Wa'alaikum salam wr wb.,
 Kang Nana anu dipihormat,
 Kalintang bingahna sim kuring nampi panggero salira ngeunaan mateakeun 
urang Sunda ngalangkungan posting salira anu ku abdi diwalonan ieu. Pikeun 
ngalajuninglakukeun ieu padungdengan, moga kawidian si kuring nepikeun 
sababaraha hal, boh anu patali jeung tulisan salira, "pergerakan" ngaliwatan 
milist oge ngeunaan milist kisunda pakait jeung ieu garapan. Bade dibabaran 
dina sababara "pointer" di handap ieu:
 1) Dina panungtung seratan salira anu diwalonan ieu, salira nuduhkeun 
(ngasongkeun) 7 hal anu, sakumaha kasauran salira, upama dilaksanakeun ku 
sakumna masyarakat jawa barat, mangka jawa barat sababaraha taun ka hareup 
tiasa diharepkeun baris ngalahirkeun pamimpin jeung intelektual anu jugala 
(tangguh) jeung profesional. Anu jadi patarosan teh nyaeta: Anu 7 hal teh 
anu mana tea?; Naha penggelan ti anu ditataan ti ngawitan hurup a dugi ka 
n?. Upami kitu, atuh kudu aya anu dipiceun sabab ti a dugi ka n mah jumlahna 
sanes 7, namung 14? Saparantos dipiceun sabagean, saterusna kudu dipeureut 
saripatina, sabab tina anu ditataan dina a nepi ka n mah nyaritakeun 
kaunggulan bangsa sanes. Cikan kumaha saripati ajen-inajen nu luyu jeung 
kasundaan tina anu ditataan dina a nepi ka n teh?
 Atawa, anu 7 teh gabungan tina anu ditataan ti a nepi ka n ditambah anu 
opat tea ti salira (a, b, c, d : cageur, bageur, pinter, singer). Mugi kersa 
ngajelaskeun deui (nga-elaborasi) perkawis anu 7 anu salira ngasongkeun 
pikeun jadi syarat kamajuan kahirupan kapamimpinan jeung intelektualisme 
Sunda.
 2) Ngeunaan milist salaku wahana bajoang (pergerakan). Nitenan tina 
kamekaran anu geus kaalaman, si kuring heunteu pati optimis milist tiasa 
jadi agen pergerakan anu efektif. Milist paling jauh bisa jadi bahan 
pangdorong sangkan urang ngotektak jeung ngayakeun pagempungan - bajoang di 
darat. Geus kaalaman pisan salila 4 leuwih si kuring aktif di milist, 
jejer-jejer teh ukur ngaraliwat bae di milist, arang langka (lain hartina 
heunteu aya), anu ngajalujur jadi hiji garapan anu mayeng, boh diskusi atawa 
garapan terusanana. Nitenan sababaraha milist, anu rame tur bisa diharepkeun 
teh ukur milist-milist anu jejerna ngeunaan konsultasi, upamana, milist 
konsultasi kasehatan. 
 Sok sanajan kitu, si kuring heunteu nyapirakeun fenomena anu mucunghul, anu 
sae, di milist urangsunda. Tina sababaraha padungdengan di milist, US anu 
aktif di milist urangsunda geus hasil ngawangun hiji yayasan, nyaeta Yayasan 
Perceka, anu anggotana nya anggota-anggota milist (adagiumna: tina patepung 
di milist jadi patepung di darat dina wangun hiji garapan ngalangkungan 
yayasan). Namung nyakitu, kamekaran ieu Yayasan oge teu acan nyerempeng 
pisan, kusabab nyakitu tea, sigana, kulantaran mindeng patepungna teh karek 
di alam maya. 
 Hal sejen anu alus tina kamekaran milist kasundaan nya sarupa 
garapan-garapan anu diluluguan ku Kang Hasan (mh) anu pamianganana ti milist 
urangsunda. Diantara garapan ieu nya "proyek" digitalisasi pustaka Sunda 
jeung narjamahkeun Al Qur'an kana basa Sunda (TQBS). Sigana upama nyoko kana 
7 unsur kabudayaan, garapan anu aya teh karek nepi kana widang garapan basa 
(digitalisasi pustaka Sunda + TQBS), atikan (pabukon), jeung sosial 
(sumbangan-sumbangan insidentil upama aya kajadian bancangpakewuh).
 Anapon milist kisunda, nya katingalna rada lumayan oge. Prestasi anu geus 
kahontal diantarana website sundanet.com <http://sundanet.com> geus jadi 
salah sahiji rujukan ngeunaan kasundaan (utamana ku icikibungna Abah Surya 
salaku narasumber) atikan jeung naon rupa bahan kaperluan ngeunaan 
kasundaan). Atuh hal sejen anu geus kahontal nyaeta garapan di darat anu 
pamianganana kulantaran patepung lawung di milist (komunitas
sundanet.com<http://sundanet.com>).
Diantara garapan anu ieu nyaeta: 1) ulikan jeung panalungtikan konsep 
pangwangunan regional jawa barat widang budaya, 2) strategi panalungtikan 
mateakeun budaya pikeun ngaronjatkeun ipm (indeks pangwangunan manusia) jawa 
barat, 3) strategi lajuninglaku perda ngeunaan basa, kasenian jeung 
ajen-inajen tradisi, 4) garapan sosialisasi nyalindungan DAS Citarum Hulu 
migunakeun budaya, jeung 5) sosialisasi tata ruang jawa barat ngagunakeun 
seni tembang cianjuran - Nurhidayahan.
 Mataholangna poin ka 2 ieu nyaeta: kahirupan milist ayeuna umumna, karek 
simet ngobrol can pati ngajalujur jadi hiji pergerakan anu bisa 
dibalitungkeun kalayan ditambahan hiji fenomena anu hade tur mawa harepan ti 
milist urangsunda (yayasan Perceka + garapan-garapan dina widang basa) jeung 
sababaraha hontalan milist kisunda jeung komunitas
sundanet.com<http://sundanet.com>.
Kitu oge bisa nanjeur na teh upama para anggota eta milist mindeng 
patepunglawung di darat di sagigireun di alam maya (milist). 
 3) Aya saena samemeh nembrakeun hal-hal anu pakait jeung ajen-inajen 
kasundaan anu geus baku (standar), urang kudu kurah-koreh heula kana hanca 
titinggal sepuh-sepuh urang anu geus jadi sabiwir hiji atawa geus jadi 
pangaweruh umum. 
 Upamana bae, runtuyan anu ku salira ditataan ngeunaan anu 4 (cageur, 
bageur, pinter, singer), pangaweruh kasundaan anu umum heunteu sarupa kitu 
nataanana teh, utamana lebah anu 4 pangheulana (tangtuna anu pangpentingna). 
Anu geus umum jadi pangaweruh US, anu 4 pangheulana teh nyaeta: Cageur, 
bageur, bener, pinter. Anapon anu sesana (tambahna) aya anu neruskeun sarupa 
kieu : singer, teger, pangger, wanter, cangker jeung jujur. Mangga, diantara 
sumber rujukan dina lebah dieu anu tiasa dipariosan nyaeta buku: "Kasundaan 
Rawayan Jati" yasana Abah Surya (Drs. H. R. Hidayat Suryalaga) ti komunitas 
sundanet.com <http://sundanet.com>.
 4) Satemenna, sababaraha dulur urang, kaasup si kuring, geus mindeng 
ngagero sangkan US geuwat ngaringkelkeun sarupa tatapakan pikeun mateakeun 
selerna. Sebut bae nyieun sarupa perencanaan stratejik anu miang tina 
ajen-inajen kasundaan diadumaniskeun jeung tangtangan kakiwarian. Nya dina 
perencanaan stratejik ieu baris kapanggihna visi, misi, tujuan stratejik, 
sasaran stratejik, program jeung kagiatan pikeun ngahontal udagan sarerea: 
kahirupan anu leuwih alus anu napak dina budayana atawa ngigel, ngigelan 
jeung ngigelkeun jaman tea.
 Anu jadi pamiangan cecekelan, sakumaha kungsi ku si kuring dipostingkeun, 
nyaeta palsapah sajarah. Ceuk dina palsapah sajarah, sakumaha sederhanana 
hiji bangsa, upama eta bangsa masih eksis, sok komo deui upama aya keneh 
dikieuna, tangtu eta bangsa atawa seler teh mibanda ajen-inajen poko anu 
leuleus (liat) anu upama eta ajen-inajen teh dihudangkeun deui 
(direvitalisasi) bisa jadi jalan pikeun eta bangsa/seler manggihan deui 
kajayaanna dina leuleumpangan sajarah (ngigel, ngigelan jeung ngigelkeun 
jaman).
 Ti heula kungsi diasongkeun di ieu milist, diantara ajen-inajen seler Sunda 
anu kapanggih jeung meunang meureut tina sagala rupa titinggal jeung hanca 
budayana nepi ka ayeuna, aya 3 ajen-inajen anu penting. Anu 3 teh nyaeta: 1) 
Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh; 2) Ngertakeun Bumi Lamba, 3) Mulasara 
Kabuyutan. Upama seug anu 3 ieu direvitalisasi, urang aya harepan boga visi, 
misi, tujuan stratejik ...jst nepi ka "kagiatan" pikeun ngahudangkeun deui 
US kalawan daria. Anu dimaksud revitalisasi teh taya lian ti : neuleuman 
leuwih jero nepi ka bisa nuwuhkeun kasadaran, pararangkay sosial 
(perencanaan sosial, kalebet: sosialisasi jeung atikan), jeung kreativitas. 
Sigana nya ldina ebah perencanaan sosial ieu pancen utama (baca: realistis) 
milist dina pangwangunan budaya.
 Poin anu ka opat ieu mawa talatah yen aya hadena dina madungdengkeun hiji 
hal di milist, utamana pakait jeung jejer-jejer anu strategis, urang nitenan 
heula arsip file eta milist. Teu aya sanes, sangkan rada ngajalujur jeung 
nyambung kana guaran-guaran sarupa anu geus mucunghul samemehna. Tapi, eta 
mah ukur nasehat bae. 
 5) Ieu mah keur bahan pamikiran urang sarerea ka hareup bae. Dina raraga 
ngudag udagan urang, masalah-masalah agama, pangwangunan jeung kabudayaan 
(jembarna masalah kahirupan manusa, kaasup masyarakat Sunda), saeutikna aya 
3 golongan masalah anu gede anu disanghareupan ku urang tur kudu jadi bahan 
pamikiran mereskeunana. Anu 3 teh nyaeta: a) masalah religius-kultural, b) 
masalah budaya jeung kawilayahan, c) masalah budaya jeung akselerasi 
pangwangunan.
 Masalah religius-kultural, sakumaha kabuktian dina milist kisunda (mitos 
Islam jeung Sunda) pang mindengna jeung panglobana anu nyikepan. Ieu potensi 
masalah gede teh kudu saenggal-enggalna direngsekeun atawa ditetepkeun 
pondasi dasar pikeun ngarengsekeunana. Pikeun hal ieu, si kuring percaya, 
boh Islam (salaku agama mayoritas di TS) atawa budaya Sunda bisa memeresna. 
Sabab, dimensi pangpentingna boh dina agama Islam atawa budaya Sunda sarua 
nyaeta dimensi sosial tea.
 Masalah anu kadua, patali jeung unak-anik budaya anu miangna tina kaayaan 
alam (kaasup respon kana tangtangan alam) anu sakitu rupa-rupana 
(warna-warni) anu heunteu bisa disakompet-daunkeun. Kukituna, saha bae anu 
niat nanjeurkeun bangsa kudu gemet atawa kudu wanoh pisan kana pasifatan 
wilayah eta bangsa jeung budaya seler 9sub seler) bangsa anu nyicingan eta 
patempatan.
 Anu katilu, memang urang perlu akselerasi pangwangunan. Tapi, akselerasi 
pangwangunan ieu satemenna moal jalan atawa baris mawa kaancuran upama urang 
heunteu nolih kana kaayaan budaya bangsa jeung patempatan dimana urang rek 
ngayakeun akselerasi pangwangunan.
 Mangga, salah sahiji PR urang kanggo neruskeun revolusi (anu hartina 
heunteu kudu guyang getih bae) nya ngarengsekeun 3 masalah di luhur.
-------
Kang Nana, oge ka sadayana, wilujeng, Pamugi ieu posting si kuring nambihan 
sumanget salira oge sadayana pikeun urang sasarengan ngahontal kahirupan anu 
leuwih hade (berkualitas tea). Bilih bae aya anu kalebet langkung saur, bahe 
carek, mugia tawakufna bae.
 Cag.
Baktosna,
manAR
      

 On 5/20/05, nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> 
> Assalamualaikum Baraya
> 
> 
> 
> Sigana mah urang sunda teh kudu ngayakeun revolusi, anu intina ngarubah 
> sakabeh adat kabiasaan ayeuna ku jalan nyieun kabiasaan anyar ku cara 
> ngadadak. Diantarana wae anu kudu diayakeun revolusi jeung reformasi teh 
> nyaeta :
> 
> Puseur dayeuh sunda provinsi Jawa barat teh entong di Bandung tapi di 
> daerah basisir Alesanna mah kusabab daerah pagunungan ngajadikeun sifat 
> urang sunda jadi pasif, susah narima parobahan zaman jeung "cenderung" rada 
> cengeng (melankolik). Jadi maksud kuring ngarobah sifat jeung cara berpikir 
> agraris ka sifat jeung cara berpikir maritim anu dinamis, gampang narima 
> parobahan zaman jeung "cenderung leuwih pragmatis". Nepi ka danget ayeuna ge 
> urang Sunda teh masih keneh "mempersepsi" dirina salaku urang gunung lain 
> hiji bangsa anu di hiji nusa anu dikuriling lautan anu jadi liliwatan bangsa 
> � bangsa saalam dunya.
> 
> Conto nagara atawa bangsa maritim anu kungsi mangaruhan jalanna sajarah 
> dunya :
> 
> ......
> Nerapkeun pilosofi sunda Cageur, bageur, Pinter, Singer dina kahirupan anu 
> leuwih nyata
> 
> a. Cageur : ku cara ngakampanyeukeun kabiasaan olah raga dina saminggu 
> tilu kali, ngalobakeun perlombaan olah raga ditingkat pamarentahan pang 
> handapna nepi ka tingkat pang luhurna,ngagiatkeun perkumpulan kepemudaan 
> dina widang olah raga, olah raga lokal saperti penca silat, gatrik, galah 
> santang jeung sajabana bisa dironjatkeun kucara ngajarkeun jeung ngalatih 
> barudak sakola urang, jadikeun Jawa barat "sebagai SPARTAna Asia"
> 
> b. Bageur : ngayakeun pangajian rutin saminggu sakali disakuliah tatar 
> sunda ditingkat RT, nerapkeun hukum islam sacara kaffah tur diformalkeun 
> dijadikeun hukum nagara minimal "Tatar Sunda Darussalam", ngajalankeun hukum 
> sacara konsisten tegas jeung adil, Nyuburkeun pendirian pasantren jeung 
> kagiatan � kagiatan kaagamaan, malah lamun bisa mah Leuwih alus deui kudu 
> aya dewan siga lamun dimesir mah al azhar, di iran saperti ayatollah, Milih 
> partai anu basisna jeung ngabajoangkeun tegakna kalimatullah. Mere 
> penghargaan Sarupaning anak teladan, suami teladan, istri teladan, keluarga 
> teladan, ayah teladan, ibu Teladan, siswa teladan, guru teladan, "karyawan 
> teladan", wirausaha teladanjrrd. (asal ulah Telad telod siga nu edan weh)
> 
> c. Pinter : Anggaran belanja daerah bener � bener eukeur pendidikan 
> barudak sakola, Ngawajibkeun sakola nepi ka tingkat S1, ngakampanyeukeun 
> semangat diajar Saumur hirup, ngaronjatkeun minat baca anak kucara nyieun 
> pabukon nepi ka tingkat RT. Jadikeun Jawa barat laboratiorium dunya, tempat 
> para ngumpulna para cerdik pandai, ulul albab, ilmuwan, peneliti jeung 
> lahirna pamuda � pamuda nu berprestasi kaliber dunya dina sagala widang. 
> Jadikeun Jawa barat ATHENAna Asia.
> 
> d. Singer : Di sadari yen Profesionalisme jeung Kapamingpinan teh dua hal 
> anu pang kurangna dipimilik ku kisunda jadi kudu sering ngayakaeun seminar, 
> pengkajian, bedah buku ngeunaan profesionalisme jeung kapamingpinan, loba 
> nerbitkeun buku, jurnal, majalah, makalah, artikel anu tumali eujeung 
> profesionalisme jeung kapamingpinan, ngayakeun pelatihan jeung kursus 
> ngeunaan profesionalisme jeung kapamingpinan, nelaah jeung ngaguar hal ihwal 
> profesionalisme jeung kapamingpinan dina Islam jeung Sunda, nyieun buku 
> ngeunaan biografi para Pamingpin jeung ngeuyeubkeun pabukon � pabukon di 
> tatar Sunda ngeunaan Profesionalisme, Kapamingpinan jeung biografi para 
> Pamingpin. Character Building bener � bener tujuan dina ngaronjatkeun SDM di 
> Pasundan.
> 
> 
> 
> 7 Hal diluhur sigana lamun dilaksanakeun, di Jawa barat sababaraha puluh 
> taun kahareup bakal ngalahirkeun pamingpin jeung kaum intelektual anu 
> tangguh jeung profesional. Ngajadikeun jawa barat provinsi pangmajuna lain 
> ngan ukur di Indonesia malah level dunya sahenteuna di Asia. Amin.
> 
> Cik kumaha pamanggih baraya.
> 
> 
> 
> Wassalam
> 
> Nana Sutrisna
> 
> 
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke