Baraya,
 Sakumaha ti heula disebutkeun, poe Salasa anu karek liwat teh si kuring 
sareng Kang Dadang (KD) nepangan Kang Yaya sareng kolegana, saurang profesor 
ti Yonsei University, Korea, anu ngahaja ka Jakarta sareng Kang Yaya, di 
hiji hotel (teu aya kasus "suap menyuap" ieu mah :) ). Ieu patepung lawung 
teh minangka lajuninglaku babadamian samemehna sareng Kang Yaya ngeunaan 
kamungkinan ngarambah ekspor sarupaning kokonengan ka Korea. KD kitu soteh, 
da si kuring mah ukur panglayar. Nya minangka oleh-oleh tina panglawungan 
kamari, si kuring teh ku Kang Ya sareng kolegana diwanohkeun ka Xanthirrhiza 
(Neng Xanthi R.).
 Enya...ku matak reueus, ayeuna Kang Ya teh horeng nyepeng kalungguhan 
salaku ketua asosiasi jamu indonesia-korea. Dina lebet eta kalungguhan, 
anjeunna teh keur bajoang, sangkan sababaraha komoditi tatanen urang tiasa 
kadaftarkeun/diangkeun di/ku Korea salaku komiditi anu sah dibalantikeun 
(diperdagangkan). Diantara anu tos hasil diaku ku Korea teh aya 4 komoditi, 
diantaranan sarupaning kokonengan anu dilebetna linggih Neng Xanthi R. Sugan 
bae atuh, ku cara teras ngahubungkeun ieu informasi ka balad US sareng 
link-na di darat, tiasa kalaksanakeun aya hubungan ex/im port komditi 
tatanen urang - Korea. Diantarana, nya KD ieu anu kamari dianteur.
 Salila ieu, anu ditalungtik atawa dipilarian ku para ahli atawa industri 
dina sarupaning kokonengan (family: *Zingiber*) teh nyaeta zat anu disebut *
Cucurmin* tea. Kagunaana ieu *Cucurmin* teh rupi-rupi, diantarana kanggo 
mujarobat/pangobatan (industri farmasi). Nya dina tutuwuhan sarupi jahe, 
koneng gede, temulawak, kunyit, jrrd, urang tiasa mendakan zat *cucurmin*. 
Dina leresan ieu, industri atawa padagang anu ngagugulung sabangsa 
kokonengan, boh dina raraga jual beulina atawa proses ngolahna tos kalintang 
seueurna.
 Tah, akhir-akhir ieu, *interest* panalungtik/industriawan Korea kana 
sarupaning kokonengan rada benten. Aranjeunna heunteu milarian Cucurmin tina 
bangsa kokonengan teh, balikta anu dipilarian ku aranjeuna mah nyaeta hiji 
zat anu sasarengan sareng Cucurmin, aya kapendak dina bangsa kokonengan. Ieu 
zat anu dimaksud teh namina: Xanthirrhiza anu didieu disebat Neng Xanthi R. 
Enya da keur panalungtik bangsa urang mah kaasup pawaran keneh Neng Xanthi 
teh. Tiasa disebatkeun teu acan aya panalungtik bangsa urang anu nalungtik 
atawa ngayakeun kajian ilmiah daria ngeunaan kandungan Xanthirrhiza dina 
golongan jajahean atawa kokonengan.
 Keur naon cenah kagunaan Neng Xanthi R. teh? sakumaha curcumin, 
xanthirrhiza oge sami, dina kadar konsentrasi anu tinangtu, ngagaduhan 
manfaat pikeun pangobatan rupi-rupi panyawat. Kitu ceuk cak-cak bodas 
juragan Yaya. Teuing na ari di urang teu katalungtik nya soal anu kararitu? 
apan di urang teh tempatna eta tutuwuhan jaradi malah subur jadina teh. Eleh 
ku bangsa Korea, alamna teu boga kokonengan oge kuat ka impor ti 
nagara-nagara anu wewengkonna subur ku tutuwuhan kokonengan.
 Kandungan neng Xanthi R. dina kokonengan (konenggede, temulawak, kunyit, 
jrrd) kacida seutikna, leuwih saeutik tinimbang Curcuma. keur saeutik teh 
hese deui ngaluarkeunana (ekstraksina) sabab ayana sumebar dina pakulitan 
jeung daging beubeutianana. Kukituna, kacida hesena ngolah kokonengan 
sangkan ngahasilkeun kandungan Neng Xanthi R. tina satiap satuan beuratna. 
Pamugi bae, sababaraha conto anu kamari ku KD dipaparinkeun ka Kang Ya tiasa 
kaango (kandungan Neng Xanthi R.-na nyumponan sakumaha standar anu 
ditetepkeun ku pihak Korea.
 cag heula.
 baktosna,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke