Kaingetan ku Kang Joko Tingkir, perkara cara
migunakeun ahiran "na" jeung "nana", panasaran kuring
terus ngilikan naskah Pusaka Sunda. 

Numutkeun panoongan kuring jigana kieu urusanna teh: 

1. Upama hiji kecap nu aksara tungtungna "n", jiga
kecap "anjeun", terus make rarangken ahiran "na", maka
ditulisna jadi "anjeunna". jadi make "n" dobel.

2. Pikeun kecap nu siga nomer 1, upama make rarangken
ahiran "nana", "n" munggaran dina eta ahiran lebur
jeung "n" tungtung kecap asal. Misalna kecap
"jenengan" upama ditambah ahiran "nana", maka
ditulisna jadi "jenganana". Jadi teu make "n" dobel.

Wallhu'alam,

Salam,
MH

==========
PS No.1 Juli 1922, Tahun ka 1, kaca 1.

Ahiran NANA
-----------
"Ebrehna sugri anu jadi bukti bukana sigotaka Sunda,
nya dina ieu serat kabar, pibariseunana."

pibariseunana := pibariseun + ana

"Dupi anu baris pingungkabeun jeung anu
pinyukcrukeunana kaitung perentul, kokojo Sunda geus
rendang di unggal tempat, nya aranjeunna anu kedah
ngumbuhkeun sadaya panemu pusaka elmu anu masih
bacacar dimana-mana, sina mungpung mungpulung sangkan
liar tina sasungapan, sarerea walatra kabagi rata,
sanak kadang anu bakal pingundanganeun."

pinyukcrukeunana := pinyukcrukeun + ana
aranjeunna := aranjeun + na

"Ku sabab basa Soenda gede ambahanana hartina jadi
sorana hiji bangsa nu disebut urang Pasundan, sigana
perlu oge diayakeun surat kabar nu sarupa kitu dina
basana pribadi, supaya karajinan bangsana bisa nembres
diaji ku maranehanana dina basana sorangan.

ambahanana := ambahan + ana
maranehanana := maranehan + ana

"Ari rajana jenenganana Djaka Soesoeroe, anu mawi eta
tempat nelah nepi ka ayeuna Soesoeroe."

jenenganana := jenengan + ana


Ahiran NA
---------
"Ieu urut nagara tempatna santosa pisan ti kidul ti
kulon jeung kaler dikurilingan ku cai ngaranna
walungan Cisokan, sarta ti kidulna ngadingding gunung,
disebutna gunung Cibule, ari ti wetanna dihalangan ku
benteng 5 lapis, sarta ka wetanna pisan pisan
ngadingding gunung Payung."

ngaranna := ngaran + na
wetanna := wetan + na
========


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke