> Haturan... Baraya,
Beu..! punten da bongana ka pentog kedah nambihan yeuh...,nya atuh
urang toongan bae anu katoong mah....,
Upami di daerah padumukan sim kuring mah, nyaeta florida tea,
ieuteh nami salah sahiji state anu aya di USA. Dingawitan ku bandera
USA anu ngagaduhan bintang 50 siki upami teu lepatmah, ieuteh
ngalambangkeun ngahijina ti 50 nagara2 bagian di USA, janten state
teh saleresnamah nagara alit, anu ngarupakeun bagian tina
perserikatana anu aya disahandapapeun pemerintahan pusat/FEDERAL.
satiap state ngagaduhan hukum sewang-sewangan, numatak lamun
penjahat kabur ngalintas state teu bisa di tewak ku polisis lokal
aya khusus namina TROOPER, ieu tugasna interstate.
Sahandapeun State aya namin teh County dugi tiasa ka puluhan conty
sa state-na teh, tiap county ngabogaan Court house/gedung
persidangan sewang-sewangan,ieu teh satarap kotamadya ,teras di
sahandapeun county aya namina teh city,sa county teh kadang aya 4,5
city, panginten satarap sareng kacamatan, memang katingalna teh
praktis sederhana tapi teratur, boh tina kawenangan hukum
lalulintas, kriminal, pembagian daerah bisnis,pajek jrrd.
Anu jadi reueus deui teh di dieu mah, rahayat tos percayaeun ka
pamerentahan kanggo ngaggolangkeun pajak panghasilan, jadi satiap
individu anu ngabogaan gawe pasti kudu mayar pajek diantara-na;pajak
Federal, SOcial security, sareng Medicare. Pajak federal tiap taun
bakal dibalikeun deui, kujalan nga klaim return tax, pajak social
security ieu mah kangge pensiunan..., sareng medicare mah ieu mah
lepas lebet kana dana tunjangan kesehatan negara, anu fungsina
kanggo nga back up anu teu mampu dina hal kasehatan.
Nyieun KTP, SIM ieu sanes di kaluarkeun ku kapolisian atanapi
kelurahan, tapi aya bagian khusus anu nanganan ditiap county anu
namina DMV(Depart. Of Motor Vehicle), janten teu aya anu namina
RT/RW,kalurahan.
Masalah Runtah:
Anu katoong ku sim kuring, di dieu pangalolaan runtah kacida
diperhatikeun pisan saur urang kidul mah Sariuuuussssss...!!,soalna
nyangkut kana tingkat pola hirup urang bule anu geus alus.
So'al ngalola runtah dimimitian ku ayana masterplan dina tataruang
wawangunan anu rapih di dieu mah hampir 99,5% teu aya anu disebut
jalan Gang, sadaya wangunan perumahan kudu disisi jalan, janten
kendaraan naon bae tiasa ngakses kaimah sing saha bae.
Hal ieu nga gampangkeun kanggo tukang pos, tukang sampah kanggo
sareng polisi.
Upami gaduh imah nyalira, teu tias kitu bae ngarubah, ngawangun
tanpa sakanyaho inspektur, malihanmah,ngabangu-na bae kedah
ngaliwatan ahlina, kontraktor anu profesional, teu meunang nyokotan
sorangan boh tukang tembok, tukang kayu,tukang laden, tukang
kenteng,tukang listrik, ledeng jll. da nyakitu gening Labour teh
mahal pisan didieu mah.
tah kukituna tiap imah kedah ngabogaan hiji atawa dua roda box
runtah anu tiasa di beuli ti city council-bagian pengelolaan runtah,
anu fungsina kanggo runtah plastic, kertas, sareng kadaharan. Truk
runtah anu sok datang teh dua kali dina saminggu, kemis kangge
runtah baseuh, salasa runtah garing, plastik, kertas jsb. Truk na
tos didesign khusus jiga kotak beusi tertutup, anu ngagge sistim
hidrolik kanggo mangkuan eta gorobak runtah teh, janteu geus lain ku
jelema deui, tapi ku robot, tapi kadang aya oge kenekna keur
nyokotan anu awur2an, atawa barang2 kertas laina, tah ieu teh di
kelola ku unggal city tea, anu ngabogaan tempat penampungan sareng
pabrik daur ulang-na. sapertos di belanda-mah tos ngagaduhan
pembangkit listrik tenaga sampah.
Tah Saleresnamah di Bandung Oge kanggo runtah jenis2 nu tangtu mah
tos aya anu ngadaur ulang tea, mung prosesna manual tea, Sapertos
Beusi, plastik, ngaliwatan tukang /pamulung tea anu di jual ka
bandar, boh bandar beusi atanapi bandar plastik sareng kertas,kusus
keur plastik mah kaleresan ki adi tos ngalola tilu pabrik di daerah
Bandung kidul,soreang nakeun, tah anu teu acan aya teh anu ngadaur
ulang runtah rumah tangga, anu memang ieu mah kalintang pisan urgent-
na, da dina sababaraha dinten penyebaran bakterina tangtos gancang
pisan anu nimbulkeun bau haseum tea atanapi bau atah adol tea..
he...he.., tah kukituna atuh mudah2an ki kuncen/Kang Oman sareng
reng-rengan tiasa ngawujudkeun eta program daur ulang tea janten
gemuk, supados masalah runtah tiasa kapecahkeun sakedik-kedikeun.
(SOk Atuh baraya anu sakuliah dunya pangmantuankeun ngabedol
Investor kanggo ngawujudkeun Pabrik Daur Ulang di Bandung, terutami
Kang Yan, Abah Joe,Teh Neny saha bae, ari sakuringeun mah tos
nyobian di obrolkeun Jeung urang,Walanda,Canada, Jepang waktos aya
acara SEA TRADE pariwisata di Miami nyakitu teu acan aya nu
nyanggut). cag sakieu heula bilih bosen...he...
NB;Bagea Kang Yan upami sim kuring gubernurnamah-Kang Yan tiasa
latihan tah dikantor ka gubernuran... urang latihan hut...het, dugi
ka ngesang he....he..
Baktos
Oeking
> Sa kitu heula Kang Maman mangga nyanggakeun ka Abah Joe, Abah
Adjat,
> > Kang Asep, Teh Nenny
> > tambihan wae US nuju haus informasi.
> >
> > Baktos
> > Yan NYC
> >
> >
> >
> > On Monday, April 11, 2005, at 03:21 AM, Kang Maman wrote:
> >
> >>
> >> Kang Yan Sastranegara...Haturan..
> >> Kumaha daramang ?
> >>
> >> Saleresna sim kuring gaduh patarosan kieu:(kitu oge ka
> >>
> >> Ka Abah Joe Ragan di USA)
> >>
> >> Kumaha modelna sistem penyelenggaraan negara model di
> >> USA ? Kumaha pembagian wilayah/daerahna ?
> >> Aya teu nu namina Kabupaten, kota,
> >> kecamatan,kelurahan, RW sareng RT ?
> >> Kumaha carana ngadamel KTP ?
> >> Teras naon bedana "state" sareng "country" ?
> >> Mangga nyanggakeun; sim kuring naroskeun teh pedah wae
> >> gaduh "hipotesa" ningali "pabaliutna" negara urang teh
> >> kulantaran konsep birokrasi(pemerintah pusat
> >> /sentralisasi) bentrok/pakepuk sareng otonomi(
> >> kewenangan daerah/desentralisasi)
> >>
> >> Contoh nu karasa jeung kaangseu haseum pisan bauna
> >> dugi tug ka kiwari numpuk kamana-mana jeung
> >> dimana-mana di unggal juru kota bandung;SAMPAH.
> >>
> >> (...nembe pasualan sampah... KOMO ....)
> >>
> >> Kacipta... peserta mieling konprensi AA; panginten
> >> kedah nganggo mobil AC teras upami bade kukurilingan
> >> di bandung; ditambihan nganggo masker baham!
> >>
> >> :)
> >>
> >>
> >> > [EMAIL PROTECTED]
> [EMAIL PROTECTED]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/