiris-hareudang, susah-senang,
> kawani-kasieun, boga rasa nyeri, boga rasa sieun
> jeung
> embung paeh, boga rasa-rumasa, jeung sajabana. Tah
> jadi dina menta kaiklasanana teh kudu dibarengan ku
> bahasa rasa". Kitu katerangan bapa kuring. Memang
> duka
> ngartieun eta hayam nu jelas kasaksi ku kuring
> unggal
> keur diomongan hayam teh cicing semu ngeluk bari
> ngabandungan, jeung dina prakna dipeuncit dina waktu
> kuring nyepengan suku jeung jangnjangna teh teu
> karasa
> perlawanan eta hayam, jeung dina ngaleupaskeun
> nyawana
> teh enya ngan ukur kekelepekan lemah teu nepi ka
> gagarapakan.
> Tah kitu kang Oman, pangna kuring tumanya teh bakat
> ku hemeng teu ngarti tea antara pangarti nu
> dibejakeun
> ku kolot kuring jeung harti nu katangkep ku kuring
> dina prak-prakan halal-haramna peupeuncitan.
> Kitu kamg, hatur nuhun kana bongbolongna.
>
> Baktos
>
> pun Engkus.
>
> --- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Rampes,
> >
> > Bagea Kang Engkus,
> > Sapuk Kang, sakumaha anu katampa ti anu nuturkeun,
> > memang Bismillah kanggo pepeuncitan mah heunteu
> > diteraskeun ku kalimah "ar-rahman ar rahim",
> namung
> > ku kalimah sejenna, jalaran patojaiyah tea
> sakumaha
> > anu jadi kahemeng salira. Tegesna, kanggo
> > peupeuncitan teh sanes dikawitan ku kalimah
> > "Bismilaahirrohmanirrohiim", namung ku kalimah
> > "Bismillaahi laa yadhurru ma'smihi syae un fi
> > al-ardhi wa la fi as-sama wahuwa as-samiiu al
> > aliimu". Hartosna: "kalayan nyebat asma Alloh anu
> > teu aya anu mudharat sinareng asma-Na naon bae
> > perkara anu aya di bumi sareng di langit jeung
> > Anjeun-Na eta anu Maha Ngarungu sareng Maha
> > Uninga"...teras niat nu sanesna (anu sasari,
> > nuduhkeun sato naon anu dipeuncit dipungkas ku
> > lillahita'ata)....kececet bae).
> >
> > Sapuk oge, kana pamadegan anu heunteu nyatujuan
> > kana naon rupa da'wah pikeun kasalametan, tapi
> > manifestasina malah nyieun karuksakan. Dina
> > kahirupan sapopoe, seueur anu "ngatasnamikeun
> agama"
> > tinimbang anu "pikeun agama". Agama mah agama naon
> > bae. Muga urang sadaya diaping jeung dijaring ku
> anu
> > Maha Kawasa tina laku sarupi kitu. Amin.
> >
> > Baktosna,
> > manAR
> >
> > .
> >
> > engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Sampurasun!
> > Kahatur para dulur Kisunda, hususon ka baraya
> Kusnet
> > nu paham bagbagan kaIslaman.
> > Tos lami sim kuring teh aya kapanasaran nu dugi ka
> > ayeuna teu acan aya boh dulur boh baraya, oge
> > kawawuhan sim kuring nu bisa nerangkeun kalayan
> > nyugemakeun sual nu aya kaitan jeung halal-haramna
> > soal peupeuncitan, boh meuncit hayam/meri, embe/
> > domba, munding, sapi jeung sajabana, nu majar teu
> > halal mun urang ngadahar daging nu dina meuncitna
> > teu
> > make ngucapkeun �Bismillahhirokhmanirokhim� jeung
> > �Allahu Akbar�. Hal ieu nu jadi baluweng keur sim
> > kuring, mun teu salah harti tina ucapan tadi
> nyaeta
> > �Kalayan nyebat asmana Allah nu ngagaduhan sifat
> > Maha
> > Welas tur Maha Asih� jeung �Allah Maha Agung�. Tah
> > didieu pangarti kuring can tepi kunaon ongkoh maha
> > welas tur maha asih jeung maha agung, tapi bet
> > dipake
> > keur meuncit nu sareatna mah megatkeun tatali
> hirup
> > (maehan) sasama mahluk Gusti keneh, sedengkeun ari
> > maehan ceuk ajaran agama mana bae eta teh dosa
> > hukumna. Kitu oge sering urang nyaksi dina TV sok
> > aya
> > sabagian dulur-dulur urang keneh nu bari jeung
> > nembongkeun laku pahlawan nyebut asma Allah bari
> > ngarusak (contona nyerang Rumah Makan nu buka ti
> > beurang jeung tempat hiburan nu buka dina bulan
> > puasa). Sakapeung kuring sok ngabirigidig, naha
> eta
> > henteu lalawora umaku atas nama Allah ??. Tah eta
> ki
> > dulur cing tulungan manawi aya nu tiasa
> ngajelaskeun
> > kalayan kaharti ku pikir, kahontal ku akal jeung
> > katampa ku rasan, kumaha eta katerangana ??,
> supaya
> > kuring teu salah harti jeung nambahan wawasan.
> >
> > Hatur punten
> >
> > Pun Engkus
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/