--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Dina Koran "Tribun Jabar" poe ieu dibejakeun cenah gubernur Jabar 
Dani Setiawan, kaget barang ditaros ku wartawan soal rengatna jalan 
Cadas Pangeran. Gubernur rungah-ringeuh da teu acan nguping wartos 
sareng teu acan aya laporan perkawis ieu ti bawahanana.

Beu.....geuning gubernur teh tara maca koran nya, padahal wartos 
soal 
rengatna jalan cadas pangeran, parantos aya saminggu langkung, malah 
aya kana dua mingguna, diwartoskeun ku media lokal oge ku media 
nasional kitu deui ku televisi. Paingan atuh lamun aya wartos 
anu "rame" dina koran, para pejabat terkait mah ah sok santai we, da 
teu terang tea, alias tara maca koran.

Sok emut dongeng perkawis lalakon Ali Sadikin waktos jadi gubernur 
DKI. Subuh-subuh keneh parantos maca puluhan koran, teras wartos anu 
ngeunaan DKI, ku anjeunna ditandaan ku spidol. Dikumpulkeun ku 
staffna kanggo ngarespons wartos dina koran. Di Jabar koran mung aya 
sababaraha hiji, teu puluhan jiga di Jakarta, jadi saleresna macana 
oge henteu nyeepkeun waktos sanajan macana bari dieja oge .....


WALUYA
--- End forwarded message ---






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke