Jaman geus robah, kitu cenah ceuk panganteur Majalah Tempo dina
wawancarana sareng Ali Sadikin. Robahna teh baheula mah di taun
1978'an Ali Sadikin teh idolana budak ngora, utamina mah mahasiswa.
Waktos Ali Sadikin masihan kuliah Studium Genarale di Aula Barat
ITB, nu dikhususkeun keur tingkat akhir, eta aula teh pinuh sanes wae
kunu tingkat akhir tapi oge ku mahasiswa tingkat sahandapeunana,
kaasup kuring nu seseledek hayang terang jiga kumaha ari Bang Ali
teh. Mahasiwa teh sadayana jiga nu kasihir, jerempe teu aya nu
nyarios, ngan pas aya di dipanujuan, ger surak. Padahal mahasiswa ITB
di taun 1970'an kaasup mahasiswa panggalakna ka pejabat, lamun
pejabat nu teu dipikaresep, pas masihan kuliah SG teh, kalahka
ngadamel kakapalan tina kertas, teras dikalayangkeun, malah sok
rajeun aya nu keuna kana mastaka sang pejabat. Kantos aya
nu "pundung" ngagejlig kaluar, bari ngancam arek manjarakeun.

Ali Sadikin di taun 1977 (saprakna liren jadi gupernur DKI) seueur nu
ngadorong-dorong supaya jadi Presiden RI, ngan henteu dimungkinkeun
dan anggota MPRna ditunjuk ku Suharto sadayana.

Ide bang Ali perkawis judi sareng lokalisasi pelcuran di jaman
ayeuna, dijaman urang Indonesia leuwih laleket aribadahna dibanding
taun 1970'an (tiasa ditingali ku tambah seueurna masjid, peminat naek
haji anu henteu katampung), tantos ide Bang Ali teh kacida
kontroversialna. Tapi leupas tidinya, ucapan Bang Ali "Saya rela
masuk ke neraka", ceuk kuring mah leuwih nunjukkeun sifat ksatria
anjeunna, anjeunna sanggeum menderita sanajan tepi ka kudu asup di
naraka oge, asal rakyat nu dipingpinna ku anjeunna sejahtera. Jadi
leres Bang Ali mirip sareng syair sufi nu diposting Kang Oman. Di
jaman pamingpin jaman ayeuna nu leuwih mentingkeun pribadi, tong boro
asup ka naraka, dititah hirup didunya entong mewah teuing oge, mumul
alias ogah (malah menta gaji dtambahan 15 juta!). Ucapan Ali Sadikin
ieu mere conto, lamun jadi pamingpin kudu wani berkorban, eukeur
rakyatna, sanajan annjeunna kudu ........asup ka naraka!

Tapi eta mah ceuk kuring .......

Baktos,
WALUYA






--- In [email protected], "Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> leres teh Ina abdi ngarojong, audzubilahi min dzalik kedah ka
naraka mah,.... mugia dibukakeun hatena si aki teh, yen pamadegan
anjeuna teh lepat pisan...






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke