Kang Oman, Aya usulan ti kuring, kumaha upama informasi kongres teh, ditangkelkeun di web kusnet, atawa sundanet, supaya balaraea pada apal. Saterusna perkara proposal, pamilon, jeung makalah-makalah nu dipadungdengkeun oge didokumentasikeun. Jigana Kang Eko oge teu aya halangan. Salam, MH
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya, Tadi peuting si kuring jeung Mj di tempatna sewang-sewangan, diwawancara liwat telepon ku Kang Nanang ti tabloid "Galura". Kang Nanang teh keur midamel reportase sabudeureun Kongres Basa Sundaa VIII Taun 2005 (KBS 2005) jeung sikep atawa padungdengan di milis-milist kasundaan kana eta acara hajatan, anu antukna Kang Nanang meryogikeun sababaraha informasi ngeunaan milist-milist kasundaan- bill khusus Kusnet/Urangsunda jeung kisunda-jeung garapanana, utamana dina widang basa. Atuh nya berele bae naon rupa anu salila ieu kasaksian ngeunaan kamekaran basa di milist dicaritakeun ka Kang Nanang, kaasup unak-anik kamajuan milist anu sejenna. Sigana Mj ngalengkepan eta informasi kalawan leuwih euyeub da rada lila, wartosna, ngobrolna sareng Kang Nanang teh. Tina obrolan sareng Kang Nanang, si kuring meunang alamat tlpn jeung HP pupuhu panitia KBS 2005, nyatana Kang Taufiqurohman. Malah Kang Nanang ngaomat-omatan sangkan ti wawakil milist kudu ngahubungan Kang Taufiqurohman pikeun ngasongkeun makalah keur diguar di KBS. Isukna, si kuring ngahubungan Kang Taufiqurohman sareng abah Surya (Abah oge kalebet anggota SC KBS 2005). Nya meunang sababaraha kacindekan soal KBS jeung kamungkinan Kusnet/kisunda icikibung manggung dina hajatan KBS 2005. Urang coba dadarkeun dina sababaraha posting ti mimiti ieu postingan. 1. Kamungkinan Kusnet/kisunda aub di KBS Numutkeun informasi ti Abah Surya, puseur udagan KBS 2005 teh nyaeta guaran-guaran dina wangun makalah ngeunaan basa Sunda ti para praktisi di lapangan. Hal ieu beda jeung KBS VII anu ti heula di Garut anu leuwih museurkeun udaganna kana pamendak ngeunaan basa Sunda ti para ahli. Kukituna, Abah kalintang sapukna upama ti milist-milist kasundaan aya anu ngasongkeun makalah ngeunaan kamekaran basa Sunda di internet. Sok sanajan makalah anu dipresentasikeun diwatesan ukur 27 makalah, tapi makalah-makalah anu lalebet bae dikempelkeun dina proceeding KBS 2005. Kukituna, upamana bae makalah-makalah ti Kusnet/kisunda heunteu dugi ka manggung, nya lumayan tiasa ngeuyeuban proceeding KBS 2005 sakalian ngawanohkeun internet jeung icikibungna dina ngamumule jeung mekarkeun basa Sunda, bahan guareun atawa jejer ageung KBS ka hareup. Kukituna, mangga ka para wargi sadaya anu bade nyerat makalah kanggo KBS 2005, tiasa ngawitan midamel kalawan terus dikirimkeun ka alamat sekertariat panitia KBS 2005 (ke urang seratkeun dina posting saterasna). Deadline ngasupkeun makalah teh nyaeta kaping 10 Juni 2005 kalawan makalah anu lebet ti payun kamungkinan ageung lebet kana proceedingna oge pangpayunna. 2. Rarangkay makalah ti milist Kusnet/kisunda Pikeun nyieun makalah ti milist Kusnet/kisunda, aya hadena upama dibagi pancen. Guaran teh sigana sakurang-kurangna ngawengku tilu jejer, nyaeta: 1) Ngawanohkeun internet ka rengrengan aktivis kasundaan widang basa (sabab nyakitu tea, pamadegan umum-utamana anu can apal-kana internet teh masih stereotype: ukur alat keur hura-hura atawa hiburan bae) kalawan dilengkepan ku ngawanohkeun Kusnet/Urangsunda jeung sundanet.com <http://sundanet.com>dina kiprahna mulasara basa Sunda jeung garapan-garapan sejenna anu pakait jeung miara basa Sunda. Dina jejer anu kahiji ieu tiasa didugikeun utamana ngeunaan potensi internet pikeun mulasara jeung ngamajukeun basa Sunda, sababaraha conto garapan strategis basa Sunda di internet, kaperluan/pangabutuh ugeran jeung aturan basa Sunda pikeun miara jeung ngamajukeun basa Sunda di internet. Judul makalah tiasa dipilarian anu pas pikeun ngabakian eta jejer-jejer guaran. 2) Guaran anu rada khusus ngeunaan sababaraha garapan strategis di internet, upamana: Wikipedia, digitalisasi buku/naskah Sunda buhun jeung TQBS. Judul tiasa dipilarian anu pas sareng eusi guaran. 3) Sababaraha jejer anu sanesna anu miang tina hubungan mulasara jeung ngamajukeun basa Sunda jeung internet. Upamana, soal perluna icikibung (kiprah) ti golongan/kasangtukang akademis sejen, salian ti basa jeung sastra (upama sains jeung teknologi) pikeun kamekaran basa Sunda. Ieu oge sami, judul makalah mah tiasa dipilarian anu sakira-kira nyekrup. Dina postingan saterasna, pidu'ana bae pamugi kaparengkeun bisa katuliskeun sababaraha alternatif outline makalah jeung anu ngagarpna nyoko kana 3 jejer di luhur. Kalawan teu hilap miharep asupan ti wargi sadaya, hayu urang sukseskeun ieu KBS 2005 teh sok sanajan wartana ka milist rada leuir. Baktosna, manAR [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Do You Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new Resources site! [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
