Haturan kang Asep Dedi Suhendra...........
Nepangkeun si teteh anu tos lami tara laha loho di
kisunda, oge kanggo baraya sadayana kumaha daramang...?
Resepnya diditu mah kang Asep , sagala rupi parantos di
tata kayalan kanggo kamaslahatan rahayatna. Naha ari di
urang bet ngatur runtah oge mani ruwet. eta kitu rahayatna
teu benang diatur..? atawa pamimpinna anu teu becus..!
atanapi dua-duana...?duka atuh..! matak heran....
Apan di urang teh lolobana agama islam, ari kebersihan teh
sabagaian tina iman...tuh, ari kitu mah eleh ku
batur.....Jepang, korea, singapur, kana kebersihan no
hiji, naha ari urang mani hesenya..!
Nuhun ah, kang Asep infona.....
Baktos
teh tien
On Tue, 12 Apr 2005 05:01:28 -0000
"Asep Dedi Suhendra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>> Haturan... Baraya,
>
> Beu..! punten da bongana ka pentog kedah nambihan
>yeuh...,nya atuh
> urang toongan bae anu katoong mah....,
>
> Upami di daerah padumukan sim kuring mah, nyaeta
> florida tea,
> ieuteh nami salah sahiji state anu aya di USA.
>Dingawitan ku bandera
> USA anu ngagaduhan bintang 50 siki upami teu lepatmah,
>ieuteh
> ngalambangkeun ngahijina ti 50 nagara2 bagian di USA,
>janten state
> teh saleresnamah nagara alit, anu ngarupakeun bagian
>tina
> perserikatana anu aya disahandapapeun pemerintahan
>pusat/FEDERAL.
> satiap state ngagaduhan hukum sewang-sewangan, numatak
>lamun
> penjahat kabur ngalintas state teu bisa di tewak ku
>polisis lokal
> aya khusus namina TROOPER, ieu tugasna interstate.
>
> Sahandapeun State aya namin teh County dugi tiasa ka
>puluhan conty
> sa state-na teh, tiap county ngabogaan Court
>house/gedung
> persidangan sewang-sewangan,ieu teh satarap kotamadya
>,teras di
> sahandapeun county aya namina teh city,sa county teh
>kadang aya 4,5
> city, panginten satarap sareng kacamatan, memang
>katingalna teh
> praktis sederhana tapi teratur, boh tina kawenangan
>hukum
> lalulintas, kriminal, pembagian daerah bisnis,pajek
>jrrd.
>
> Anu jadi reueus deui teh di dieu mah, rahayat tos
>percayaeun ka
> pamerentahan kanggo ngaggolangkeun pajak panghasilan,
>jadi satiap
> individu anu ngabogaan gawe pasti kudu mayar pajek
>diantara-na;pajak
>Federal, SOcial security, sareng Medicare. Pajak federal
>tiap taun
> bakal dibalikeun deui, kujalan nga klaim return tax,
>pajak social
> security ieu mah kangge pensiunan..., sareng medicare
>mah ieu mah
> lepas lebet kana dana tunjangan kesehatan negara, anu
>fungsina
> kanggo nga back up anu teu mampu dina hal kasehatan.
>
> Nyieun KTP, SIM ieu sanes di kaluarkeun ku kapolisian
>atanapi
> kelurahan, tapi aya bagian khusus anu nanganan ditiap
>county anu
> namina DMV(Depart. Of Motor Vehicle), janten teu aya anu
>namina
> RT/RW,kalurahan.
>
> Masalah Runtah:
>
> Anu katoong ku sim kuring, di dieu pangalolaan runtah
>kacida
> diperhatikeun pisan saur urang kidul mah
>Sariuuuussssss...!!,soalna
> nyangkut kana tingkat pola hirup urang bule anu geus
>alus.
> So'al ngalola runtah dimimitian ku ayana masterplan dina
>tataruang
> wawangunan anu rapih di dieu mah hampir 99,5% teu aya
>anu disebut
> jalan Gang, sadaya wangunan perumahan kudu disisi jalan,
>janten
> kendaraan naon bae tiasa ngakses kaimah sing saha bae.
> Hal ieu nga gampangkeun kanggo tukang pos, tukang sampah
>kanggo
> sareng polisi.
>
> Upami gaduh imah nyalira, teu tias kitu bae ngarubah,
>ngawangun
> tanpa sakanyaho inspektur, malihanmah,ngabangu-na bae
>kedah
> ngaliwatan ahlina, kontraktor anu profesional, teu
>meunang nyokotan
> sorangan boh tukang tembok, tukang kayu,tukang laden,
>tukang
> kenteng,tukang listrik, ledeng jll. da nyakitu gening
>Labour teh
> mahal pisan didieu mah.
>
> tah kukituna tiap imah kedah ngabogaan hiji atawa dua
>roda box
> runtah anu tiasa di beuli ti city council-bagian
>pengelolaan runtah,
> anu fungsina kanggo runtah plastic, kertas, sareng
>kadaharan. Truk
> runtah anu sok datang teh dua kali dina saminggu, kemis
>kangge
> runtah baseuh, salasa runtah garing, plastik, kertas
>jsb. Truk na
> tos didesign khusus jiga kotak beusi tertutup, anu
>ngagge sistim
> hidrolik kanggo mangkuan eta gorobak runtah teh, janteu
>geus lain ku
> jelema deui, tapi ku robot, tapi kadang aya oge kenekna
>keur
> nyokotan anu awur2an, atawa barang2 kertas laina, tah
>ieu teh di
> kelola ku unggal city tea, anu ngabogaan tempat
>penampungan sareng
> pabrik daur ulang-na. sapertos di belanda-mah tos
>ngagaduhan
> pembangkit listrik tenaga sampah.
>
> Tah Saleresnamah di Bandung Oge kanggo runtah jenis2 nu
>tangtu mah
> tos aya anu ngadaur ulang tea, mung prosesna manual tea,
>Sapertos
> Beusi, plastik, ngaliwatan tukang /pamulung tea anu di
>jual ka
> bandar, boh bandar beusi atanapi bandar plastik sareng
>kertas,kusus
> keur plastik mah kaleresan ki adi tos ngalola tilu
>pabrik di daerah
> Bandung kidul,soreang nakeun, tah anu teu acan aya teh
>anu ngadaur
> ulang runtah rumah tangga, anu memang ieu mah kalintang
>pisan urgent-
> na, da dina sababaraha dinten penyebaran bakterina
>tangtos gancang
> pisan anu nimbulkeun bau haseum tea atanapi bau atah
>adol tea..
> he...he.., tah kukituna atuh mudah2an ki kuncen/Kang
>Oman sareng
> reng-rengan tiasa ngawujudkeun eta program daur ulang
>tea janten
> gemuk, supados masalah runtah tiasa kapecahkeun
>sakedik-kedikeun.
> (SOk Atuh baraya anu sakuliah dunya pangmantuankeun
>ngabedol
> Investor kanggo ngawujudkeun Pabrik Daur Ulang di
>Bandung, terutami
> Kang Yan, Abah Joe,Teh Neny saha bae, ari sakuringeun
>mah tos
> nyobian di obrolkeun Jeung urang,Walanda,Canada, Jepang
>waktos aya
> acara SEA TRADE pariwisata di Miami nyakitu teu acan aya
>nu
> nyanggut). cag sakieu heula bilih bosen...he...
>
>
> NB;Bagea Kang Yan upami sim kuring gubernurnamah-Kang
>Yan tiasa
> latihan tah dikantor ka gubernuran... urang latihan
>hut...het, dugi
> ka ngesang he....he..
>
> Baktos
>
>
> Oeking
>
>
>
>
>
>
>
>> >
>
>
> >
>
>
>
========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa
Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN
(467826)
========================================================================================
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/