http://www.mangle-online.com/view.php?
id=050306234833&kategori=Berita&klasifikasi=Utama


Ditampi ping: 06-03-05/23:48:33
Mapay Raratan Pananggalan Sunda



Roza nyutat pamendak Winker anu nyebutkeun " Ayana pananggalan di hiji 
lingkungan masarakat jadi bukti pikeun ngukur darajat paradabanna. Ari 
tingkat katalitian pananggalan nuduhkeun ukuran kacerdasan 
intelektualna". Pananggalan mangrupa sistim itungan waktu sacara 
astronomi. Dina harti, kandel nuansa matematikana, rasionalitas jeung 
logikana. Pananggalan lain masalah pangira-ngira, lain masalah 
metafisik jeung lain ramalan.


Sagemblengna nyaritakeun lalakon muterna bumi, bulan jeung panonpoe 
dina garis puteranana anu ngagem paham "keteraturan" Masih nurutkeun 
Ir.Roza, geusan ngabuktikeun pamendak Winkler Prince, leuwih ti 30 
taun Ali Sastraamidjaya nu leuwih co nggahna sok disarebat Abah Ali, 
ngayakeun panalungtikan Kalender Sunda ( Kala Sunda) anu kacida 
telikna. Abah Ali ngajajarkeun data-data pananggalan anu ayeuna 
dipake, Kala Masehi, Kala Hijriyah ( Arab) jeung Kala Panata Mangsa 
(Jawa). Ku jalan make rumus matematika (matrik), kabuktian Kala Sunda 
tetela anu pangakuratna teh. Pikeun ngabuktikeunana, ahirna lajuning 
lakuna teh ku jalan mitembeyan nyitak kalender atawa Kala Sunda ieu. 

Nu nurutkeun Roza, bakal diteruskeun ngayakeun gempungan jeung para 
ahli pananggalan lokal, pananggalan nasional jeung internasional. 
Urang Sunda ayeuna geus boga kalender sorangan, kalender Sunda, 
sanajan nyebarna ka masarakat mah bakalna teh satahap-satahap, 
nungtut. Ieu teh kanyataan anu kudu ditarima. Tanggal 18 januari 2005, 
Kalender Sunda geus mimiti dsebarkeun, anu disebut "peluncuran"ana 
dilangsungkeun di pendopo bumi dines Walikota Bandung jalan Dalem 
Kaum, make upacara adat Sunda anu tartib. Atuh bener-bener ayeuna mah 
Sunda boga kalender anu nurutkeun Abah Ali Sastraamidjaya saenyana 
lain barang anyar, ngan meureun kakara dicitakna ayeuna. Nurutkeun 
Abah Ali keneh, saenyana limaratus taun ka tukang urang Sunda geus 
boga pananggalan, jadi sapanjang lima abad tilem, taya anu boga hojah 
ngahudangkeunana de ui. Padahal kalender Sunda mah pinunjul malah 
adiluhung. Batur oge nyokotna teh tina pananggalan Sunda keur nyusun 
kalenderna teh, di antarana Jawa. Saperti anu kungsi ditembrakeun dina 
Mangle katompernakeun Januari 2005, sapuluh taun landung Abah Al i 
Sastraamidjaya aprak-aprakan, saba lembur saba kampung saba daerah 
nyalusur galur pananggalan Sunda. Prasasti-prasasti disungsi, sitrus-
situs ditaliti anu telik, patilasan ge dipapay, taya anu kaliwat jeung 
diliwat. Beak sendal salapan sapatu sapuluh, komputer ge gunta-ganti 
dina tempona ngadukduk nyusun hasil panalungtikan sakitu taun lilana 
teh. Tapi teu panasaran, sugema...sugema pisan, saur Bah Ali anu dina 
waktu kalenderna medal yuswana 70 taun. Puluhan, boa ratusan buku 
diungkaban diilo keur m uguhkeun angka-angkana. 

Leuwih Kolot Genep Abad Tadina mah ceuk Roza, taun 1983 arek mimiti 
dicitakna Kalender Sunda teh, tapi tetela kudu nunggu 20 taun, 
tinekananana Pebruari 2005 ayeuna, Alhamdulillah. Diharepkeun sakumna 
urang Sunda kagupay kame lang jeung kareueusna, kagugah rasa tanggung 
jawabna geusan babarengan ngabageakeun medalna Si Kala Sunda ieu, 
kagero tanggung jawabna pikeun miara ngamumule sarta mulasara 
kalenderna sangkan langgeng mayeng kapakena turta bisa diwariskeun ti 
generasi k a generasi. Malem Rebo 18 Januari 2005 teh PABARU ( Taun 
Baru) Sunda disebutna, dina Kala Sunda mah ninggangna teh dina poe 
ANGGARA pahing tanggal 1 SUKLAPAKSA bulan KARTIKA taun 1941 Caka ( 
Candrakala) Sunda. Kakara bisa nyitak 1000 kalender ayeuna teh, nya 
kitu titajongna kana...waragad. Tapi sabada kalender nyebar, tetela 
pada ngabageakeun, jiga-jiga kudu nyitak deui, terus nyitak. Henteu 
ari jangji mah ceuk Roza, ngan Insya Allah rek dicoba lamun cukup 
waragadna sabab jumlah urang Sunda teh ge us ngahontal 40 juta leuwih. 
Ayeuna masih ngagarantungkeun kalender Masehi di imahna teh. 
Diharepkeun engke mah di unggal imah urang Sunda ngagantung Kalender 
Sunda. Umumna netepkeun pananggalan atawa kalender, kudu dumasar kana 
data-data akurat, malah nurutkeun para ahli sajarah mah, kudu dikuatan 
ku pertanggung jawaban ilmiah sagala rupa. Ti mana atuh Bah Ali 
pamianganana Kalender Sunda.? Sumber datana ti mana? Bah Ali anu 
salawasna disarengan ku Ir.Roza sapara kanca henteu galideur, 
kayakinanana ku at, kalender Sunda akurat malah saurna pangakuratna. 

Aya dua sumber data anu ku Bah Ali sapara kanca dianggap bisa 
dipercaya bebeneranana, nu dijadikeun lelemah nyusun Kalender Sunda. 
Sumber data anu kahiji, Prasasti Citatah Sukabumi anu disebut 
Sanghiyang Tapak, abad 11 Masehi, nu sohor oge disebut prasasti Eyang 
Prabu Sri Jayabupati. Nu kadua data Atmadiredja ti Sukabumi, abad 20 
Masehi. Nu kahiji, Eyang Prabu Sri Jayabupati; Dina warsa Caka 952 
bulan Kartika tanggal 12 Suklapaksa. Hariang Kaliwon Radite Wara 
tambir. Mangrupa pananggalan nu panglengkepna sabab ngagunakeun WARA 
(wuku). Kadua; Data Aki Atmadiredja , ieu mah kumpulan tulisan nu aya 
tumalina jeung Pananggalan Sunda nu dibandingkeun jeung Pananggalan 
Jawa. Dina intina ngece skeun, pananggalan Sunda teh saeutikna, 6 abad 
leuwih kolot ti pananggalan Jawa. Ieu ngabuktikeun, urang Sunda ti 
jaman baheula beh ditueun baheula, bener-bener boga Kalender. Prasasti 
Cibadak, Sanghiyang Tapak tea, ditulis taun 952 Cakra Candrak a la ( 
abad 11 Masehi). Sajeroning kitu, taun 52 Saka, Aki Tirem kacaturkeun 
masrahkeun karajaan ka putrana , Nyi putri Rarasati nu ditikah ku Dewa 
Warman ti India. Karajaanna nu disebut Salaka Nagara. Tah, taun harita 
pamianganana teh, ti mangsa Aki Ti rem masrahkeun karajaan ka putrana, 
ditetepkeun jadi taun Hiji Sunda. Samemehna, Aki Tirem teh ngasta 
kaprabon Sunda anu nurutkeun taksiran Abah Ali mah di wilayah 
Pandeglang ayeuna. Hartina, carita Salaka Nagara jaman Aki Tirem, 
ninggang dina abad k adua ( 122 Masehi). Upama dicocogkeun jeung 
naskah Pangeran Wangsakerta ( abad 17), ciples pisan. 

Terus mun dihubungkeun jeung carita Salaka Nagara jaman Ali Tirem dina 
abad kadua ( 122 Masehi), jeung naskah Wangsakerta ( abad ka 17), 
katut data Atm adiredja, pananggalan Kala Sunda sabada diitung mundur 
ka tukang sacara matematik, tetela datana cocog pisan (ciples), taun 
HIJI mangsa ngadegna karajaan Aki Tirem. Gancang Sosisalisasikeun 
Leupas tina bener henteuna eta naskah, Roza Mintareja jeun g Abah Ali 
Sastraamidjaya anu leuwih ti sapuluh taun metakeun upaya pikeun nyitak 
jeung nerbitkeun Kalender , tinekanan bisa ngawanohkeun Kala Sunda ka 
seke selerna diwakilan ku para inohong anu hempak ngariung di pendopo 
bumi dines Walikota Bandun g sawatara poe ka tukang. Lajuning lakuna, 
tangtu bae kudu gancang ngayakeun sosialisasi sangkan urang Sunda, ti 
nu luhur tepi ka nu handap areungeuh, luluhurna teh ti jaman baheula 
geus boga pananggalan, ayeuna ngawujud dina kalender nu dicitak 
moderen.Tinggal sosialisasina. Saenyana nurutkeun Roza jeung Bah Ali, 
ti taun salapanpuluhan oge sosialisasi teh geus dipetakeun, tapi 
kurang pangbagea ti masarakat. Sakitu pentingna anu disebut Kalender 
Sunda, da teu aya anu kageuing, salila ieu teu aya anu n yabit-nyabit, 
sumawonna anu natanyakeun, naha Sunda boga kalender atawa henteu? Dina 
lokakarya, seminar, Kongres Basa Sunda, dalah dina KIB anu sakitu 
internasionalna oge teu disigeung, padahal Bah Ali medar Makalah 
ngeunaan Kalender Sunda. Aneh, taya sa urang oge salila ieu anu 
kageuing kaelingan, teu aya pisan kontak batin. Taun salapanpuluh tilu 
geus rek der nyitak kalender Sunda, tapi teu aya anu mantuan , nya 
taun 2005 ayeuna tinekananana teh, sakalian mieling Taun Anyar Sunda 
1941 Caka 1927. Tangtu bae dirojong ku hiji panitiya nu digawe ti 
bulan Oktober 2004, panitiya Candra Sangkala disebutna, dipupuhuan ku 
Roza Mintaredja. Tetela pada ngabageakeun. Sosialisasi saterusna 
nurutkeun Roza bakal terus dilakukeun. Bisa jadi oge ka saban daerah, 
sanajan moal bisa sakaligus. 

Dina Konperensi Internasional Budaya Sunda (KIB) Agustus 2001, Abah 
Ali panjang lebar medar makalah anu husus ngeunaan Kala Sunda ieu. 
Dieceskeun harita ge, taun limapuluhan, pun aki saur Bah Ali, 
ngawurukan hal pananggalan S unda. Tapi harita mah perhatian kana hal 
kitu teh kurang pisan. Ngan anu inget keneh teh, aya dua kala Sunda; 
KALA SAKA anu dumasar kana Surya atawa panonpoe, jeung KALA CAKA anu 
dumasar kana Candra ( bulan ). Kala Surya Saka Sunda, aturanna; Tilu 
taun pondok, kaopatna taun panjang. Tapi unggal taun nu beak dibagi 
128, dijadikeun taun pondok. Dina taun Hijhriah mah taun pondok teh 
sok disebut Taun Kabisat. Ari ngaran-ngaran bulan dina Saka Sunda, 
kahiji Kasa, kadua Karo, katilu Katiga, kaopat Kapat, kalima mah 
Kalima we, kagenep Kanem, katujuh Kapitu, kadalapan Kawalu, kasalapan 
Kasanga, kasapuluh Kadasa, kasawelas Hapitlemah, kaduawelasa Hapitkayu 
(sanes Kapit sapertos dina MANGLE 1999). Umur bulan mah piligenti 30-
31 poe, tapi bulan kaduawela s atawa Hapitkayu mah mun ninggang dinu 
pondok 30 poe. Nu panjang mah 31 poe. Saminggu dina Kala Sunda disebut 
Saptawara lilana tujuh poe. Aya deui Pancawara, eta mah ngan lima poe. 
Nu disebut wuku hartina 30 minggu, ngitungna ti poe Minggu ( Radite). 
S a windu mah dalapan taun, sarua Sunda, Jawa Bali oge nyebutna 
Sawindu. Ari ngaran poe dina Saka Sunda, Minggu Radite, Senen Soma, 
Salasa Anggara, Rebo Buda, Kemis Respati, Jumaah Sukra, Saptu Tumpek. 
Nu disebut Indungpoe hiji, eta teh 120 taun atawa 1 5 windu. Indungpoe 
dua mah lulugu atawa patokan poe jeung pasar nurutkeun itungan Candra 
Sunda. 

Ari nangtukeun taun panjang taun pondok dina Kala Saka Sunda, unggal 
taun nu ciples dibagi 128 jadi taun pondok. Ahir taun Saka Sunda, dina 
waktu surya aya di pangkidulna, isukna taun baru. Katepatan Kala Surya 
Saka Sunda: Aturan kahiji, tilu kali taun pondok (365 poe), taun ka 
opatna taun panjang (366 poe) (3 x 365) + ( 1 x 366) = (4 x 365) + (4x 
365)+1 = 1461 poe per 4 taun. Rata-rata sataun = 1461 : 4 = 365.25 poe 
per tauun. Aturan kadua : Dina unggal 128 taun jadi taun pondok ( 
dikurangan sapoe) 128 x 365.25 - 1 = 46751 poe per 128 taun. Rata-rata 
sataun : 46751 : 128 = 365.2421875 poe per taun. Ayeuna katepatan Kala 
Surya Saka Sunda: Rata-rata sataun = 46751 : 128 = 365.2421875 poe per 
taun. Ceuk Astronomi = 365.2422 poe per taun rata-rata. Dina Kala 
Surya Sunda = 365.2421875 poe per taun rata-rata. Jadi, aya geseh 
atawa kurang 0.0000125 poe per taun rata-rata. Katepatanana = 80,000 
taun. Tapi ceuk Atronomi anu anyar, tanggal 01-01-2000 Masehi. Umur 
sataun teh rata-rata = 365.24218967 poe per taun. Dina Kala Surya 
Sunda = 365.2421875 poe per taun rata-rata. Gesehna = 0,00000217 poe 
per taun rata-rata. Katepatanana = 460,830 taun. Kala Candra Caka 
Sunda mah aturanana teh ; Dina jero sawindu (8 taun), taun kadua, 
kalima jeung kadalapan ninggang di taun panjang, sesana taun pondok. 
Dina unggal taun ka-120, dijadikeun taun pondok, atawa dikurangan 
sapoe. Ku kituna indung poe taun kasalapanna pindah. Kaistimewaanana : 
Minggu = Saptawara =7 poe (=wuku) Pasar = Pancawara = 5 poe. Panca 
wuku = 7 x 5 =35 poe. Sawindu = 8 x 354 + 3 poe = 2835 poe . Saterusna 
2835 : 35 = 81. Kulantaran ciples, hartina lamun mimitina windu, poe 
Senen Manis, ahirna poe Ahad Kaliwon. Masih nurutkeun Abah Ali 
Sastraamidjaya, samemeh Islam asup ka Jawa, sajarah urang Indonesia 
anu aya angka taunna, tangtu make taun Caka Sunda. Sabab harita ngan 
pananggalan eta hiji-hijina anu dipake dina nuliskeun kal a Sajarah. 
Kala Caka ieu, ku para ahli sajarah dianggap sarua jeung Saka India 
(Kala Surya). Numatak dina mindahkeun kana kala Masehi teh cukup ku 
ditambahan 78. Kala Caka Sunda mah, kala Chandra lain Kala Surya. 
Cirina make Suklapaksa ( paro caang bulan ) jeung Kresnapaksa ( paro 
poek bulan). Nu disebut ngabungbang caang bulan opatwelas (Masehi) 
oge, nurutkeun Kalender Sunda mah tanggal 7-8 Masehi. Sabulan teh 
dibagi dua, sabagian usum bulan saparo hartina caangna ngan sabagian, 
maju ka bulan purnama t epi ka engkena jadi saparo deui, reup weh 
poek. Bulan saparo jeung bulan purnama teh lilana antara 14-15 poe.

Dieceskeun ku Ir.Roza Mintareja anu salila ieu nyarengan Bah Ali , 
kajembaran hiji bangsa teh, ebreh tina budi, daya sarta akal katut 
elmu pane mu masarakatna. Kala Sunda anu tetela adiluhung pikeun bukti 
bae, urang Sunda teh ku budi akal katut elmu panemuna ti baheula mula 
geus wanoh kana itung-itungan "KALA NGIDER" atawa KALENDER tea, anu 
dipastikeun henteu robah-robah ti abad kahiji Masehi tug tepi ka 
kiwari. Nurutkeun Bah Ali jeung Roza, data-data anu kaguar umumna 
tulisan dina lontar, prasasti-prasasti, sajarah jeung sajabana. Dina 
lontar mah nuliskeun pananggalan teh make taun Saka. Salahsaurang 
Pakar Ketimuran Walanda Dubois mah nyangkana tulisan dina lontar teh 
kala India, sabab di India oge aya pananggalan Saka. Kala India jeung 
Kala Masehi bedana 78 taun. Jadi, hiji taun Saka India, hartina 78 
taun Masehi. Sabada ditalungtik nurutkeun Bah Ali Sastraamidjaya, 
kakara kapendak jawabanana , taun dina Lontar teh lain Saka India, 
tapi Saka Sunda. Da Saka India mah Kala Surya, kapan Kala Sunda mah 
Candra atawa bulan. Taun hiji Saka Sunda hartina 122 Saka Masehi. 
Bukti sajarah anu make Kala Caka Sunda; ( 1 ), taun 0001 Caka Sunda 
lain 0079 M asehi ( 1+ 78), tapi 0122 M. Taun 1000 Caka Sunda laiun 
1078 Masehi, tapi 1092 Masehi. Bukti (2), dumasar kana beja ti nagri 
Cina, taun132 Masehi aya Raja "Ye-tian (Pulo Jawa) ngaranna " Tiao-
pien" (TIREM). Taun 132 M. mun dipindahkeun kana Caka Sund a lain 132 
- 78 =54, tapi ninggang di taun 10 Caka Sunda. Sabab ari taun 54 Caka 
Sunda mah keur jaman Dewawarman, lain jaman Tirem. Bukti (3), data 
ngadegna Bogor. Ku Prabu Terusbawa, Radite Pon, 09 Suklapaksa, bulan 
Yesa (08), taun 591. Caka Sunda = 31 Oktober 695 Masehi Julian. 
Tanggal 31 Juni 2001 teh Harijadi Bogor anu ka 519. Nurutkeun Saleh 
Danasasmita, ngadegna Pajajaran teh 12 Suklapaksa, bulan Setra (6), 
taun 1404 Caka Sunda = 13 Maret - 11 April 1428 Masehi Julian. Ceuk 
itungan Kala ngider ; Ngadegna Pajajaran teh 12 Suklapaksa, bulan 
Setra 6 taun 1404 Caka Sunda = 14 Juni 1484 Masehi Julian. Ari 12 
Suklapaksa bulan Setra 6 teh hartina taun 1937 Caka Sunda. = 9 Agustus 
2001 Masehi Gregorian. Kulanaran aya kasalahan mindahkeun pananggalan 
tina kala Caka Sunda kana kala Masehi, jadi sabenerna mah nurutkeun 
Abah Ali, buku-buku sajarah urang teh kudu diomean atawa direvisi, 
dibenerkeun deui. Sabab mun teu dibenerkeun hartina dipertahankeun 
dina kaayaan tetep salah. Para ahli sajarah di Jawa Barat memang 
kagebrag ku ayana Kalender Sunda ieu teh. Sabab nurutkeun Dr.Hj.Nina 
Herlina Lubis Ketua Masyarakat Sejarawan Indonesia cabang Jawa Barat, 
kangaranan Kalender atawa pananggalan gede tumalina jeung pedaran 
atawa ungkaban sajarah anu salaw asna disartaan bukti-bukti 
pananggalan.. Salawasna kudu kitu. Eta pisan sababna, di ruang rapat 
kantor Pusat Penelitian Kemasyarakatan dan Kebudayaan Lembaga 
Penelitian Unpad anu dipingpin ku Dr.Nina oge, lumangsung lawung catur 
atawa dialog anta ra para elmuwan jeung Abah Ali Sastraamidjaya. 
Rempeg, aya Arkeolog, Pilolog, Ahli Hisab, Astronom, sumawonna 
sejarawan mah. Kasebutna lawung catur jeung para elmuwan, anu disusul 
tepusna oge pasti anu tumali jeung bukti-bukti ilmiah. Kulantaran 
kitu, Dr.Nina sacara pribadi mairan dina seratan husus. Cindekna, 
memeh kalender Sunda ieu disosialisasikeun, Bah Ali dipentes kudu 
ngalakukeun pembuktian ilmiah. Aya Panitiya Husus di LIPI (Lembaga 
Ilmu Pengetahuan Indonesia). 

Cohagna mah pikeun netepkeun soheh teu sohehna. Upama Kalender Sunda 
geus ditetepkeun bebeneranana, sajarah jelas kudu direvisi, diomean 
deui nurutkeun Bah Ali mah. Saha Bah Ali? Panjangna mah Ali 
Sastraamidjaya, putra Sunda nu dilahirkeun di Bandung 27 Oktober 1935. 
Ngawalan pend idikan jaman Hindia Walanda di HIS, HLS, HBS, ti dieu 
neruskeun ka MULO, saterusna ka MTS ( Midelbare Technic School, ayeuna 
mah STM. Tamat taun 1958, ti dinya langsung didamel di Perkebunan 
Kabuatren Cianjur. Taun 1969-1970 ngulik elmu komputer di nagr i 
Walanda. 1970-1974 tina dunya tehnik langsung mabal ka dunya sajarah 
nu tumali jeung kasundaan. 1974-1978, ngiriung aktip di proyek 
ningkatkeun kabudayaan Jawa Barat. 1981-1983 masih sabudeureun budaya 
Sunda. Ti taun 1972-1990 proses ngarengsekeun buk u ngeunaan 
karawitan, aksara Sunda jeung Kala Sunda. 1991 Hak Cita Kalender 
Sunda, Aksara Sunda jeung Karawitan.1991 tepi ka ayeuna proses 
ngarengsekeun kamus basa Sunda , sosialisasi Kala Sunda jeung 
nataharkeun buku Kala Sunda. Ir.Roza Rahmadjasa Mintaredja mah, 
arsitek wedalan Universitas Parahiangan, tepi ka taun 2003 jadi Ketua 
Harian Kadamas, samemehna kungsi jadi rengrengan panmgurus Pusat 
DAMAS. Tepi ka ayeuna jadi Konsultan Perencana PT. Interbumi. [MANGLE 
2005]

 

nHRS

klik di dieu Kangge ngeusian komentar 
Komentar anu parantos lebet:
        
        
232968 urang anu parantos namu ka website ieu 
Kangge Kritik sareng saran tiasa ngirim email ka:
[EMAIL PROTECTED]
---@ Copyright 2003 hak cipta dilindungi undang-undang---





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke