Kang Yan,

Payus tur ginding pisan eta seratan teh, mangga teraskeun. Bentenna Prabu 
Siliwangi sareng Nabi Isa mah panginten maranehna (Karesten) percanten yen 
Nabi Isa hentu maot heula, tapi ragana teras ngapung ka Sawarga. Kitu anu 
kadangu ku abdi ti Guru Agama jaman sakola. Anu saur kang Nana mah 
kapercantenan sapertos kieu teh kedah dipiceun margi teu luyu sareng hukum 
alam sareng sabab akibat, Mung kang Nana henteu kebat ari kedah nyebatkeun 
salah sawios rukun iman kedah dicoret mah.

Mangg teraskeun.....




At 07:44 PM 5/22/2005 -0500, you wrote:
>Haturan Kang Ilen  baraya saha wae
>
>Aya carita ti murid penca anu kacida taatna agama katolikna, yen Nabi
>Isa teh
>kuburannana teu aya nu terang nepi ka ayeuna, jadi anjeuna "ngahiyang".
>Ari argeologis masih ngandelkeun teori-teori ayana tebing-tebing nagara
>israel,
>eta oge karek tapsiran can puguh buktina.
>Lain arek nyaruakeun ngahiang Prabu Siliwangi jeung Nabi nu geus
>kapilih  kunu Maha Kawasa keur mere kateranganka masyarakat anu gelap
>janten terang.
>Da geuning Nu Maha Suci oge masihan ilham teh heunteu di tanah Arab
>atanapi di Israel, Nu Maha Suci masihan ilham kasaha wae nu tos dipilih
>jeung gumantung perkembangan jamanna. Pedah wae dina kitab jabur,
>taurat,  injil, qur'an henteu nyebut taneuh sunda ageung teh
>jalma-jalmana tos merenah akal-budina jeung luhur budayana.
>
>Luhur budayana teu kudu dicirikeun aya wangunan piramid anu kokoh jiga
>di Arab, atanapi candi-candi Buda-India  anu kacida ageung di wetan,
>piramid Maya di Amerika Selatan eta sagala rupa conto wangunan anu
>baheulla lain jaminan yen jalma-jalmana tos berbudaya luhur.
>Kadang-kadang ngawangun eta candi / piramid / istana anu jadi bakal
>sesembahan hamba sahaya ka raja anu sok dianggap tuhan, nepi ka ayeuna
>oge masih aya lamun ngeus ngawasa seueur harta wangunan, intan, berlian
>sok ngarasa dirina jiga tuhan/pangawasa, lamun ngomong jiga tuhan,
>geuning maranehna nu  gaduh kakuasaan sok niron sifat-sifat nu Maha
>Suci. , nyaeta kodrat-irodatNA
>
>Cara ngawanguna  eta wangunan seueur nyeepkeun jalma-jalma anu paeh,
>pagawena diperbudak teu dibayar disiksa jadi loba oge negativna keur
>kaulinan panguasa anu hawek. Jiganamah loba jurig-jurig , kunti lanak,
>genderewo, anu marakayangan  teu rela paeh di eta tempat-tempat anu
>disembah ku generasi saterasna. Tah maranehna osok napak tilas tea nepi
>diciuman eta wangunan teh
>bari jeung tungkul igel-igelan.
>
>Dina hiji buku "Eden in the East"  karangan "Stephen Oppenheimer" tatar
>sunda anu ka sebut sunda ageung tea, yen 20 000 taun katukang cara
>hirup-urip-hurp urang tos gaduh etika katatanegaraan anu kacida
>rapihna, suplus dina ngolah pertanian malihmah urang barat oge
>nyebutkeun eta harta karun urang sunda tos kaleuwihan tiasa ngahirupan
>nagara-nagara tatanggina.
>   Disimpulkeun ku eta buku di tatar sunda eueweuh istilah bahasa sunda
>anu ngaranna " maok, perkosa, maling, korupsi, bui, upeti, feodal,
>garong, perang, hayang disembah wae....". Jadi ciri-ciri budaya anu
>geus hirup-hurip-hurup, asih-asih, asuh nyaeta ieu bahasa ti eta taun
>tos ngadeg ngajentul.
>
>Da urang sunda teh ceunah dina eta buku ibarat para dewa-dewi, sinar
>sunda anu
>tempatna surga-surga surga urang sunda. Euweuh jalma-jalma marakayangan
>da euweuh jalma di kadek di peuncit, jeung eweuh istilah ngaluarkeun
>getih ti badan sorangan. Geuning urang sunda mah tos resep tuang
>lalab-lalaban, anu hararejo, jadi tos ngarti yes eta katuangan teh seur
>tanagina jeung enggal dicerna
>dipatuangan/beuteung, paling oge tuang lauk emas, lele, jeung belut ieu
>teh sumber giji keur minter keun euteuk  urang sunda, ceuk urang
>Amerika mah fast food (gancang di cerna gancang tanaga ka raga urang
>harita keneh).
>
>Meureun urang sundamah tos seubeuh ku harta benda  baheulana, jadi
>lolobana
>seueur "ngahening", tafakur (hartosna sanes pamelasan) naon deui
>sagala-sagala dasar hidup tos kacumponan nya urang milari surga wae.
>Ari alam tatar sunda teh sanes ngogo urang sunda janten ogoan, Da urang
>sunda tos kapilih ku Maha Tunggal manusa nu calakan teu kedah
>niron-niron budaya asing anu hawek sarakah, jeung ngaatas namakeun
>agama. Padahal agamamah aya dina kalbu /hate keur sesembahanana
>masing-masing  da lain diorganisasi eta budaya asing.
>
>Benten ari ti nagara-nagara anu gersang  anu panas pisan pinuh ku
>padang pasir di Arab jeung Africa nepi ka ayeuna oge neangan hirup keur
>urip mani  sesah pisan. Kitu oge keur urang  bule / kulit bodas hirup
>teh sesah da eta aya musim anu kacida tiris pisan dibawah enol derajat
>secius jiga hirup cicing dijero kulkas.
>Tah eta jalma asing anu datang ka tatar urang sunda mimitina dongkap
>dagang di pasisir pulau jawa, teras ngawasa.
>Ceuk urang arab urang sunda teh tara "medit" nyaeta royal osok ka Arab
>jadi turis mawa oleh-oleh ari balik ka lembur. Urang Arab , China, Bule
>anu resep dagang
>nyaho neangan duit teh sesah, jeung geuning aya anu sok meulian barang
>maranehna jeung awewe urang sunda gareulis.. Maranehna mikir mending
>datang ka pusatna anu loba duit / beunghar ku harta datang ka tanah
>sunda.
>
>Ngahiang anu dipiconto Prabu Siliwangi keur urang sunda jadi patokan
>batin US jeung moal leungit da pasti nerap keur US tetep US.  US
>ngangken  budaya Arab, China, India urang Bule sok wae urang silih
>asah-asih-asuh, asal ulah calutak teuing atuh engke karuhun sunda
>ngambek. Maranehna  urang wetan anu neangaan hirup di tatar sunda kedah
>wawasdiri entong popologok teuing jeung polontong di taneuh urang
>sunda. Da geuning urang sunda ayeunamah tos terang bahasa ngarempug
>meureun tos "eling" yen ngabeungkeut sasama sunda teh leuwih penting
>tibatan jeung nu lain sunda, lain pa hare-hare.
>
>baktos
>
>yan nyc
>
>
>On Sunday, May 22, 2005, at 06:45 US/East-Indiana, Ilen Kardani wrote:
>
> > Baraya,
> >
> > Seueur oge anu percanten (salah sawiosna sim kuring) yen Prabu
> > Siliwangi
> > teh mung hiji tapi anjeuna kumelendang salami ratusan taun mingpin
> > Parahyangan. Kanggo jalmi non-sunda urusan ngahiang teh hiji
> > kamustahilan,
> > tapi kanggo urang Sunda mah urusan ngahiang teh jadi pilihan anu rek
> > pupus,
> > naha arek dileungitkeun atawa arek dibeuleugeujeurkeun eta raga teh.
> > Ari
> > kang Anis mah da sanes urang Sunda asli numawi pantes ngomentaran
> > sapertos
> > kitu oge, eta mah uwih kana kayakinan sewang-sewangan wae.
> >
> > ilen kardani
> >
> > At 09:47 AM 5/20/2005 +0100, you wrote:
> >> Muhun eta panafsiran SD dina Nyucruk Sajarah Pajajaran & Prabu
> >> Siliwangi,
> >> SIliwangi teh Sri Baduga Maharaja nu mokteng di Rancamaya. Beda jeung
> >> panafsiran Mang Ayat nu nyebutkeun yen kabeh raja ti Prabu nu mokteng
> >> di
> >> Bubat boga gelaran Siliwangi. Siliwangi terakhir nya nu mokteng di Gn
> >> Pulasari waktu perang jeung Banten (Ragamulya?).
> >> Bisa disimpulkeun yen raja pajajaran teh tetep jelema nu maot lain
> >> ngahyang. Numutkeun abah Anis Djatisunda mah ngahyangna Siliwangi teh
> >> ngan
> >> saukur karangan. Ieu ge kedah ditalungtik kunaon atuh aya karangan nu
> >> jadi
> >> mitos, naon tujuanana.
> >>
> >> Tumali jeung dedegan Prabu Siliwangi oge ngamasalahkeun dedegan
> >> pakean,
> >> naha raja pajajaran kawas raja India/Wayang, atawa kawas raja eropa nu
> >> make makuta atawa kawas kumaha?
> >>
> >> Masalah Prabu Siliwangi hiji (SBM) atawa leuwih ti hiji rupina kedah
> >> dicek
> >> deui sumber nu jadi dadasar naha jentre disebutkeun atawa hasil tina
> >> panafsiran.
> >>
> >> salam
> >> tirta
> >>
> >>
> >> nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >> Ceuk Saleh Danasasmita pamadegan yen Siliwangi teh leuwih ti hiji teh
> >> cenah salah anu bener mah Siliwangi teh nyaeta Sri Baduga Maharaja
> >> Ratu
> >> Haji sok disebut oge Jayadewata sok disebut oge Pamanah Rasa.
> >> Siliwangi
> >> teh raja anu disebut dina prasasti batu tulis salaku pangeling -
> >> ngeling
> >> ti anakna nyaeta Surawisesa. Kuburan Siliwangi cenah mah ayana di
> >> Kabuyutan Rancamaya anu ayeuna jadi real estate. Jadi bohong carita
> >> anu
> >> nyebutkeun Siliwangi ngahiyang tuluy jadi maung di leuweung Sancang
> >> teh
> >>
> >> dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Tah geuning aya raratanana "yen anu
> >> disebat
> >> prabu siliwangi teh henteu mung hiji" jadi upami aya gambarna gambar
> >> prabu
> >> siliwangi anu mana?
> >>
> >> Jeung deuih sakumna urang sunda boga kasempetan kanggo nyepeng eta
> >> kalungguhan (maqom), kukituna ayeuna mah hayu urang paheula-heula
> >> ngahontalna......,
> >>
> >> gajleng...........!!!
> >>
> >>
> >>
> >> ---------------------------------
> >>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
> >> today!
> >> Download Messenger Now
> >>
> >> [Non-text portions of this message have been removed]
> >>
> >>
> >>
> >> PENTING..!
> >>
> >> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> >>
> >> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> >> berupa pencabutan membership.
> >>
> >> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
> >> selalu
> >> mengupdate antivirusnya.
> >>
> >> Yahoo! Groups Links
> >>
> >>
> >>
> >>
> >
> >
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
>berupa pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke