Wahahahah....,
Enya bae, tong boro jaga abad ka-24, ayeuna ge geus pijugalaeun Si Uwa mah.
Ke ke... kahirupan abad ka-24 teh kumaha nya? Tong boro ngomongkeun
urang Sunda nu "leutik", Indonesia aya keneh kitu? Alam dunya ieu
masih keneh siga kiwari kitu? Boa-boa geus euweuh wates nagara, saalam
dunya geus hirup waluya bari runtut raut sadayana. Atawa geus tinggal
tutunggulan balas sakitu kali perang dunya?
Taun 2300 teh ukur 12 turunan deui, teu lila. Naha aya keneh urang
sunda? Aya kamungkinan basa Sunda geus musna, sabab wates2 sekeseler
geus musna ku ayana pacampuran antarbangsa. Saalam dunya geus ngahiji.
Sekeseler geus teu bisa dibedakeun, sabab kawin campur geus mahabu ti
ahir milenium kadua keneh, sahingga beuki ka dieu basa nu diajarkeun
teh nu praktis bae, nu dipake ku umumna warga dunya nu ngawasa
tehnologi.
Jaman baheula, manusa sumebar ka sakuliah dunya sakarepna sakarepna.
Lajeng masing2 ngembangkeun basa di masarakatna, jadi bae basa Sunda,
basa Inggris, basa Latin, basa Jawa, basa Cina, basa Arab, jsb.
Jaman beuki maju, jelema beuki motekar. Bangsa2 nu papisah rewuan taun
papanggih deui, ngahiji deui. Sakabehna milih basantara (lingua
franca) nu bisa dipake babarengan.
ti hiji mekar ngarangkadak jadi rewuan, geus ngarangkadak ngariut deui
jadi hiji. Hidup Persigar!
sk
On Apr 2, 2005 1:53 AM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nu bakal beunghar mah dina taun 2300 teh sigana janggawareng, udeg-udeg,
> bao, gantung siwur turunan sim kuring lantaran di inyana aya buku basa
> Sunda, aya Kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg anu terbit 1862 ( kabeneran
> boga aslina), Priangan FW de Haan anu terbit 1910 4 jilid (kabeh ge aslina),
> Kamus Walanda-Sunda Colsma 1911 (asli alus keneh deuih) Ensiklopedi Sunda
> Ajip Rosidi, Sri Panggung, Carmad, Purnama Alam, Panji Wulung, Rengganis,
> Lain Eta, Si Kabayan Jadi Dukun, HHM jeung karyana, jste.buku sajarah ge
> aya.
>
> Sabab eta buku-buku teh bakal disebut "antiquariaat" , buku kitu ceuk cenah
> mah ayeuna ge geus mahal, komo engke taun 2300 perkara basa Sunda dina taun
> 2300 aya keneh atawa geus ilang, buku buku eta bakal tetep mahal.
>
> Meungpeung ayeuna mah taun 2005 keneh bilih bade maca buku-buku Sunda mangga
> arameng ka rorompok sim kuring, majalah heubeul kayaning Parahyangan, Sunda,
> Gondewa ge aya, mung majalah teu seueur ketah tamba kawaranan mah cekap lah
>
> Baraya,….sim kuring bade ngical hiji buku anu judulna Jean Chretien Baud anu
> terbit taun 1880an pangarangna P.Mijer basa Walanda upami ditingali dina
> salah sahiji situs ti Walanda hargana teh 1200 Euro, di sim kuring mah cekap
> 700 Euro bae.
>
> Dina ieu buku nyabit nyabit Bogor jste (ma'lum basa Walanda sim kuring mah
> nu apal teh ukur mooi wungkul), bilih palay uninga saha ari Jean Chretien
> Baud mangga we dipilarian dina Google.
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/