Sawangsulna kang Oeking, kumaha damang oge ka urang lembur US di Us daramang? Kang, puguh oge lembur anu hejo teh tos janten gundul murudul, sapanjang jalan cimahi ka Sukabumi ngalangkung ka lembur teh geuning jalan tol sareng bumi, tos jarang urang ningali ngemploh hejo gunung siga ka pungkur, anu sedih palebah Cipatat tos jadi pertokoan sisi jalan, marmer tos jadi Gundukan Kuburan knok down tea ning anu tinggal nempel luhureun taneuh kuburan, salajengna tinggal bati hanjelu wae urang lemburnamah. anu hese teh muhun hiris kang aya oge anu tos janten rujakna di sisi pasar baru tea ning ngan hanjakal dicampur ku kacang panjang da jiganamah Hiris teh seep ku hileud anu gede huluna tea ning, jalmi tea anu lahan kebon hiris janten bumi atanapi pertokoan. Mung kuhade boh oge gorengna sanajan kumaha oge lembur urang mah tetep kudu ku urang dimumulena. Tah ayeuna abdi nuju ngalalanyahan ngadamelan majalah dinding di sakola-sakola ( di hirupkun deui ) anu eusi utamanamah ameh ngamumule budaya Sunda anu urang, anu tos balatak jiga sapu nyere anu pegat beungkeutananana, oge ameh aya gawe saeutik si Eteh di lembur teh tong ieuh barang teda wae, jeung dalih perbaikan gizi hehehehe kang muhun sanes wae digadekeun sawah teh, malahan balong oge digadekeun ayeunamah, patani ukur ngahuleng kaduhung anu hasil saeutik sok mengkol ka togel, tah untung di razia togelna tapi apan tos ..... seep raja kaya harga diri para patani kuli mah karunya. tos ach hayu urang sami- sami ngadua sangkan lembur urang si nanjeur deui estu teu kakirangan nanaon, Sok goongan ku abdi diigelan lah hayu diaminan kang tong salempang. Abah, ambu, akang , Teteh oge kiadi hayu sauyunan, minimal ngiring ngeusian milis ieu ku basa sunda , cai kahuripan sing arumanis rasana, oge hatur nuhun pisan upami ngalungguhan ngilu mulasara lin? hanca baktos Teh Nenny
Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- In [EMAIL PROTECTED], "Asep Dedi Suhendra" wrote: Hatur Nuhun Teh Nenny......., Kadang sok hariwang, mun hanjuang nu ngemploh hejo di sisi burangrang geus ngarangrangan...., moal boal kacida hemengna. Teh Kumaha ari cai kahuripan masih karasa asrina? pangharepan nya kitu..., tapi ceuk implengan mah koredas ka pungkas ku mangsa, jigana luput ku umur beak ku teu di pirosea, lir ibarat ngungkut- ngungkut tunggul ngabongkar catang, sikina kapopohonakeun, Euweuh wariskeuneun keur anak incu, ngan saukur boga dongengkeuneun yen dayeuh maneuh teh kungsi medar dina carita pamiangan jeung ngahyangna kaendahan nu matak ngirut munding dongkol jeung monyet monyet nu harawek. Teh .., nya kitu oge pangharepan teh...,gede ari pikir keur mulang mah, tapi sapu nyere teh masih keneh babari peunggas da nyerena can aya nu meungkeut patu layah kamana karep, masih hengker, can wasa nyumbangkeun pangabisa da nyepeng banerana oge sewang-sewangan. tapi kukituna eutik ku eutik, nu jadi rea, reana sugan anakan ngajadi loba, lobana ngajadi ceuyah, somah murba ngadeg hiji paguyuban sunda sa dunya, teu ka wates ku rerenteng jeung regang, kuring rek nakolan goong renteng ti ayeuna, muga-muga bae bewara teh nepi ka sakumna, saciklukna...., yen urang lembur teh geus teu boga sawah garapeun, da sawahna beak di gadekeun. Teh.....,hatur nuhun pangangkenna....., eta bae , Rujak Hiris sareng karedok Leunca... Beu!! Oeking -- In [EMAIL PROTECTED], nenny yunus wrote: > Kang Oeking.... > > Haturan anu nuju ngumbara > jati diri akang aya dina kongkolak panon urang lembur > sanajan ukur aksara jeung implengan.. tutulisan jadi saksi > oeking urang lembur ... masih aya dikieuna > kalayan karyana mo teu eureun mirosea budaya jeung titinggal karuhun > karuhun buhun anu luhung anu seueur picontoeun > >> beulit dina hate iket dina manah urang ukur urang lembur anu keukeuh maneuh sono, tapi suku ukur salengkah bisa leumpang ku hiji- hiji anu kudu disorang > diantos kasumpingan akang di lembur singkur sisi burangrang > tong hariwang, tong salempang sanajan tangkuban parahu nuju batuk oge urang bakal keukeuh mirosea, miara pangbalikan urang sadaya. > lembur urang sadaya nungguan anu nuju ngumbara > jol atuh geura sarumping baraya ti nagara deungeun anu keukeuh maneuh mulasara sono deudeuh ka lembur urang sunda. > > > baktos > nenny > > --- End forwarded message --- PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
