Haturan Kang,
 
Heunteu sawios Kang, sawangsulna, sim kuring nya tawakuf nu kasuhun ka salira, 
teu acan pisan pareng anjangsono ka TS palih wetan...hehehe.  Leuh, ieu mah, 
nya atuh anu ti salira pangeleketek anu kalintang pikauruyeunana, matak lebar 
upama heunteu dilenyepan.
 
Seja mairan ringkes bae - da rumasa anu panjang mah heunteu kaudag tea - kana 
tutungkusan ti salira. Anu ringkes teh eta kaeleketek (deui bae) ku eusi guaran 
hiji buku, ngeunaan kajugalaan internet pikahareupeun dikaitkeun kana 4A.. 
 
Bawiraos, guaran alam alit ti kang Dudi teh aya papadanana di alam ageung. 
Jadi, persis ringkelanana sakumaha anu ti Kang Dudi, ngan ieu mah skalana 
arageung, alias universal. Ieu kalangkang ageung ti anu alit atawa sabalikna 
teh, papada sarua jeung nu alitna, sumberna teh, ceuk para filosof, cenah tina 
akal utama anu disebut Akal Universal tea. Ceuk eta buku anu ngeleketek, anu 
ngaguar futuristik internet, hiji mangsa mah, akal pertama salaku sumber 
akal-akal katurunanana (kalebet fikir-1, fikir-2, jst)-AA, baris parapanggih. 
Ari tempatna patepung lawung sadunya teh nya di Lebak Cawene tea alias di alam 
maya ngalangkungan internet. Geuningan, dina guaran Kang Duddi parantos 
dicontoan, papat kalima pancer, ceuk US; unsur anu 5 ceuk ti Cina....sarupa 
kitu sigana...pataremana akal-akal anu balener sadunya ngalangkungan alam maya. 
Tangtu bae, pikeun neruskeunana hal ieu ka alam nyata perlu buku tea.
 
Ngeunaan nami "Pangeran Papak", sakurang-kurangna, sigana aya 2 maksud. Maksud 
anu kahiji, fisikna, nyatana manusa anu namina Pangeran Papak (PP) tea.  
Baheula kungsi aya anu ngadadarkeun sababaraha carita ngeunaan PP. Cenah 
anjeunna teh hiji wali di TS anu karomahna teu kirang, moktengna di wewengkon 
Garut. Harti anu kadua mah sigana injeumanana, atawa lambangna. Ieu sigana kudu 
ngarujuk kana kecap asal "papak". Nya urang wangsulkeun deui ka Kang Duddi 
kanggo ngaguarna mah. Mangga diantos.
 
Rupina sakitu bae heula kalayan panambih: hasil "pemindaian" Kang Rudy Abu 
Dhabi ngeunaan peperenian "Kasepuhan" anu masih dina wangun hasil scanan 
kareret sakolepat sigana diantara eusina teh nya ieu anu nuju dipedar ku Kang 
Duddi. Kukituna, kanggo ngaguar "kasepuhan" heunteu kedah repot-repot, urang 
suhunkeun bae pangersana Kang Duddi. Anapon bahan bakuna urang teraskeun hanca 
ku sadayana -kalayan diluluguan ku Kang Rudy sareng Kang Hasan-transkripsi 
"Kasepuhan" hardcopy kana wangun "digital file". Mangga, pamugi anu Maha Murah 
ngaginuluran rezeki sareng kasehatan ka urang sadaya, lungsur-langsar ngahanca 
garapan: 4a + BUKU tea.
 
Baktosna,
manAR  

dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Kang Oman, Kang Hasan...., 

Hapunten Kang Oman teu acan aya waktos nglampreng gedong geologi deui kumargi 
seueur pisan wagelanana geuning teu pira mung saukur hoyong nedunan kawajiban 
diri salaku manusa, ieu mah ampir unggal minggon ber ka wetan ber ka kulon. 
Insya Alloh minggon payun ge ngulon deui, kaleresan aya libur dinten jumaah. 

Baraya ieu Kang Oman ngeletekna mani kena kana mamarasna, raraosan teh mani teu 
kiat ngarenghap-ngarenghap acan awahing ku abot..! 

Lima Nu Utami ieu pecahan tian anu tilu tea, nyaeta: Raga, Uteuk anu 
ngahasilkeun fikiran di bentenkeun jadi dua, sebat bae Fikir-1 sareng Fikir-2, 
Hate anu ngahasikeu rasa dibentenkeun janten dua oge, sebat bae Rasa-1 sareng 
Rasa-2, janten sadayana aya lima, pangemut sim kuring ieu pisan alat anu aya 
dina diri urang anu kedah dilatih supados urang tiasa ngahontal naon-naon anu 
dicita-citakeun. Didieu oge sim kuring mendak nami "Pangeran Papak" (aya anu 
apal kitu?) kapungkur mah saurna teh disebatna Dulur Opat Lima Pancer ari di 
cina mah sok disebat 5(lima) unsur utami. 

Aduh hapunten janten kapapanjangan, tos bilih seuseur teuing lepatna. Sakali 
deui hapunten baraya.

Wassalam,
dudi_ss

  
  ----- Original Message ----- 
  From: oman abdurrahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, March 21, 2005 8:46 AM
  Subject: Re: [kisunda] Alam Alit Alam Ageung (A4) =>B U K U


  Bagea Kang Dudi...kumaha damang kaulanun? wartosna nuju "napakeun" garapan ? 
Mangga lajeungkeun...Kasuhun, aya waktos mah dina sela-selana, pamugi heunteu 
petot ngalongokan ieu milist. Hatur nuhun, tutungkusan anu ieu katampi ku asta 
kalih.

  Numbu catur bari noongan ku panemu luang ti anu sanes, anu parantos ngantosan 
di barisan payun, urang pulungan buahna bae da nyakitu, lebet kana 
programmingna mah urang teh, khususna sorangan, tuna pisan ku kaayaan.


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Small Business - Try our new resources site! 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke