kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salam,
Abah, simkuring pipilueun mairan nya...
Perkawis agama monoteis (ceuk basa Islam/Arab mah agama Tauhid tea
meureun), anu kateuleuman ku simkuring mah, yen agama monoteis/tauhid
teh lungsur ka unggal umat manusa, ti umat Adam dugi ka urang salaku
umat panganggeusan. Janten sanes ukur di Timtem/Arab.
===========
Leres pisan, unggal manusa nu ngaku jeung yakin yen "aya nu Kawasa nu teu aya
bandingana, anu ngatur kahirupan manusia jeung alam sakurilingeun urang ".
Seueur jalmi anu ngajalankeun parentah Allah SWT sapopoe "tanpa sadar". Tah
lamun ditaros, ku naon anjeun bet kitu ? Nya jawabanna teh, duka da sim kuring
ti leuleutik ngalakukeunnana. Nya jalmi nu kieu teh kakasih Allah SWT.
Aya nu ku jalan laen ngausahakeun maneh "nyaketan ka Allah SWT". Ku tapa
diguha, puasa mati geni, mutih opatpuluh poe, ayawa tuang beubeutian wungkul
opat puluh poe.
Tapi nya kitu tea, da manusa mah bodo. Sakapeung aya tanda-tanda, malahan
leuwih alus tina nu asli, jijieunan Syaiton/Iblis. Tah disangkana teh ieu teh
pitunjuk ti Junjungan urang. Jadi wae ngawula ka nu salah.
Ku Kakasihna Anjeuna ka manusa, nya Anjeuna nurunkeun pitunjuk atawa "Written
Manual" jang manusa kabeh sadunya.
Dimitian ku Torah, dasar manusa tea "mrngambil kesempatan dalam kesempitan",
disalah gunakeun ku kaum Elite Yahudi ( dalam Keaagamaan) jang kapentingan
marenahanana. Muka kelenteng Yahudi, teu meunang manusa biasa kudu anu nyaho
pisan kana eusina Torah. Nya saha deui mun teu kaum EliteYahudi bangsana Rabbi
tea. Jeung aya aturan-aturan nu tadina teu aya, disekipkeun. Manusa nu ngagem
Agama Yahudi kudu kawin jeung nu Agama Yahudi. Mun henteu kitu teu dianggap
urang Yahudi. Anu dianggap urang Yahudi tulen, nyaeta manusa nu dilahirkeun
tujuh turunan (cenah ieu mah) ti Indung/Bapa nu agaana Yahudi.
Nya ku wels asihna Anjeuna, diturnkeun "written Manual" anyar. Nya kitab Injil
tea. Tapi nya kitu keneh eta "Written Manual" teh dirobah-robah. Pan aya
sababaraha "versi". Oge "versi" Agamana, aya Mormon, Katolik, Prostentan
dlain-laina. LAmun urang ngaku yen junjungan urang teh ngan hiji. Naha bet
"Manualna-na" aaya kana dua tiluna. Jeung Agamana mani welasan kitu ? Ieu mah
jelas jijieunan jelema.
Nya Anjeuna mah da gudangna welas asih, turun we Al-Quran. Geus 1400taun leuwih
tetep asli, teu aya nu ngarubah-rubah.
Tah ari Junjungan urang teh, aya ku konsekwen, salah sahiji sifat Anjeuna.
Lamun aya kahoyongna "ngahudangkeu" manusa, mun ceuk basa batur mah "Shock
therapy" tara ngalanggar Hukum Alam anu diciptakeun ku Anjeuna.
Apan Anjeuna mah Maha Kuasa tea, naha teu turun wae mangrebu-rebu geledeg
(petir) di NAD lain ombak. Teu bisa, da geledeg mah ayana mun keur hujan.
Mangrebu-rebu geledeg tangtuna hujana kudu lami pisan 40 poe 40 peuting hujana.
Teu bisa hujan lila-lila di daerah tropis mah. Komo hujan gede, sajam dua jam
caang deui panon poe. Ari hujan girimis, euweuh kagunaana. Mun aya nu rusak ge
moal jadi perhatian manusa.
Nya ombak we, nya dasar laut diparentah ngarah ngagibrig samenit dua menit,
jadi we Tsunami anu tanaga ngaruksakna rongkah pisan. Jelema jadi inget yen aya
Anjeuna nu Maha Kuasa. Jeung kabuktikeun yen manusa teh teu walakaya.
Tah naha , Agama Islam teh bet turunna di Arab.
Kahiji nyaeta harita urang Arab teh pan jahilliah. Nyembah saratus "tuhan".
Jeung deui kahirupan ditanah Arab teh "heuras", oge urang Arab teh tukang
dagang jeung tukang lalayaran. Jeung kusabab tanahna teu subur, rea nu ngumbara
ka nagara lain. Nya boh dagang atawa lalayaran. Tah jelema -jelema nu kieu
cocok jang nyebarkeun ajaran Anjeuna. Jeung deui pan marenahana mah "barbarian"
tea, neungteuk beuheung jelema , nya nepi ka ayeuna teu asa-asa. Rek nyimpang
tina ajaran Anjeuna sieun beuheung diteukteuk, nya ngiringan wae abdi mah.
Kumaha mun ajaran Anjeuna teh turun di Tatar Sunda. Apan dijanjikeun yen lamun
bageur, nurut kana ajaran Anjeuna. Tangtu bakal asup surga. Surga anu pinuh ku
tangtangkalan, buah-buahan, subur malah aya walungan nu caina beresih jeung teu
saat-saat. Atuh jang urang Arab nu biasana ret kakenca ret ka katuhu euweuh
tatangkalan, "berkilo-kilo gurun pasir". Asup surga teh bener-bener tujuan anu
utama.
Terus dijanjian bakal asup ka Surga, tangtuna ge jadi soson-soson, kana ngagali
kahlian Agama jeung nyebarkan ajaran Anjeuna.
Mun ka US dijanjikeun eta jangji,boa-boa....Gan teu kedah tebih-tebih, didesa
sim kuring ge aya nu kitu mah. Pan Kampung Naga aya nepi ka ayeuna, boa baheula
pisan ge teu jauh kaayaanna.
Ku kayaan alam anu sakitu suburna, sakitu alus pamandangana, boa karuhun urang
baheula teh mikir. Ieu kayaan nu alus kieu teh pasti aya nu ngajadikeun jeung
aya nu ngurus.
Nya karuhun urang terus nyepi jeung ngajalankeun cara-cara nu disebut diluhur.
TAh Agama Islam datang ka TS, meureun karuhun urang ngarasa asa teu aneh jeung
teu anyar ieu mah. Ngan alusna teh aya "Written Manual"-na nu sarua pisan jeung
nu aya dina pikiran karuhun urang.
Lamun kudu nyepi, tapa jeung lainna, ieu aya jalan nu gampil, nya kabiasaan US
tea.."dibujeng enggalna wae".
Nya karuhun urang ngagem Islam, malah naik Haji. Mulih ka lembur, pan geus ka
Mekah. Nya dilemburna jadi "Elite". Saha nu embung jelema dihormat, salembur
kabeh ngahormat. Jeung hoyong diajar Agama, sangkan bisa ka Mekah. Jeung balik
deui ka lembur jadi jalma "terhormat"
Nya jugjleg, Masjid di uanggal desa, Pasantern nya kitu keneh, Madrasah.
Tah kitu dongengna teh. Ieu ge ceuk "cenah". Cep...Cep..Ncep Adnan ..eeh
kalahka ngagoler jeung kerek deuih didongengan teh !
Wassalam,
Abah Joe
---------------------------------
Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/