Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

--- In [email protected], "Oman Abdurahman" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:



. Masalahna heunteu sederhana, heunteu siga ngabedakeun 
hideung jeung bodas, kacida pinuh ku tangtangan, jurang lungkawing, 
lebak cameot pikakeueungeun upama hayoh ku urang diumbar 
magunemkeunana. Anu aya kalah ka beak energi.

Si kuring satuju pisan kana cita-cita ngalarang judi, atawa usaha 
meunangkeun pangupah jiwa bangsa lain tina hasil judi. Eta udagan 
luhur anu sakuduna. 

======================

AS saenyana mah jelema praktis.

Usaha nu matak jadi urang wani hirup sorangan teu ngagantungkeun ka batur teh 
saenyana mah bibit nu mun jadi engkena bakal jadi halangan gede ka usaha anu 
disebut kapitalis.

Cobi wae di emutan ku naon usaha koperasi di nagara urang paeh henteu hirup 
henteu ?

Jadi lamun aya usaha jiga pamikiran AS, pasti rea nu "anti". Ti mimiti usaha 
dagang utamana usaha dagang "asing" ( kongomelarat tea), nepi ka pamingpin anu 
geus biasa dibalanjaan ku pausahaan-pausahaan, ku ayana pamikiran AS 
maranehanana bakal leungiteun usaha.

Ku euweuhna duit, ngahaja dijieun kitu supaya nagara leuwih gampang diatur 
kusabab ku rea teuing hutang ka bang sajagat.

Ayeuna keur diusahakaeun eta jelema anu jadi arsitek merangan nagara saeribu 
hiji arek dijadikeun direktur bang sajagat.

Ku pelor haslna kurang, boa ku kertas hejo leuwih efektip dina "ngajajah" 
nagara-nagara. Nya sina ngahutang nepi ka teu sanggup mayar.

Jeung deui, naha urang bet arek jadi "polisi" kana usaha syaiton anu rek mawa 
jelema-jelema ka naraka. Naha urang sorangan geus ngarasa yen Agamana urang 
geus luhur. Naha urang ngarasa yen urang mah ku teu satuju jeung "judi" garansi 
moal asup ka naraka?

Jeung deui anu resep "judi" mah seler Cina, naha urang nu ribut-ribut. Naha 
uang anu agaman Islam rek jadi "pahlawan" ngausahakeun supaya eta seler Cina nu 
resep "judi" sangkan ulah asup naraka?

Ceuk kuring mah, puasa di leuweung jeung puasa dikota, leuwih hese di kota. 
Kuat henteu urang sorangan merangan nafsu urang?

Tah eta mah da kabiasaan bangsa Indonesia, leuwih rea ngaluarkeun energi jang 
mikiran batur heula. Ari diri urang sorangan teu dipikiran, padahal urang 
sorangan ge boa-boa calon ka naraka ku tingkah polah urang anu teu merenah boa 
teu sajalan jeung ajaran Agama Islam.

Ngaku agama aing Islam mah gampang euy, tapi sok tanya ka diri sorangan " ari 
kuring teh geus jadi Muslim atawa acan"?

Ceuk pepatah Cina," iinditan nu rebuan kilometer dimimitian ku lengkah anu 
kahiji".

Lengkah nu kahiji teh urang sorangan heula, lengkah nu kadua kaluarga urang 
sorangan. Samemeh rek ngomong, samemeh rek ngalaksanakeun nanaon, diajar nanya 
ka diri sorangan...naha pemikiran jeung tingkah polah diri sorangan ieu teh 
Islami atawa henteu !

Tibatan mikiran Cina-Cina supaya teu maen "judi", kumaha mun urang sarerea 
mikiran runtah nu ngagunung di kota Bandung.

Mikir sangkan kota Bandung jadi bersih. Nya ngamimitianna, kumaha mun runtah 
urang sorangan disortir, gelas , plastic, kaleng, metal. Terus runtah sejenan 
di piceunna kana liang di digali ditukangeun imah. Inget baheula keur leutik.

 

Abah Joe


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Small Business - Try our new resources site! 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke