Assalamu'alaikum,
Baraya, bil khusus ka Kang Hasan (mh),
Hampura nya, geus rada lila si kuring heunteu aub dina hanca garapan TQBS,
taya lian pakupis ku cicing tea. Sok sanajan kitu, heunteu ari nepi ka
ngarandeg pisan mah. Kukituna, dina ieu posting, si kuring seja ngalaporkeun
kamekaran hanca garapan pancen si kuring dina TQBS.
Hanca Garapan
Tina sawatara surah AL Qur'an anu jadi pancen si kuring, garapan anu danget
ieu keur dihanca pisan teh taya lian ti surah Al Baqoroh. Alhamdulillah,
TQBS Al Baqoroh danget ieu geus nepi kana ayat 145 (ised sababaraha ayat
tina wates zuz kahiji). Kahayang mah katompernakeun bulan Mei ieu Al Baqoroh
rengse ngajenggelek TQBS-na dina garapan Kusnet tea. Kukituna, neda pidu'ana
bae, pamugi sadaya anu ngalaksanakeun ieu pancen aya dina kakiatan,
kasehatan jeung pituduh ti anu Maha Kuat, Anu Maha Maparinan Kasehatan
sareng anu Maha Maparinan Pituduh. Amin.
Sakaitan hal di luhur, aya anu seja disawalakeun ka sadayana. Naha heunteu
leuwih hade upama ieu hanca TQBS Al Baqoroh teh dikumpulkeun bae ka Kang
Hasan pikeun sacara nungtut diupload?. Maklum Al Baqoroh mah surah
pangpanjangna, bisi gede teuing filena jeung panjang teuing mariksana upama
disakalikeun engke lamun geus anggeus sagemblengna mah. Upamana penggelan
zuz kahiji heula dikintunkeun ka Kang Hasan kanggo narima pangkoreksian
jeung pangrapih ti redaksi? Mangga diantos waleranana.
Unak-anik soal kecap panganteb dina TQBS
Tadina mah ieu bahan tulisan unak-anik dina TQBS teh seja dibeberes jadi
bahan terasna tina Tips ngagarap TQBS. Tapi, bisi heunteu kaburu da diuudag
ku pakupis tea, nya urang ngamimitian bae nuliskeunana. Sugan, ka hareup aya
anu haat ngumpulkeunana jadi tips anu mokaha rada ngajalujur.
Satemenna,loba anu kapanggih salila ngalaksanakeun TQBS teh. Hal ieu
nuduhkeun kacida gedena hikmah dina ngagarap TQBS. Diantara anu kapanggh teh
soal konsistensi ngalarapkeun basa jeung kaperluan basa Sunda anu
ngarongheap tina eta kanyataan.
Soal konsistensi, ti heula dina sababaraha kasempetan posting tips jeung
mairan TQBS anu geus dihasilkeun, kungsi dipedar. Upamana bae, soal (anu can
rampung kaputusanana) migunakeun pilihan kecap antara kecap "jelema" jeung
"manusa". Anu salila ieu kapanggih, mucunghul oge kaperluan konsistensi
kecap "panganteb" anu sakitu ngaleuyana jeung dibalikan mangratus-ratus -
upama heunteu mangrebu-rebu - balikan dina Al Qur'an.
Kecap panganteb dina basa Arab (Al Qur'an) aya sababaraha rupa, upamana:
"In/Inna" (contoh/digarishandapan: *In*nalloha 'ala kulli syaein qodiir",
"li" (cth: "*li*na'lama ayyu al hizbaeni ....") , "qod" (cth : "*qod* aflaha
al mu'minun"), "an" (cth: "*an* yaquula"), "nna" (anu disimpen ditungtung
kecap gawe, cth: "fala takuna*nna* min al mumtariin"), "la" (pondok, cth:
"Innalloha bi an naasi *la*rouufun rohiimun"), jst. Kalan-kalan dina
Alqur'an, dua panganteb kapendak patutur-tutur dina hiji ayat, nuduhkeun
enyaan hiji pagawean atawa kecap gawe teh penting atawa baris/enggeus
kajadian (cth: wa *lain*syakartum laziidannakum" atawa "*la*nakuna*nna* min
al khoosyiriin" ). Aya oge panganteb dina wanda negatif (contoh: "lan",
upmana dina kecap "lan tadkhula al jannata" (hartina, samentara ieu) : "moal
pisan-pisan asup ka sawarga"
Di sagigireun ti eta, jero basa Sunda oge kawilang loba kecap-kecap anu
nuduhkeun panganteb pikeun padanan panganteb dina basa Arab (keur TQBS-na
panganteb dina basa Arab). Upamana bae, US boga kecap: "satemenna",
"saenyana", "saestuna","bener-bener", "tinangtu", "tangtu", "bakal", "baris"
(baris datang = bakal datang), "teges-teges", "tetela", "moal pisan-pisan"
(pikeun panganteb anu negatif), jst.
Tah anu dimaksud konsistensi anu kalintang merlukeun sawala (soal keperluan
basa Sunda) sadayana nyaeta soal "pemetaan" atawa "relasi" antara panganteb
basa Al Qur'an jeung basa Sunda pikeun TQBS-na. Upamana, naha pikeun "qod"
urang tangtukeun bae hartina teh "saestuna"? Atawa pikeun "inna" geus tangtu
urang tarjamahkeun ku "satemenna"? atawa pikeun "an" TQBS-na teh "saenyana",
jst. Anapaon manfaatna ieu konsistensi, di sagigireun ngeuyeuban larapan
basa Sunda oge sangkan anu maca teh boga patokan, yen, upamana,
samangsa-mangsa manggihan TQBS "saestuna", tangtu ayat Al Qur'an anu
ditarajamahkeunana teh "qod" tea, jst.
Cag heula. Kahareup upama pareng, Insya Alloh seja disambung deui ku
unak-anik sejenna, pangalaman salila ngagarap TQBS. Malah, nyumponan
panggero Abah Surya, Insya Alloh sadaya tulisan anu kungsi kapidangkeun
engke jaga waktuna seja ditulis keur bahan makalah anu kahayang mah bisa
midang dina Kongres Basa Sunda ka hareup (rarangkay mah taun hareup da
ayeuna kongres taun ieu mah rarasaan moal kaudag). Pidu'ana bae ti sadayana,
ieu anu kasangtukang atikan soal basa jeung elmu Al Qur'an bisa oge ngagarap
tulisan-tulisan sarupa kitu.
baktosna,
manAR
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/