Sampurasun, haturan ka ki dulur sadayana, khususna ka kang Waluya sareng kang Nana.
Upama urang nyarioskeun masalah Hukum Pangeran, mungkin aya nu nyusul tepus Hukum Pangeran teh nu mana ?. Ceuk dulur ti muslim tangtu jawabana teh nu dumasar kana Qur'an jeung Hadist, upama ceuk kalangan Buddha tangtu ngajawabna teh luyu jeung nu ditulis dina Weda, ceuk Hindu dumasar kana Kitab Tri Pitaka, ceuk Kristen oge Katholik tangtu ngacu kana Injil, pon kitu deui ceuk Yahudi jeung agama-agama lainna nu aya di dunya tangtu nyebutkeun Hukum Pangeran teh luyu jeung kayakinanana, jeung tinangtu oge unggal penganut ngarasa agama manehna nu pangbenerna, da lamun teu ngarasa pangbenerna mah, meureun moal diaranut. Lamun kitu atuh Hukum Pangeran teh bet beda-beda, apan cenah (mun teu salah ceuk guru) di Islam sorangan aya 99 aliran, tapi ngan hiji nu benerna (punten pami lepat pang lereskeun), matak teu aneh dina soal jilbab ge ceuk hiji kelompok cenah teu wajib, da eta mah budaya nu asalna ti Arab, ceuk kelompok lainna wajib jeung aya dina hukumna. Nu mana atuh Hukum Pangeran nu bener-sajatina, tah didieu jadi kawajiban manusa pikeun nyukcruk ngagunakeun pangawasa nu aya dina dirina nu asal tinu Maha Kawasa), bari tetep make patokan kasucian jeung kamanusaan. Pasualan kayakinan/kapercayaan memang pelik jeung sensitif, soalna geus pada-pada nyarungsum kana dirina luyu jeung pamanggih/kanyahona sewang-sewangan, malah mandar ku yakin-yakinna rela ngorbankeun jiwana. Lamun urang ngarasa kapercayaan nu diagem teh pangbenerna, urang oge kudu boga pamikiran batur (panganut agama lain) tangtu ngarasa kapercayaan nu diagemna oge pangbenerna. Tah teu didumasaran ku kasucian jeung kamanusaan tinangtu bakal parasea marebutkeun bener, nu teu kurang jadi peperangan nu ahirna ngajauhan tina ajaran masing-masing agamana. Hukum Pangeran ceuk kuring, hakekatna nya kudu sarua, nu ngabedakeunana teh nya cara ngalisankeun/basana jeung cara nyimbulkeunana gumantung kana adat jeung budayana. Model kumaha ? Contona : - Sing saha bae nu nyabak cai, jeung nyabak seuneu tangtu panas, sing saha nu melak bakal metik hasilna - Sing saha bae jalma dilahirkeun ka dunya, cukang lantarana ngaliwatan indung-bapa, tah kulantaran kitu wajib hukumna anak mulang-tarima, ngahormat jeung mikanyaah kanu jadi indung-bapana, nini-akina nya terus ka luluhur bangsana sorangan. (Kumaha disebutna lamun aya jalma nu leuwih miajen ka luluhur bangsa batur, sedengkeun luluhur sorangan diapilainkeun) - Urang Sunda, waktu dilahirkeun ka dunya pasti euweuh nu ngahaja menta ke Gusti supaya dilahirkeun jadi US, nya kitu deui Urang Batak, Jawa, Cina, Arab, Eropah. Maranehna teu menta dilahirkeun jadi bangsa nu ayeuna ngajadi dina dirina. Tah jadi ayana bangsa teh estu kudrat tinu Maha Kawasa, naha urang rek mungkir?, atawa rek ingkar tina kudrat supaya jadi urang Cina,atawa jadi Urang Arab jeung sajabana. - Hubungan manusa jeung alam teu bisa dileupaskeun, nya kitu oge hubungan hiji bangsa jeung lemah caina boga hubungan nu teu bisa dileupaskeun, nu ngaliwatan proses alami ngalahirkeun budaya bangsa sewang-sewangan. Kaabus oge dina tata-cara kumawula ka Gustina. Cindekna ayana Budaya oge kudrat tinu Maha Kawasa. Tinggal urang nanya kana diri sorangan, naha urang rek ingkar tina kudrat ieu. - Urang tuang leueut, ngala napas, nyerep panas jeung cahaya panonpoe nu aya di bumi pertiwi, nu hartina saripatina lemah-cai urang nu katuang-kaleueut nya ngawujud jadi badan sakujur. Atuh kumaha disebutna lamun urang leuwih mikanyaah jeung ngagung-ngagung lemah cai batur tinimbang lemah-caina. Apan eta sari pati cai-seuneu-angin/udara-bumi tos natrat ngajadi wujud nu ayeuna dibabawa, nu jelas ceuk kuring mah eta teh kudrat/hukum ti Pangeran. Tah didieu urang kudu jembar, lamun rek mamawa Hukum Pangeran, anu tinangtu kudu "Universal". Ka kang Waluya nu ngarasa aneh, yen Perda ngelehkeun peraturan nu saluhureun (undang-undang), nya kitu memang kanyataan di bangsa Urang. Tong oro Perda, surat Menteri atawa Surat Walikota/Bupati bae di urang mah bisa ngelehkeun Undang-undang, malahan aya nu kaleuleuwihi, nyaeta sikep nu geus nyokot hak "prerogratif" Gusti Nu Maha Kawasa, geuning kanyataana Pajabat urang geus wani nangtukeun agama nu diaku, jeung agama nu teu diaku, nu hartina geus nangtukan cara kumawula ka Gusti nu bakal ditarima Gusti jeung nu moal ditarima Gusti. Padahal anu hak pikeun nangtukeun salah jeung bener jeung ditarima atawa ditolak kumawula ka Gusti teh estu Gusti ku Anjeun, Teu aya hak jalma sok sanajan jadi pajabat naon bae, nangtukeun ieu perkara. Tah sakitu bae kanggo bahan lenyepaneun, punten bilih teu sapagodos, sareng hampura kuring mah teu loma make basa nu lemes teh, maklum asal ti Gunung. Cag, Rampes. --- nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten kuring lain arek madungdengkeun wajib > henteuna jilbab keur awewe, teu > apal kuring mah, jeung ieu mah masalah kayakinan, > teu bisa didebatkeun. Ngan > kuring mah rada ngamasalahkeun "Perda Jilbab"na. Cik > ceuk baraya, "Perda > jilbab" teh ngalanggar konstitusi atawa henteu?, > khususna jeung Pasal 28E > ayat 2 UUD45 + amandemen 2002. Sabab soal Jilbab > ieu, aya oge urang Islam nu > percaya jilbab teh henteu wajib jiga pamanggih Dr. > Quraish Shihab atawa > ulama sejenna nu henteu ngawajibkeun jilbab. Ceuk > kayakinan maranehna > (hartina kapercayaan maranehna) jilbab teh henteu > wajib. Upama aya perda > wajib jilbab ......hartina ngalanggar pasal 28E ayat > 2 nu ngajamin kabebasan > kayakinan/kapercayaan individu (sanes kolektif). > Perda sifatna ngudukeun > make Jilbab padahal pasal 28E ayat 2 mere kabebasan > Kapercayaan keur warga > nagara. Aneh keur kuring mah aya Perda nu hiarkina > paling handap bisa > "ngalawan" kontitusi nu hiarkina pangluhurna di > nagara. > > > > Kieu weh ayeuna mah kang Waluya. Anu melanggar teh > hukum Pangeran ka hukum NKRI atawa hukum NKRI ka > hukum Pangeran? ceuk kang Waluya anu kudu direvisi > teh hukum Pangeran atawa hukum NKRI? kang Waluya > bakal ngabelaan anu mana? > > Sedengkeun perkara bedana paham kaum ulama ngeunaan > hukum jilbab, sabenerna mah teu kudu bingung. > tingali weh dasar hukumna kumaha pilih mana anu > bener tur lempeng, mana anu sasar jeung nyasabkeun. > Sajarah ge nyatet mana anu salila ieu jadi pamadegan > jumhur ulama ngeunaan jilbab teh ti mimiti zaman > Rasulullah tug nepi ka runtagna Khilafah Turki > Usmaniah da ulama anu nyebutkeun jilbab teh teu > wajib eta mucunghulna di ahir zaman kakawasaan Turki > Usmaniah. > > lamun hukum agama henteu diformalisasikeun edek > kumaha umat islam ngalaksanakeun SI da urang islam > mah lain bangsa sekuler anu ngajadikeun urusan agama > ngan urusan di masjid/gareja wungkul. nerapkeun SI > lain hartina ngalanggar kabebasan beragama justru di > terapkeunana SI ngajamin bener - bener > dilaksanakeunana hukum - hukum agama, ari masalah > hubungan jeung non muslim kapan geus di atur dina > agama islam ge yen euweuh paksaan pikeun anu teu > iman. maranehna bebas ngajalankeun agamana tanpa > perlu sieun di Islamkeun, nu kajadian ayeuna teh aya > kasieun non islam diterapkeunana SI teh kulantaran > maranehna awam kana SI nya ayeun tugas urang > ngabuktikeun yen SI teh henteu saserem anu > kumaranehna sangka. > > > > Wassalam > > Nana Sutrisna > > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada > seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini > akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, > dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > > > > > > --------------------------------- > > > Yahoo! Groups Links > > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the > Yahoo! Terms of Service. > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Mail Mobile > Take Yahoo! Mail with you! Check email on your > mobile phone. > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________ Do you Yahoo!? Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. http://promotions.yahoo.com/new_mail PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
