Haturan Abah Joe. Leres pisan divisi Siliwangi anu kapungkur kaanggo 
pisan ku pimpinan Nasional kanggo mareuman pemberontakan dimana-mana 
di Indonesia. Kuring oge percanten para tantara di divisi Siliwangi 
nasionalis tulen, Divisi Siliwangi tiasa disebatkeun divisi nu 
pangheulana di Indonesia nu sifatna nasional henteu kadaerahan. Para 
gegeden Divisi Siliwangi seueur anu gaduh kasang tukang pendidikan 
militer di Jaman Walanda, sapertos Kartakusumah (aom Aah), AH 
Nasution sareng Kawilarang. Aranjeunna lulusan akademi militer 
walanda di Bandung. Ieu benten sareng tantara ti divisi sanes, anu 
umumna ti unsur PETA di jaman Jepang jeung rada kadaerahan. Ieu oge 
panginten nu mangaruhan para gegeden Siliwangi nu urang sunda gaduh 
prinsip nasionalisme anu ageung (Amir Machmud sareng Umar 
Wirahdikusumah, nu nolak dijantenkeun pelindung ikatan Mahasiswa 
Sunda di Jakarta, tadina ti Divisi Siliwangi). Tapi sim kuring masih 
gaduh prasangka, naha aranjeunna dugi ka alim pisan, nulungan 
organisasi2 kasundaan, kumargi ku sikep nasionalismena atawa 
ditambihan ku faktor sanes, sapertos anu dicarioskeun ku sim kuring 
dina posting "Serat Kanggo Teh Aisha". Jawabanana panginten di 
aranjeunna nyalira anu ayeuna parantos almarhum.

Hatur nuhun.

Baktos,
WALUYA



--- In [email protected], Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Saenyana mah eta gegeden teh, leuwih mentingkeun prinsip.  Yen 
harita urang teh keur ngabangun bangsa, nyaeta Bangsa Indinesia.  
Divisi Siliwangi, lain milik US wae tapi milik Rahayat Indonesia.  
Divisi Siliwangi ngarasa boga tanggung jawab ka Lemah Cai Indonesia 
ti Sabang nepi ka Marauke.  Jadi pikiran gegeden US harita ngarasa 
mun leuwih condong ka Sunda, sarua wae ngahianat ka Republik 
Indonesia.
> 
> Divisi Siliwangi kasohor ngabela Republik ti Muso nepi ka 
Kartosuwiryo. Urang Sunda konsekwen, ngaheulakeun   Republik tibatan 
Kadaerahan. Jeung harita nganggap Bung Karno pamingpin Republik, 
kajeun teuing urang Jawa oge.
> 
> Datang panggantina BK, urang Jawa nu gede kadaerahaanana, ditambah 
oge gede pisan ngaheulakan babaturanna ti Divisi Diponegoro.  US 
utamana di Divisi Siliwangi tetep konsekwen ngabela Republik.  Rea 
penggede US nu embung diparentah kuPresiden Jawa, konsekwen menta 
pangsiun masih ngora keneh.
> 
> US boga prinsip nu pohara gedena, leuwih ti seler sejen. Jadi 
pamimpin, rea nu embung jadi kapstok kaluargana. Hayang maju, sok 
usaha sorangan.
> 
> Kade pedah geus 32 tahun, nu halal diharamkeun, nu haram 
dihalalkeun. Urang kudu boga pamadegan, sakali haram tetep haram. 
Sakali teu satuju, tetep teu satuju.
> 
>  
> 
> US lain jelema nu "inggih doro"
> 
>  
> 
> Abah Joe
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Make Yahoo! your home page   
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke