Waalaikumsallam, Sami Kang puguh kitu, rada arang ngulampreng ka lembur teh. Ari noongan mah rutin. Nyeta pakepuk sareng kabutuh. Mangga Kang lajengkeun. Sanes, naha iraha kitu baris aya Kongres Basa Sunda teh Kang? Salam, MH
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamu'alaikum, Baraya, bil khusus ka Kang Hasan (mh), Hampura nya, geus rada lila si kuring heunteu aub dina hanca garapan TQBS, taya lian pakupis ku cicing tea. Sok sanajan kitu, heunteu ari nepi ka ngarandeg pisan mah. Kukituna, dina ieu posting, si kuring seja ngalaporkeun kamekaran hanca garapan pancen si kuring dina TQBS. Hanca Garapan Tina sawatara surah AL Qur'an anu jadi pancen si kuring, garapan anu danget ieu keur dihanca pisan teh taya lian ti surah Al Baqoroh. Alhamdulillah, TQBS Al Baqoroh danget ieu geus nepi kana ayat 145 (ised sababaraha ayat tina wates zuz kahiji). Kahayang mah katompernakeun bulan Mei ieu Al Baqoroh rengse ngajenggelek TQBS-na dina garapan Kusnet tea. Kukituna, neda pidu'ana bae, pamugi sadaya anu ngalaksanakeun ieu pancen aya dina kakiatan, kasehatan jeung pituduh ti anu Maha Kuat, Anu Maha Maparinan Kasehatan sareng anu Maha Maparinan Pituduh. Amin. Sakaitan hal di luhur, aya anu seja disawalakeun ka sadayana. Naha heunteu leuwih hade upama ieu hanca TQBS Al Baqoroh teh dikumpulkeun bae ka Kang Hasan pikeun sacara nungtut diupload?. Maklum Al Baqoroh mah surah pangpanjangna, bisi gede teuing filena jeung panjang teuing mariksana upama disakalikeun engke lamun geus anggeus sagemblengna mah. Upamana penggelan zuz kahiji heula dikintunkeun ka Kang Hasan kanggo narima pangkoreksian jeung pangrapih ti redaksi? Mangga diantos waleranana. Unak-anik soal kecap panganteb dina TQBS Tadina mah ieu bahan tulisan unak-anik dina TQBS teh seja dibeberes jadi bahan terasna tina Tips ngagarap TQBS. Tapi, bisi heunteu kaburu da diuudag ku pakupis tea, nya urang ngamimitian bae nuliskeunana. Sugan, ka hareup aya anu haat ngumpulkeunana jadi tips anu mokaha rada ngajalujur. Satemenna,loba anu kapanggih salila ngalaksanakeun TQBS teh. Hal ieu nuduhkeun kacida gedena hikmah dina ngagarap TQBS. Diantara anu kapanggh teh soal konsistensi ngalarapkeun basa jeung kaperluan basa Sunda anu ngarongheap tina eta kanyataan. Soal konsistensi, ti heula dina sababaraha kasempetan posting tips jeung mairan TQBS anu geus dihasilkeun, kungsi dipedar. Upamana bae, soal (anu can rampung kaputusanana) migunakeun pilihan kecap antara kecap "jelema" jeung "manusa". Anu salila ieu kapanggih, mucunghul oge kaperluan konsistensi kecap "panganteb" anu sakitu ngaleuyana jeung dibalikan mangratus-ratus - upama heunteu mangrebu-rebu - balikan dina Al Qur'an. Kecap panganteb dina basa Arab (Al Qur'an) aya sababaraha rupa, upamana: "In/Inna" (contoh/digarishandapan: *In*nalloha 'ala kulli syaein qodiir", "li" (cth: "*li*na'lama ayyu al hizbaeni ....") , "qod" (cth : "*qod* aflaha al mu'minun"), "an" (cth: "*an* yaquula"), "nna" (anu disimpen ditungtung kecap gawe, cth: "fala takuna*nna* min al mumtariin"), "la" (pondok, cth: "Innalloha bi an naasi *la*rouufun rohiimun"), jst. Kalan-kalan dina Alqur'an, dua panganteb kapendak patutur-tutur dina hiji ayat, nuduhkeun enyaan hiji pagawean atawa kecap gawe teh penting atawa baris/enggeus kajadian (cth: wa *lain*syakartum laziidannakum" atawa "*la*nakuna*nna* min al khoosyiriin" ). Aya oge panganteb dina wanda negatif (contoh: "lan", upmana dina kecap "lan tadkhula al jannata" (hartina, samentara ieu) : "moal pisan-pisan asup ka sawarga" Di sagigireun ti eta, jero basa Sunda oge kawilang loba kecap-kecap anu nuduhkeun panganteb pikeun padanan panganteb dina basa Arab (keur TQBS-na panganteb dina basa Arab). Upamana bae, US boga kecap: "satemenna", "saenyana", "saestuna","bener-bener", "tinangtu", "tangtu", "bakal", "baris" (baris datang = bakal datang), "teges-teges", "tetela", "moal pisan-pisan" (pikeun panganteb anu negatif), jst. Tah anu dimaksud konsistensi anu kalintang merlukeun sawala (soal keperluan basa Sunda) sadayana nyaeta soal "pemetaan" atawa "relasi" antara panganteb basa Al Qur'an jeung basa Sunda pikeun TQBS-na. Upamana, naha pikeun "qod" urang tangtukeun bae hartina teh "saestuna"? Atawa pikeun "inna" geus tangtu urang tarjamahkeun ku "satemenna"? atawa pikeun "an" TQBS-na teh "saenyana", jst. Anapaon manfaatna ieu konsistensi, di sagigireun ngeuyeuban larapan basa Sunda oge sangkan anu maca teh boga patokan, yen, upamana, samangsa-mangsa manggihan TQBS "saestuna", tangtu ayat Al Qur'an anu ditarajamahkeunana teh "qod" tea, jst. Cag heula. Kahareup upama pareng, Insya Alloh seja disambung deui ku unak-anik sejenna, pangalaman salila ngagarap TQBS. Malah, nyumponan panggero Abah Surya, Insya Alloh sadaya tulisan anu kungsi kapidangkeun engke jaga waktuna seja ditulis keur bahan makalah anu kahayang mah bisa midang dina Kongres Basa Sunda ka hareup (rarangkay mah taun hareup da ayeuna kongres taun ieu mah rarasaan moal kaudag). Pidu'ana bae ti sadayana, ieu anu kasangtukang atikan soal basa jeung elmu Al Qur'an bisa oge ngagarap tulisan-tulisan sarupa kitu. baktosna, manAR [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
