--- In [EMAIL PROTECTED], "Asep Dedi Suhendra" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur Nuhun Teh Nenny.......,


Kadang sok hariwang, mun hanjuang nu ngemploh hejo di sisi 
burangrang geus ngarangrangan...., moal boal kacida hemengna.

Teh Kumaha ari cai kahuripan masih karasa asrina? pangharepan nya 
kitu..., tapi ceuk implengan mah koredas ka pungkas ku mangsa, 
jigana luput ku umur beak ku teu di pirosea, lir ibarat ngungkut-
ngungkut tunggul ngabongkar catang, sikina kapopohonakeun, Euweuh 
wariskeuneun keur anak incu, ngan saukur boga dongengkeuneun yen 
dayeuh maneuh teh kungsi medar dina carita pamiangan jeung 
ngahyangna kaendahan nu matak ngirut munding dongkol jeung monyet 
monyet nu harawek.

Teh .., nya kitu oge pangharepan teh...,gede ari pikir keur mulang 
mah,  tapi  sapu nyere teh masih keneh babari peunggas da nyerena 
can aya nu meungkeut patu layah kamana karep, masih hengker, can 
wasa nyumbangkeun pangabisa da nyepeng banerana oge sewang-sewangan.

tapi kukituna eutik ku eutik, nu jadi rea, reana sugan anakan 
ngajadi loba, lobana ngajadi ceuyah, somah murba ngadeg hiji 
paguyuban sunda sa dunya, teu ka wates ku rerenteng jeung regang, 
kuring rek nakolan goong renteng ti ayeuna, muga-muga bae bewara teh 
nepi ka sakumna, saciklukna...., yen urang lembur teh geus teu boga 
sawah garapeun, da sawahna beak di gadekeun.

Teh.....,hatur nuhun pangangkenna....., eta bae , Rujak Hiris 
sareng karedok Leunca... Beu!!


Oeking














-- In [EMAIL PROTECTED], nenny yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Oeking....
>  
> Haturan anu nuju ngumbara
> jati diri akang aya dina kongkolak panon urang lembur
> sanajan ukur aksara jeung implengan.. tutulisan jadi saksi 
> oeking urang lembur ... masih aya dikieuna 
> kalayan karyana mo teu eureun mirosea budaya jeung titinggal 
karuhun
> karuhun buhun anu luhung anu seueur picontoeun
>  
>> beulit dina hate iket dina manah urang ukur urang lembur anu 
keukeuh maneuh sono, tapi suku ukur salengkah bisa leumpang ku hiji-
hiji anu kudu disorang
> diantos kasumpingan akang di lembur singkur sisi burangrang
> tong hariwang, tong salempang sanajan tangkuban parahu nuju batuk 
oge urang bakal keukeuh mirosea, miara pangbalikan urang sadaya.
> lembur urang sadaya nungguan anu nuju ngumbara 
> jol atuh geura sarumping baraya ti nagara deungeun anu keukeuh 
maneuh mulasara sono deudeuh ka lembur urang sunda.
>  
>  
> baktos
> nenny 
> 
>
--- End forwarded message ---






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke