Atuh keun we urang make ayakan, diayak we nepi ka mana nu engke jadi saripati keur dipake sapopoe boh dina kaayaan formal boh kaayaan non-formal. Nu kudu jadi tarekahan mah nya eta supaya ayakanana aya eusian, basa teh kudu "dipake". Sim kuring hayang terang yeuh, di jawa sorangan kumaha aya kitu jaman kiwari nu ngabadungdengkeun undak usuk basa jawa? salam tirta
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Aya leresna oge pamadegan Kang Rachmat teh. Lebah pasoalan basa Sunda antara undak-usuk vs loma, ti heula oge si kuring kungsi madungdengkeun, aya sari kontroversi...alias masih jadi pasoalan. Lilinggerana teh kira-kira kieu: ayeuna gede pamenta, sangkan basa Sunda anu digunakeun teh basa Sunda loma (sok sanajan ieu oge perlu dibuktikeun deui sacara statistik, tapi keun bae tunda heula hal eta mah). Di sabrang hiji deui kira-kira kieu: anu geus idek liher dina budaya, komo anu manukna dina soal basa mah, aya kacondongan ana nulis atawa sasauran teh, migunakeun basa Sunda anu "nyurup" atawa "lebet kana ugeran undak-usuk basa" (sebut bae: basa Sunda anu lemes). Kaayaan anu kadua ngahaja make tanda curek ("..."), sabab, boa-boa anu disebut basa loma teh taya lian ti migunakeun basa anu "merenah" tea. Kecap "merenah" oge ngahaja make curek deui bae, sabab, bisa jadi anu ku hiji jalmi digunakeun sapopoe kalayan pangrasana basa anu lemes (ceuk aturan undak-usuk basa, upamana), tapi satemenna heunteu merenah (ceuk basa Sunda anu sakuduna nuturkeun historis, tatabasa, jst-na). Kukituna, mudah-mudahan bae sesebutan basa Sunda anu merenah (minangka ralat/pangropea kana istilah basa Sunda anu loma) bisa leuwih nyumponan anu dimaksud. Nyatana basa Sunda anu di sagigireun komunikatif teh oge nyukupan aspek-aspek filosofis, psikologis, jeung nu sejenna dina hiji basa anu digunakeun. Ngan, upamana bae dina basa Sunda anu merenah ieu loba kapanggih basa Sunda anu loma, nya eta mah meureun wayahna bae, da kitu kaayaanana. Atawa, satemenna, nya anu loma ieu lolobabana anu nyoko kana basa anu bisa ngawadahan aspek-aspek filosofis, psikologis, geus lir historisna mah, di sagigireun komunukatif? Wallohu'alam. Baktos, manAR --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tapi ari ceuk kuring mah aya cara berpikir anu teu > logis jeung perlu dikoreksi. > > Naha aya jaminan lamun basa sunda anu dipake ku US > basa sunda anu loma atawa sunda kasar, bakal loba > urang sunda anu bakal make basa eta? > Naha enya basa anu dimamanis (eufemisme) jalma nu > makena jadi munafik? > naha lamun basa sunda kacampuran atawa kapangaruhan ku > basa sejen, jadi teu aya hargana atawa ijid? > > Pasualan bahasa, sigana masalah anu teu sagawayah, aya > aspek-aspek filosofis jeung psikologis. > Lamun ningali sajarah dipakena basa Indonesia anu > tadina tina basa malayu jadi basa nasional, cenah mah > sabab basana komunikatif. Lamun ngan ngandelkeun kana > komunikatif mah, geus wae atuh basa Indonesia teh > diganti jadi basa betawi, pan leuwih komunikatif lin, > sabab unggal poe dipake dina acara tivi, teu kudu make > teksbooks atawa maca pedoman Pemakaian Bahasa > Indonesia sagala, tulisanana Yus Badudu atawa Gorys > Keraf. > Sok lamun basa Sunda siga kitu kumaha tah? > > > mrachmatrawyani > > --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Komentar baraya ti SundaNet.com, ieu alamatna: > > > > http://www.sundanet.com/artikel.php?id=251 > > > > --- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Etateh pamadegan saha, kang? Alus guning euy > > > pamadegan teh. Kuring satuju lah. > > > > > > Wasalam, > > > durachman > > > > > > ===== > > Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ > > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > > > > > > > __________________________________ > > Do you Yahoo!? > > Yahoo! Small Business - Try our new resources site! > > http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Small Business - Try our new resources site! > http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ --- End forwarded message --- PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
