Sigana ieu mah ku kamajuan teknologi informasi jeung nasib anu pancen dina 
widang data sareng informasi, ti mana bae sok meunang warta, boh beja 
(bacaan), audio (dedengean) atawa kombinasi duanana jeung gambar 
(audiovisual) ngeunaan sagala rupa, ti mimiti anu penting, pikaresepeun, anu 
diteangan atawa pikamelangeun. Anu seja disalabarkeun ayeuna teh ngeunaan 
audio pikamelangeun ngeunaan "kamekaran" rumaja urang, sok sanajan keur 
sabagean anggota milist, anu sarupa kieu teh tangtu lain beja anyar. Anu 
dipiharep, teu aya sanes sangkan ieu warta teh jain bahan pieunteungeun.
 Isuk-isuk keneh, ka si kuring geus aya anu laporan bari nembongkeun conto 
audiovisualna, saruntuyan gambar-gambar barudak SMA anu 
keur--Nau'ddzubilaahi min dzaalik, pamugi barudak katurunan urang mah 
disalametkeun tina laku sarupa kitu--nembong-nembongkeun auratna, nepi ka 
bulucunna. Enya, sakumpulan budak SMA aya 3-4 urangna, ngahaja 
nyngkab-nyingkabkeun bajuna tug nepi ka bulucunna di kamar mandi. Eta teh 
barudak SMA di Jakarta cenah. Dunya memang geus owah. Urang teruskeun 
lalaunan ngaguarna.
 Keur anu sok laha-loho kana alamat situs-situs sarupa kitu, ieu beja teh 
lain beja kamari sore. Enya anu nyieunan gambar-gambar /video teu uni anu 
bentangna barudak sakola teh geus ti beh ditu keneh aya malah kawilang loba. 
Ngan, ku ayana beja anu ieu tadi isuk-isuk, tetela laku sarupa kitu teh 
ayeuna geus bisa disebut terang-terangan. 
 Ceuk anu mere beja tadi, cenah ayeuna di kalangan barudak rumaja SMA jeung 
industri per-video-an (anu tangtu bae ilegal) ayeuna di Indonesia geus 
mimiti atawa aca kacondongan (trend) mahabuna nyieunan video klip porno anu 
durasina parondok (heunteu kungsi samenit). Teu rek kitu kumaha, biayana 
kawilang murah, cenah, ukur sajutaan. Tujuanana, teu aya deui iwal ti 
kaperluan dagang tea, alias jualan birahi. Eusina, heunteu ari nepi ka 
cawokah pisan alias mintonkeun adegan hubungan badan mah, tapi sarupa 
pangbibita keur boss-boss anu kabeukina nu kararitu sigana.
 Duh Gusti, melang teuing ka barudak rumaja bangsa urang. Ekses tina 
kamekaran dunya industri-globalisasi-IT jeung lemahna moral oge tikusrukna 
paekonomian bangsa jeung panalinga kulawarga nepi ka ngabalukarkeun sarupa 
kitu. Kukituna, mugi iber ieu jadi hiji "warning" panginget, sangkan urang 
-utamana anu tos gaduh barudak mangsa ningkat kana rumaja atawa keur 
meujeuhna rumaja - carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket. Pamugi 
urang sadaya, khususna anu icikibung dina milist bae heula, tiasa ngajagi 
kulawargana sewang-sewangan sangkan heunteu ragrag kana kaayaan sarupa di 
luhur anu kacida pikamelangeunana. 
 Aya sababaraha tips anu bisa dijadikeun lengkah-lengkah panghulag pikeun 
ngajaga kulawarga tina eta kamaksiatan anu balukarna lain bae keur anu 
ngalakonana, tapi oge kulawarga jeung lingkunganana. Hapunten, ieu tips teh 
make rumus "saka" bae heula, alias sakainget. Ke manawi aya waktu luang 
urang nyusun anu ngentepna):
 1) Salawasna kudu ngayakeun komunikasi jeung barudak. Satiasa-tiasa, urang 
kedah terang barudak keur aya dimana nalika maranehna keur di luar imah. 
Upama anjeunna dihubungan dina HP manehna keur aya di anu, di anu, urang 
ulah kitu bae nampi, kudu ngayakeun pamariksaan. Pamariksaaan teh upamana 
(urang nanya ka budak): "Coba anjeun nelepon tina telepin imah atawa wartel 
anu deukeut di nya ka HP bapa/ibu", jst
 2) Upama lingkungan sakola barudak teh lingkungan anu jegud, diantara 
babaturanana aya anu bogaeun alat-alat mewah sarupa handycamp atawa HP anu 
bisa moto, ulah waka gumbira. Talingakeun lingkunganana, saha bae babaturan 
eta babaturan barudak, naon bae anu diobrolkeun jeung dilakukeun ku 
maranehna saba'da rengse diajar di sakola, ka mana trend arulinna, jsb,
 3) Pake model komunikasi emotional quality. Dina ngobrol jeung barudak, 
peupeujeuh kolotna teh ulah nempatkeun salaku kolot anu sagala nhyaho, 
sagala rupa pangbenerna, alias model indoktrinasi. Samemeh nyieun intruksi 
atawa ngayakeun katangtuan pikeun barudak, teuleuman heula naon masalah 
atawa kasusah maranehna, naon anu jadi kahayangna, jrrd. Ti dinya tuluy 
lalaunan urang ngayakeun diskusi anu engkena urang kalawan teges ngebrehkeun 
naon anu jadi kahayang urang anu sae ka maranehna.
 4) Reujeungan hiji ancaman atawa hukuman ka barudak dina mangsa-mangsa 
ngalakukeun ka salahan ku pangajen atawa "penghargaan" upama maranehna 
nyieun prestasi kahadean. Ceuk dina Quantum Learning, satiap kasuksesan 
barudak urang, sakumaha bae oge leutikna, eta kudu dirayakeun (celebrate). 
Urang mah salaku ummat anu nyangking agama lengkah sarupa kitu teh tos aya 
wadahna, nyaeta syukuran tea. Kudu syukuran atawa celebrate urang kana naon 
bae sukses prestasi barudak urang sakumaha bae leutikna (kaasup syukuran 
ulang taun tea kalawan dituturuskkeun kana kahadean);
 5) Salawasna ulah petot-peto nyieun kahadean sakumaha bae leutikna sareng 
ngadu'a kalawan eta kahadean jadi wasilah, wasilahna sangkan kahadean urang 
teh jadi sarupi pangjaga, ka urang jeung kulawarga urang, tina naon rupi 
hawa jahat anu narik-narik tigebrus kana jurang kahinaan. Teu aya sanes, 
amal sholeh ka papada manusa teh eta benteng pangkuatna dina ngajaga 
kahirupan sangkan salamet nepi ka anu dituju.
 Hapunten, sanes mapatahan ngojay ka meri, jalaran sami si kuring oge nuju 
diajar jadi kolot. Ieu mah darma nalepakeun ka melang bae. Hirup mah 
sadayana oge diajar, hirup anu sakali teh kudu sakali jadi da moal aya 
ulangan hirup deui di dunya pikeun ngahadean naon anu geus salah. Pilihanana 
ngan aya dua (kalawan anu katilu mah abu-abu tea): sakali jadi dina kahadean 
atawa sakali jadi dina kagorengan. Pilihan sejenna anu katilu: eta mah anu 
abu-abu alias campur (nya sakurang-kurangna upama masih seueur anu hadena 
mah masih lumayan). 
 Hayu urang silih do'akeun sangkan katurunan urang-kahayang mah kulwarga 
saalam dunya-leupas tina rupa-rupa kajahatan.
 Baktosna,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke