punten ngaleureusken saalit
sanes 99 aliran  namung mung ukur 72 golongan
eta oge mung 1 nu leres

baktos
Pakusarakan

--- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sampurasun, haturan ka ki dulur sadayana, khususna ka
> kang Waluya sareng kang Nana.
> 
> Upama urang nyarioskeun masalah Hukum Pangeran,
> mungkin aya nu nyusul tepus Hukum Pangeran teh nu mana
> ?. Ceuk dulur ti muslim tangtu jawabana teh nu dumasar
> kana Qur'an jeung Hadist, upama ceuk kalangan Buddha
> tangtu ngajawabna teh luyu jeung nu ditulis dina Weda,
> ceuk Hindu dumasar kana Kitab Tri Pitaka, ceuk Kristen
>  oge Katholik tangtu ngacu kana Injil, pon kitu deui
> ceuk Yahudi jeung agama-agama lainna nu aya di dunya
> tangtu nyebutkeun Hukum Pangeran teh luyu jeung
> kayakinanana, jeung tinangtu oge unggal penganut
> ngarasa agama manehna nu pangbenerna, da lamun teu
> ngarasa pangbenerna mah, meureun moal diaranut. Lamun
> kitu atuh Hukum Pangeran teh bet beda-beda, apan cenah
> (mun teu salah ceuk guru) di Islam sorangan aya 99
> aliran, tapi ngan hiji nu benerna (punten pami lepat
> pang lereskeun), matak teu aneh dina soal jilbab ge
> ceuk hiji kelompok cenah teu wajib, da eta mah budaya
> nu asalna ti Arab, ceuk kelompok lainna wajib jeung
> aya dina hukumna. Nu mana atuh Hukum Pangeran nu
> bener-sajatina, tah didieu jadi kawajiban manusa
> pikeun nyukcruk ngagunakeun pangawasa nu aya dina
> dirina nu asal tinu Maha Kawasa), bari tetep make
> patokan kasucian jeung kamanusaan. 
> Pasualan kayakinan/kapercayaan memang pelik jeung
> sensitif, soalna geus pada-pada nyarungsum kana dirina
> luyu jeung pamanggih/kanyahona sewang-sewangan, malah
> mandar ku yakin-yakinna rela ngorbankeun jiwana. Lamun
> urang ngarasa kapercayaan nu diagem teh pangbenerna,
> urang oge kudu boga pamikiran batur (panganut agama
> lain) tangtu ngarasa kapercayaan nu diagemna oge
> pangbenerna. Tah teu didumasaran ku kasucian jeung
> kamanusaan tinangtu bakal parasea marebutkeun bener,
> nu teu kurang jadi peperangan nu ahirna ngajauhan tina
> ajaran masing-masing agamana.
> 
> Hukum Pangeran ceuk kuring, hakekatna nya kudu sarua,
> nu ngabedakeunana teh nya cara ngalisankeun/basana
> jeung cara nyimbulkeunana gumantung kana adat jeung
> budayana.
> Model kumaha ? Contona :
> - Sing saha bae nu nyabak cai, jeung nyabak seuneu
> tangtu panas, sing saha nu melak bakal metik hasilna
> - Sing saha bae jalma dilahirkeun ka dunya, cukang
> lantarana ngaliwatan indung-bapa, tah kulantaran kitu
> wajib hukumna anak mulang-tarima, ngahormat jeung
> mikanyaah kanu jadi indung-bapana, nini-akina nya
> terus ka luluhur bangsana sorangan. (Kumaha disebutna
> lamun aya jalma nu leuwih miajen ka luluhur bangsa
> batur, sedengkeun luluhur sorangan diapilainkeun)
> - Urang Sunda, waktu dilahirkeun ka dunya pasti euweuh
> nu ngahaja menta ke Gusti supaya dilahirkeun jadi US,
> nya kitu deui Urang Batak, Jawa, Cina, Arab, Eropah.
> Maranehna teu menta dilahirkeun jadi bangsa nu ayeuna
> ngajadi dina dirina. Tah jadi ayana bangsa teh estu
> kudrat tinu Maha Kawasa, naha urang rek mungkir?,
> atawa rek ingkar tina kudrat supaya jadi urang
> Cina,atawa jadi Urang Arab jeung sajabana.
> - Hubungan manusa jeung alam teu bisa dileupaskeun,
> nya kitu oge hubungan hiji bangsa jeung lemah caina
> boga hubungan nu teu bisa dileupaskeun, nu ngaliwatan
> proses alami ngalahirkeun budaya bangsa
> sewang-sewangan. Kaabus oge dina tata-cara kumawula ka
> Gustina. Cindekna ayana Budaya oge kudrat tinu Maha
> Kawasa. Tinggal urang nanya kana diri sorangan, naha
> urang rek ingkar tina kudrat ieu.
> - Urang tuang leueut, ngala napas, nyerep panas jeung
> cahaya panonpoe nu aya di bumi pertiwi, nu hartina
> saripatina lemah-cai urang nu katuang-kaleueut nya
> ngawujud jadi badan sakujur. Atuh kumaha disebutna
> lamun urang leuwih mikanyaah jeung ngagung-ngagung
> lemah cai batur tinimbang lemah-caina. Apan eta sari
> pati cai-seuneu-angin/udara-bumi tos natrat ngajadi
> wujud nu ayeuna dibabawa, nu jelas ceuk kuring mah eta
> teh kudrat/hukum ti Pangeran.
> 
> Tah didieu urang kudu jembar, lamun rek mamawa Hukum
> Pangeran, anu tinangtu kudu "Universal".
> 
> Ka kang Waluya nu ngarasa aneh, yen Perda ngelehkeun
> peraturan nu saluhureun (undang-undang), nya kitu
> memang kanyataan di bangsa Urang. Tong oro Perda,
> surat Menteri atawa Surat Walikota/Bupati bae di urang
> mah bisa ngelehkeun Undang-undang, malahan aya nu
> kaleuleuwihi, nyaeta sikep nu geus nyokot hak
> "prerogratif" Gusti Nu Maha Kawasa, geuning kanyataana
> Pajabat urang geus wani nangtukeun agama nu diaku,
> jeung agama nu teu diaku, nu hartina geus nangtukan
> cara kumawula ka Gusti nu bakal ditarima Gusti jeung
> nu moal ditarima Gusti. Padahal anu hak pikeun
> nangtukeun salah jeung bener jeung ditarima atawa
> ditolak kumawula ka Gusti teh estu Gusti ku Anjeun,
> Teu aya hak jalma sok sanajan jadi pajabat naon bae,
> nangtukeun ieu perkara.
> 
> Tah sakitu bae kanggo bahan lenyepaneun, punten bilih
> teu sapagodos, sareng hampura kuring mah teu loma make
> basa nu lemes teh, maklum asal ti Gunung.
> 
> Cag, Rampes.
> --- nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > 
> > Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Punten kuring lain arek madungdengkeun wajib
> > henteuna jilbab keur awewe, teu
> > apal kuring mah, jeung ieu mah masalah kayakinan,
> > teu bisa didebatkeun. Ngan
> > kuring mah rada ngamasalahkeun "Perda Jilbab"na. Cik
> > ceuk baraya, "Perda
> > jilbab" teh ngalanggar konstitusi atawa henteu?,
> > khususna jeung Pasal 28E
> > ayat 2 UUD45 + amandemen 2002. Sabab soal Jilbab
> > ieu, aya oge urang Islam nu
> > percaya jilbab teh henteu wajib jiga pamanggih Dr.
> > Quraish Shihab atawa
> > ulama sejenna nu henteu ngawajibkeun jilbab. Ceuk
> > kayakinan maranehna
> > (hartina kapercayaan maranehna) jilbab teh henteu
> > wajib. Upama aya perda
> > wajib jilbab ......hartina ngalanggar pasal 28E ayat
> > 2 nu ngajamin kabebasan
> > kayakinan/kapercayaan individu (sanes kolektif).
> > Perda sifatna ngudukeun
> > make Jilbab padahal pasal 28E ayat 2 mere kabebasan
> > Kapercayaan keur warga
> > nagara. Aneh keur kuring mah aya Perda nu hiarkina
> > paling handap bisa
> > "ngalawan" kontitusi nu hiarkina pangluhurna di
> > nagara.
> > 
> > 
> > 
> > Kieu weh ayeuna mah kang Waluya. Anu melanggar teh
> > hukum Pangeran ka hukum NKRI atawa hukum NKRI ka
> > hukum Pangeran? ceuk kang Waluya anu kudu direvisi
> > teh hukum Pangeran atawa hukum NKRI? kang Waluya
> > bakal ngabelaan anu mana?
> > 
> > Sedengkeun perkara bedana paham kaum ulama ngeunaan
> > hukum jilbab, sabenerna mah teu kudu bingung.
> > tingali weh dasar hukumna kumaha pilih mana anu
> > bener tur lempeng, mana anu sasar jeung nyasabkeun.
> > Sajarah ge nyatet mana anu salila ieu jadi pamadegan
> > jumhur ulama ngeunaan jilbab teh ti mimiti zaman
> > Rasulullah tug nepi ka runtagna Khilafah Turki
> > Usmaniah da ulama anu nyebutkeun jilbab teh teu
> > wajib eta mucunghulna di ahir zaman kakawasaan Turki
> > Usmaniah.
> > 
> > lamun hukum agama henteu diformalisasikeun edek
> > kumaha umat islam ngalaksanakeun SI da urang islam
> > mah lain bangsa sekuler anu ngajadikeun urusan agama
> > ngan urusan di masjid/gareja wungkul. nerapkeun SI
> > lain hartina ngalanggar kabebasan beragama justru di
> > terapkeunana SI ngajamin bener - bener
> > dilaksanakeunana hukum - hukum agama, ari masalah
> > hubungan jeung non muslim kapan geus di atur dina
> > agama islam ge yen euweuh paksaan pikeun anu teu
> > iman. maranehna bebas ngajalankeun agamana tanpa
> > perlu sieun di Islamkeun, nu kajadian ayeuna teh aya
> > kasieun non islam diterapkeunana SI teh kulantaran
> > maranehna awam kana SI nya ayeun tugas urang
> > ngabuktikeun yen SI teh henteu saserem anu
> > kumaranehna sangka.
> > 
> >  
> > 
> > Wassalam
> > 
> > Nana Sutrisna
> > 
> >  
> > 
> > 
> > 
> > PENTING..!
> > 
> > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> > seluruh member.
> > 
> > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
> > akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> > 
> > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> > dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > ---------------------------------
> > 
> > 
> > Yahoo! Groups Links
> > 
> > 
> >    To visit your group on the web, go to:
> > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
> >   
> >    To unsubscribe from this group, send an email to:
> > [EMAIL PROTECTED]
> >   
> >    Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> > Yahoo! Terms of Service. 
> > 
> > 
> > 
> >             
> > ---------------------------------
> > Yahoo! Mail Mobile
> >  Take Yahoo! Mail with you! Check email on your
> > mobile phone.
> > 
> > [Non-text portions of this message have been
> > removed]
> > 
> > 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. 
> http://promotions.yahoo.com/new_mail 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke