Ngaran Sunda anu ceuk kuring alus

 

Lalaki : 

   Kamandaka : Anakna prabu Siliwangi anu jadi Lutung Kasarung; ahirna manehna 
kawin jeung Ciptarasa putri ti karajaan Pasir luhur Banyumas; nepi ka ayeuna 
aya keneh patilasan Kamandaka teh di guha Jatijajar Kebumen Jawa tengah
   Sanjaya : Raja Galuh anu ngawasa sakuliah pulo Jawa malah ceuk dina kitab 
rajya � rajya I bhumi nusantara mah kakawasaanana nepi ka pulo peuntas saperti 
Bali jeung Sumatera cenah. Malah mah aya anu nyebutkeun Sanjaya kungsi ngawasa 
Nagri Thai sagala.
   Harisdarma : ngaran sejen Sanjaya
   Pamanah Rasa : Ngaran prabu Siliwangi waktu keur ngora
   Jaya Dewata : ngaran sejenna prabu Siliwangi
   Jayadarma : Putra mahkota Sunda tapi paeh ngora �ngora; Bapana Raden Wijaya 
pendiri karajaan Majapahit
   Permana : sigana ngaran sejen ti Jayadarma
   Ragasuci : raja Sunda sanggeus maotna putra mahkota Jayadarma.
   Wijaya : Ngaran pendiri karajaan Majapahit
   Kertarajasa Jaya Wardhana : ngaran Raden Wijaya sanggeus jadi raja
   Kean Santang : Pamuda pang ngetopna satatar Sunda eleh lah Keanu Reeves mah
   Ajar Sukaresi : raja resi ti karajaan Galuh
   Jayabhupati : raja Sunda anu sajaman jeung Airlangga di Jawa timur; ngaran 
lengkepna Sri Jayabhupati Jayamanahen Wisnumurti Samararijaya Wikramottunggadewa
   Arya Banga : osok disebut oge Hariang Banga; pewaris tahta karajaan Sunda ti 
Sanjaya
   Sena : bapana Sanjaya; sabenerna leuwih lazim disebut Sanna ngan rarasaan 
ari Sanna mah kurang genah kareungeuna
   Linggabuwana : raja Sunda anu maot di Bubat;
   Niskala Wastu Kancana : raja Sunda gaganti prabu Linggabuwana.
   Tarusbawa : Pendiri karajaan Sunda
   Purnawarman : Raja Tarumanagara pang kawentarna
   Dewawarman : Gelar pikeun raja � raja Salakanagara
   Geusan Ulun : anu ngadegkeun karajaan Sumedang Larang
   Surawisesa : anak prabu Siliwangi anu nyieun prasasti Batu Tulis
   Nusiya Mulya : raja Pajajaran gaganti Surawisesa
   Ragamulya : Raja Sunda anu nyoba � nyoba mulihkeun deui karajaan Pajajaran 
di gunung Pulasari Pandeglang
   Demunawan : Lanceuk anu kadua raja Galuh Mandiminyak
   Wangsakerta : anu ngayakeun gotrasawala ngeunaan sajarah nusantara anu 
akhirna hasil nyusun kitab Rajya � Rajya I Bhumi Nusantara; wangsa hartina 
bangsa atawa marga; kerta hartina kota saharti eujeung karta
   Kusumah Atmaja : Kusumah hartina kembang; Atmaja hartina anak
   Sastranagara : ngaran tukang pahlawan nasional Husein Sastranagara; ngaran 
bandara di kota Bandung
   Wiranata Kusumah : ngaran bupati di Priangan di jaman Walanda
   Tanujaya : Sarua keneh ngaran bupati di jaman Walanda
   Sutisna Winata : sigana mah ngaran bapana Kania Sutisna Winata tukang mawa 
acara berita di Metro TV
   Tisna Sanjaya : Tisna hartina kehendak (kahayang) atawa nafsu; Sanjaya 
hartina salawasna meunang/jaya
   Sutresna : Su hartina alus; Tresna hartina Cinta maksudna mah meureun cinta 
sajati
   Sutisna : Su hartina alus; Tisna hartina kehendak (kahayang) atawa nafsu; 
maksudna mah meureun nafsu nu alus nyaeta nafsu Lawamah tea meureun
   Natalegawa : ngaran tukang diplomat urang Sunda Marty Natalegawa
   Adhitya Mulya : ngaran penulis novel urang Sunda
   Wretikandayun : anu ngadegkeun karajaan Galuh
   Purbasora : anak raja Galuh Mandiminyak
   Tamperan Barmawijaya  : anak raja Sanjaya ti Tejakencana
   Windusakti  : masih keneh raja Sunda � Galuh tapi teuing anu kasabaraha
   Atmayadarma Hariwangsa : ieu ge sarua raja Sunda � Galuh keneh 
   Limbur Kancana : Raja Sunda � Galuh keneh wae 
   Brajawisesa : Raja Sunda � Galuh keneh 
   Manarah : ngaran asli Ciung Wanara
   Suryawarman : minantu raja Dewawarman jeung keturunan langsung dinasti 
Chalankkayana ti India; anu ngadegkeun karajaan Tarumanagara

 

Awewe :

   Ciptarasa : pamajikanna Raden Kamandaka
   Dyah Pitaloka : putri Sunda anu gugur di Bubat
   Citraresmi : Ngaran sejen Dyah Pitaloka
   Dewi Sartika : Pejoang emansipasi wanita ti Sunda
   Rara Santang : adina kean Santang; nasibna leuwih hade tibatan Rara 
Jonggrang anu jadi patung
   Kania : hartina awewe
   Purbasari : kawentar dina carita Lutung Kasarung; sigana Purbasari teh 
identik eujeung Ciptarasa
   Galuh : hartina permata; ngaran karajaan.
   Ratnasari : Ratna teh lamun teu salah mah teu beda hartina eujeung galuh 
kitu nyaeta permata tea; sari hartina endah; meureun maksudna mah pertama anu 
endah
   Kartikasari : Kartika hartina bulan; sari hartina endah; jadi hartina bulan 
anu endah
   Wulansari : saharti eujeung Kartikasari
   Teja Kencana : permaisurina raja Sanjaya
   Kancana Wangi : Pamajikan prabu Ciung Wanara ti Galuh
   Kancana Sari : Pamajikan prabu Hariang Banga ti Sunda

 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke