Kang Ilen

Terasan carita murid-murid  penca anu katolik, karesten ,yahudi, islam 
jeung nu teu percaya agama pokonamah ngariung ngigelkeun ulik napas 
jeung ulik gerak bari
ngadongeng Nabi Isa tea (NI).
Ari Nabi Isa teh urang Yahudi keur anjeuna ngadawah ka urang israel, 
urang Roma/Italy ayeuna maranehna teu percaya yen anjeuna anak tuhan. 
Ma'enya tangtungan jelma ngaku tuhan ceuk urang Yahudi , ka asup  dua 
belas jelema anu deukeut jeung NI.

Kunaon mararehna percaya katolik, karesten percaya yen Nabi Isa anak 
tuhan,
kieu geura caritana.
Keur NI disalib ku tantara romawi saparatos tujuh poe, dina hiji dinten 
juma'ah, sabtu atawa minggu diturun tina salib erek dikuburkeun tea 
(mulih ka jati mulang ka
asal, asal ti taneuh uih ka taneuh). Dipetian meureun cara urang 
karesten  sa acan di kuburkeun, teuneuh di gali sa encan dikuburkeun ku 
urang yahudi jeung ku dua belas jalma anu deukeut NI marulih heula ka 
bumina.
Teras dongkap deui bade nguburkeun NI nurutkeun cara ritual maranehna, 
sateuacan dikuburkeun eta mayit / jasad  diteang geuning ngahyang.
Maranehna anu teu percaya  da ngagebeg eta jasad NI aslina hirup deui 
diheureupeun dua belas sahabat NI.
Teras NI nyarios kuring teh dongkap deui keur nyaangan maranehna anu 
poek, kuring diutus ku Nu Maha Suci, maneh teh kudu percaya ka omongan 
kuring (pilari konsep triniti), nyaeta12 jalma ka asup Peter  (Paus) 
anu ngadirikeun GerejaPatikan  katolik hartina "umum/ nyebar"ayeuna di 
Roma-Italy, anu 11 jelma  aya nu ka Spanyol sesana poho deui caritana 
duka teuing kamana...aya carita lainna nepi ka Portugal. Teras wae 
saparantos ngobrol NI jeung 12 karabatna "ngahyang".

Ti dinya Roma jadi pusat pasantren / institusi agama katolik Paus jeung 
Raja  gawe babarengan keur nyebarkeun eta agama. Ari ti Jerman mah 
ditentang ku Luther da moal mere UPETI ka Roma, nanaonan seunah, nu 
digawe kuring mere upeti ka Roma, jadi aya "protestan", Ceuk Katolikmah 
manehna murtad teu di aku umat NI da bongan protes hayang mikarep 
ngaran sorangan. padahal ceuk urang protestan sarua bae ngan beda 
ngaran pedah embung diparentah jiga feodal tea anu sentralisasi.

Ku kuring eta murid-murid penca naha ngawangun agama make  aya 
"tantara" sagala di gareja Roma sarua jeung di Tibet anu di pimpin ku 
Dalelama mirip jiga pamarentahan (sukural), da agama mah euweuh tantara 
ngan aya di hate-hate
nu percaya . Maranehna ngahuleng, enya nya "guru" (sebatan murid ka 
kuring),
ceuk anjeuna saleresnamah nanemkeun kakuasaan  pimpinan maranehna jiga 
raja-raja nu baheula, ngan nginjeun ngaran Nu Maha Kuasa, ameh gede 
wibawana.

Hiji carita pangaruh katolik abad 1500 masehi di Amerika Selatan cukup 
luas ceuk eta murid kuring,  da maranehna asalna ti eta nagara. Kumaha 
carana nyebarkeun
eta agama katolik, nya'eta atas parentah Raja Isabel  ti spanyol jeung 
Paus ti Roma ( Peter /Paus nu kasabaraha duka atuh pilarian wae abad 15 
kahandap).
Aya bahasa Paus anu dijadikeun cecepengan para serdadu katolik- Spanyol
ceunah  : "tantara bisa asup ka sawarga lamun bisa maehan anu teu 
percaya ka katolik", jadi leuwih seueur maehan  jalma-jalma nu teu 
percaya ka katolik kredit kerja tantara naek kasawarga beuki luhur 
tingkatan sawargana.
Jadi abad 1500 masehi di America Selatan loba suku Inka, suku Maya, 
Siok jrrd ( leuwih ti 400 suku Indian) loba anu paeh sa daratan Amerika 
Selatan leuwih ti dua
puluh  juta  jalma  dipaehan ku tantara Spanyol di Mexico,... jrrd. 
jeung ku  Purtugis di Brazil eta bukti sajarah ceuk murid penca kula.

Taun 1500 - 1625  pamor kekuasaan Spanyol / Purtugis  anu katolik 
runtuh dituduh ku Inggris, Walanda, Perancis yen katolik teh tukang 
meuncitan jalma  nu teu walakaya jeung teu dosa alias tantara katolik 
barbarian / kanibal.
Dipake kesempatan ku urang protestan keur unjuk kakauasan nu 
ngagunakeun agama nu di anut ku tilu bangsa, nya maranehna ngagunakeun 
teori perbudakan, kerja rodi pokoknamah ngagunakeun tanaga kerja gratis 
ti nagara anu dijajahna keur ngadulang emas, intan jeung pertanian.

Ku kuring di simpulkeun ari Ngahyang Parbu Siliwangi mah euweuh 
marentahkeun
ngawasa taneuh batur  dikuasaan jeung embung teuneuh Sunda dijajah ku 
urang sebrang jeung urang wetan. Sabdana hayu  urang Ngahyang ganti 
rupi jadi maung
bodas nyumput di hutan balantara.
Maksudna urang teh kudu ngabeungkut sa sunda anu demokrasi, kuatkeun
tali tumali sa sunda. nya buktosna aya simbul tantara Siliwangi, simbul 
kujang, simbol penca da , ilmi -ilmi anu logika jadi teu kedah seueur 
teuing mitos. Noongan urang saintismah  urang sundamah seueur nyandak 
elmu nu masagi.
Spirit Prabu teh masih nerap nepi ka ayeuna moal paeh, Ngahyang keur 
urang  sunda lain paeh , malih mah  masih keneh hirup di tatar sunda, 
nu keur ngahurip keur mintonkeun tangtungan hurup keur generasi urang 
sunda nu ka hareup.

Sakitu wae carita ti murid-murid penca di usa

baktos

yan nyc

On Monday, May 23, 2005, at 13:52 US/East-Indiana, Ilen Kardani wrote:

> Kang Yan,
>
> Payus tur ginding pisan eta seratan teh, mangga teraskeun. Bentenna 
> Prabu
> Siliwangi sareng Nabi Isa mah panginten maranehna (Karesten) percanten 
> yen
> Nabi Isa hentu maot heula, tapi ragana teras ngapung ka Sawarga. Kitu 
> anu
> kadangu ku abdi ti Guru Agama jaman sakola. Anu saur kang Nana mah
> kapercantenan sapertos kieu teh kedah dipiceun margi teu luyu sareng 
> hukum
> alam sareng sabab akibat, Mung kang Nana henteu kebat ari kedah 
> nyebatkeun
> salah sawios rukun iman kedah dicoret mah.
>
> Mangg teraskeun.....
>
>
>
>
> At 07:44 PM 5/22/2005 -0500, you wrote:
>> Haturan Kang Ilen  baraya saha wae
>>
>> Aya carita ti murid penca anu kacida taatna agama katolikna, yen Nabi
>> Isa teh
>> kuburannana teu aya nu terang nepi ka ayeuna, jadi anjeuna 
>> "ngahiyang".
>> Ari argeologis masih ngandelkeun teori-teori ayana tebing-tebing 
>> nagara
>> israel,
>> eta oge karek tapsiran can puguh buktina.
>> Lain arek nyaruakeun ngahiang Prabu Siliwangi jeung Nabi nu geus
>> kapilih  kunu Maha Kawasa keur mere kateranganka masyarakat anu gelap
>> janten terang.
>> Da geuning Nu Maha Suci oge masihan ilham teh heunteu di tanah Arab
>> atanapi di Israel, Nu Maha Suci masihan ilham kasaha wae nu tos 
>> dipilih
>> jeung gumantung perkembangan jamanna. Pedah wae dina kitab jabur,
>> taurat,  injil, qur'an henteu nyebut taneuh sunda ageung teh
>> jalma-jalmana tos merenah akal-budina jeung luhur budayana.
>>
>> Luhur budayana teu kudu dicirikeun aya wangunan piramid anu kokoh jiga
>> di Arab, atanapi candi-candi Buda-India  anu kacida ageung di wetan,
>> piramid Maya di Amerika Selatan eta sagala rupa conto wangunan anu
>> baheulla lain jaminan yen jalma-jalmana tos berbudaya luhur.
>> Kadang-kadang ngawangun eta candi / piramid / istana anu jadi bakal
>> sesembahan hamba sahaya ka raja anu sok dianggap tuhan, nepi ka ayeuna
>> oge masih aya lamun ngeus ngawasa seueur harta wangunan, intan, 
>> berlian
>> sok ngarasa dirina jiga tuhan/pangawasa, lamun ngomong jiga tuhan,
>> geuning maranehna nu  gaduh kakuasaan sok niron sifat-sifat nu Maha
>> Suci. , nyaeta kodrat-irodatNA
>>
>> Cara ngawanguna  eta wangunan seueur nyeepkeun jalma-jalma anu paeh,
>> pagawena diperbudak teu dibayar disiksa jadi loba oge negativna keur
>> kaulinan panguasa anu hawek. Jiganamah loba jurig-jurig , kunti lanak,
>> genderewo, anu marakayangan  teu rela paeh di eta tempat-tempat anu
>> disembah ku generasi saterasna. Tah maranehna osok napak tilas tea 
>> nepi
>> diciuman eta wangunan teh
>> bari jeung tungkul igel-igelan.
>>
>> Dina hiji buku "Eden in the East"  karangan "Stephen Oppenheimer" 
>> tatar
>> sunda anu ka sebut sunda ageung tea, yen 20 000 taun katukang cara
>> hirup-urip-hurp urang tos gaduh etika katatanegaraan anu kacida
>> rapihna, suplus dina ngolah pertanian malihmah urang barat oge
>> nyebutkeun eta harta karun urang sunda tos kaleuwihan tiasa ngahirupan
>> nagara-nagara tatanggina.
>>   Disimpulkeun ku eta buku di tatar sunda eueweuh istilah bahasa sunda
>> anu ngaranna " maok, perkosa, maling, korupsi, bui, upeti, feodal,
>> garong, perang, hayang disembah wae....". Jadi ciri-ciri budaya anu
>> geus hirup-hurip-hurup, asih-asih, asuh nyaeta ieu bahasa ti eta taun
>> tos ngadeg ngajentul.
>>
>> Da urang sunda teh ceunah dina eta buku ibarat para dewa-dewi, sinar
>> sunda anu
>> tempatna surga-surga surga urang sunda. Euweuh jalma-jalma 
>> marakayangan
>> da euweuh jalma di kadek di peuncit, jeung eweuh istilah ngaluarkeun
>> getih ti badan sorangan. Geuning urang sunda mah tos resep tuang
>> lalab-lalaban, anu hararejo, jadi tos ngarti yes eta katuangan teh 
>> seur
>> tanagina jeung enggal dicerna
>> dipatuangan/beuteung, paling oge tuang lauk emas, lele, jeung belut 
>> ieu
>> teh sumber giji keur minter keun euteuk  urang sunda, ceuk urang
>> Amerika mah fast food (gancang di cerna gancang tanaga ka raga urang
>> harita keneh).
>>
>> Meureun urang sundamah tos seubeuh ku harta benda  baheulana, jadi
>> lolobana
>> seueur "ngahening", tafakur (hartosna sanes pamelasan) naon deui
>> sagala-sagala dasar hidup tos kacumponan nya urang milari surga wae.
>> Ari alam tatar sunda teh sanes ngogo urang sunda janten ogoan, Da 
>> urang
>> sunda tos kapilih ku Maha Tunggal manusa nu calakan teu kedah
>> niron-niron budaya asing anu hawek sarakah, jeung ngaatas namakeun
>> agama. Padahal agamamah aya dina kalbu /hate keur sesembahanana
>> masing-masing  da lain diorganisasi eta budaya asing.
>>
>> Benten ari ti nagara-nagara anu gersang  anu panas pisan pinuh ku
>> padang pasir di Arab jeung Africa nepi ka ayeuna oge neangan hirup 
>> keur
>> urip mani  sesah pisan. Kitu oge keur urang  bule / kulit bodas hirup
>> teh sesah da eta aya musim anu kacida tiris pisan dibawah enol derajat
>> secius jiga hirup cicing dijero kulkas.
>> Tah eta jalma asing anu datang ka tatar urang sunda mimitina dongkap
>> dagang di pasisir pulau jawa, teras ngawasa.
>> Ceuk urang arab urang sunda teh tara "medit" nyaeta royal osok ka Arab
>> jadi turis mawa oleh-oleh ari balik ka lembur. Urang Arab , China, 
>> Bule
>> anu resep dagang
>> nyaho neangan duit teh sesah, jeung geuning aya anu sok meulian barang
>> maranehna jeung awewe urang sunda gareulis.. Maranehna mikir mending
>> datang ka pusatna anu loba duit / beunghar ku harta datang ka tanah
>> sunda.
>>
>> Ngahiang anu dipiconto Prabu Siliwangi keur urang sunda jadi patokan
>> batin US jeung moal leungit da pasti nerap keur US tetep US.  US
>> ngangken  budaya Arab, China, India urang Bule sok wae urang silih
>> asah-asih-asuh, asal ulah calutak teuing atuh engke karuhun sunda
>> ngambek. Maranehna  urang wetan anu neangaan hirup di tatar sunda 
>> kedah
>> wawasdiri entong popologok teuing jeung polontong di taneuh urang
>> sunda. Da geuning urang sunda ayeunamah tos terang bahasa ngarempug
>> meureun tos "eling" yen ngabeungkeut sasama sunda teh leuwih penting
>> tibatan jeung nu lain sunda, lain pa hare-hare.
>>
>> baktos
>>
>> yan nyc
>>
>>
>> On Sunday, May 22, 2005, at 06:45 US/East-Indiana, Ilen Kardani wrote:
>>
>>> Baraya,
>>>
>>> Seueur oge anu percanten (salah sawiosna sim kuring) yen Prabu
>>> Siliwangi
>>> teh mung hiji tapi anjeuna kumelendang salami ratusan taun mingpin
>>> Parahyangan. Kanggo jalmi non-sunda urusan ngahiang teh hiji
>>> kamustahilan,
>>> tapi kanggo urang Sunda mah urusan ngahiang teh jadi pilihan anu rek
>>> pupus,
>>> naha arek dileungitkeun atawa arek dibeuleugeujeurkeun eta raga teh.
>>> Ari
>>> kang Anis mah da sanes urang Sunda asli numawi pantes ngomentaran
>>> sapertos
>>> kitu oge, eta mah uwih kana kayakinan sewang-sewangan wae.
>>>
>>> ilen kardani
>>>
>>> At 09:47 AM 5/20/2005 +0100, you wrote:
>>>> Muhun eta panafsiran SD dina Nyucruk Sajarah Pajajaran & Prabu
>>>> Siliwangi,
>>>> SIliwangi teh Sri Baduga Maharaja nu mokteng di Rancamaya. Beda 
>>>> jeung
>>>> panafsiran Mang Ayat nu nyebutkeun yen kabeh raja ti Prabu nu 
>>>> mokteng
>>>> di
>>>> Bubat boga gelaran Siliwangi. Siliwangi terakhir nya nu mokteng di 
>>>> Gn
>>>> Pulasari waktu perang jeung Banten (Ragamulya?).
>>>> Bisa disimpulkeun yen raja pajajaran teh tetep jelema nu maot lain
>>>> ngahyang. Numutkeun abah Anis Djatisunda mah ngahyangna Siliwangi 
>>>> teh
>>>> ngan
>>>> saukur karangan. Ieu ge kedah ditalungtik kunaon atuh aya karangan 
>>>> nu
>>>> jadi
>>>> mitos, naon tujuanana.
>>>>
>>>> Tumali jeung dedegan Prabu Siliwangi oge ngamasalahkeun dedegan
>>>> pakean,
>>>> naha raja pajajaran kawas raja India/Wayang, atawa kawas raja eropa 
>>>> nu
>>>> make makuta atawa kawas kumaha?
>>>>
>>>> Masalah Prabu Siliwangi hiji (SBM) atawa leuwih ti hiji rupina kedah
>>>> dicek
>>>> deui sumber nu jadi dadasar naha jentre disebutkeun atawa hasil tina
>>>> panafsiran.
>>>>
>>>> salam
>>>> tirta
>>>>
>>>>
>>>> nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>> Ceuk Saleh Danasasmita pamadegan yen Siliwangi teh leuwih ti hiji 
>>>> teh
>>>> cenah salah anu bener mah Siliwangi teh nyaeta Sri Baduga Maharaja
>>>> Ratu
>>>> Haji sok disebut oge Jayadewata sok disebut oge Pamanah Rasa.
>>>> Siliwangi
>>>> teh raja anu disebut dina prasasti batu tulis salaku pangeling -
>>>> ngeling
>>>> ti anakna nyaeta Surawisesa. Kuburan Siliwangi cenah mah ayana di
>>>> Kabuyutan Rancamaya anu ayeuna jadi real estate. Jadi bohong carita
>>>> anu
>>>> nyebutkeun Siliwangi ngahiyang tuluy jadi maung di leuweung Sancang
>>>> teh
>>>>
>>>> dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Tah geuning aya raratanana "yen anu
>>>> disebat
>>>> prabu siliwangi teh henteu mung hiji" jadi upami aya gambarna gambar
>>>> prabu
>>>> siliwangi anu mana?
>>>>
>>>> Jeung deuih sakumna urang sunda boga kasempetan kanggo nyepeng eta
>>>> kalungguhan (maqom), kukituna ayeuna mah hayu urang paheula-heula
>>>> ngahontalna......,
>>>>
>>>> gajleng...........!!!
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> ---------------------------------
>>>>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
>>>> today!
>>>> Download Messenger Now
>>>>
>>>> [Non-text portions of this message have been removed]
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> PENTING..!
>>>>
>>>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>>>
>>>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
>>>> sanksi
>>>> berupa pencabutan membership.
>>>>
>>>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
>>>> selalu
>>>> mengupdate antivirusnya.
>>>>
>>>> Yahoo! Groups Links
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>
>>>
>>
>>
>>
>> PENTING..!
>>
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>> berupa pencabutan membership.
>>
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
>> selalu
>> mengupdate antivirusnya.
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke