Ka sadayana bae,
 Mataholangna (intisarina) si kuring miluan sababaraha MLM (kalawan teu pati 
terang-terangan promosi di milist, da teu etis tea) oge mindeng ngusulkeun 
bisnis anu nyoko kana kamampuhan jeung karya-karya brilian US (anu ieu 
terang-terangan, upamana: Hydrasil, Glyfox, Grammor, wisata 
perjalanan/sejarah, family homestay, jrrd) taya lian sakumaha kasauran Kang 
Irpan di handap: anu penting aya buktina jeung sabisa-bisa duit US muter di 
US deui. Kitu pisan. 
 Ngan nya kitu, kangaranan di milist, anu ceuk MJ mah, kalolobaana urang 
lebet ka milist teh ukur "selingkuh" tina kasibukan sapopoe di tempat 
pagawean, nya teu acan aya anu daria dikokolakeun babarengan, kaasup jejer 
pangemut Kang Irpan. Sigana dina waktu ieu mah sadaya ide-ide teh cul leos 
bae.
 Dina lebah MLM, si kuring aya kahayang ngajak ka balad US, nya sangkan 
upama lebet MLM teh ngiring ka anggota Kusnet anu tos ti payun (teu kudu ka 
kuring bae), upama kadang wargina (dulur sagetih) teu aya anu ngiringan dina 
eta bisnis MLM (upami aya mah nya tangtu bae payunkeun dulur sagetih). Tapi 
eta mah sakadar usul, pamustunganana mah demokratis bae, lain soal mana anu 
bener, tapi mana anu suka (kitu meureun).
 Anu jelas, dina bisnis naon bae, tangtu kudu aya modal. Si kuring rada 
cangcaya kana bisnis internet anu heunteu make modal. Oge aya sistemna anu 
jelas. Paniatan mah asup kana hiji MLM teh hayang kacangking elmuna, apal 
sela-selana, sangkan upama ngaguar teh bener-bener kaluar tina pangalaman 
lain diwangwang ti kajauhan.
 Kangggo kang Kamal: hapunten si kuring heunteu terang kana model bisnis anu 
ku salira ditaroskeun.
 Panutup: pangrojong si kuring moal diwilah-wilah, ka saha bae, kana bisnis 
naon bae anu sae tur mawa manfaat. Hayu urang lakonan kalawan syarat-syarat 
sakumaha dina bisnis naon bae ilaharna.
 baktos,
manAR
http://www.eliteteamindonesia.com/64177
 

 On 4/21/05, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> assalamu'alaikum ka sadayana.
> 
> nu penting, aya buktina aya barangna.
> ceuk cenah mah disebut na teh "Sektor Riil" tea.
> jadi duit US teh muterna di US-US keneh, 
> teu kaluar ka Munding bule atawa ka Monyet peureum.
> 
> sakitu ti kuring, 
> 
> "HALING KU AING"
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
> 
> 
> ------------------------------
> *Yahoo! Groups Links*
> 
>    - To visit your group on the web, go to:
>    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>     - To unsubscribe from this group, send an email to:
>    [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>     - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke