Baraya, kabeneran kuring kamari tulas-tulis, tadi peuting dikirimkeun ka redaksi cupumanik. Lamun dimuat tea mah, paling henteu/saeutikna bisa ngawanohkeun jejer2 jeung kagiatan nu lumangsung di Babakan Kusnet, utamana nu patali jeung hirup-huripna basa Sunda (di Internet), pangbagea pikeun Kongres Basa Sunda nu bade lumangsung di Subang. Dibulak-balik teh, karasa pisan atahna artikel ieu, nyanggakeun!
------------------------------------------------- Lalayaran di Jagat Maya Urang curug ngebul, kitu meureun babasan pikeun jalma jaman kiwari nu can kungsi ngadéngé-ngadéngé acan kecap Internét. Enya, pikeun masarakat urang, sahanteuna pikeun masarakat kelas panengah ka luhur, Internét téh geus jadi hal nu teu anéh. Malah, pikeun sabagian masarakat mah Internét téh geus jadi pangabutuh sapopoé, utamana di dunya usaha jeung dunya panalungtikan, ogé gaul sapopoé. Internét geus jadi média komunikasi jeung informasi nu penting di dunya kiwari. Internét lir candu nu hésé ditinggalkeunana, awak lalinu mun can muka Internét, kitu ceuk tukang bohong mah. Sunda di Internét Ceuk data BPS, pangeusi propinsi Jawa Kulon jeung Banten téh leuwih ti 42 yuta urang (sénsus taun 2000). Anggap baé urang Sundana aya tilu parapatna, jumlah-jamléh aya leuwih ti 30 yuta urang. Lamun ditempo tina kuantitasna mah, ampir sarua jeung pangeusi Kanada, saluhureun Malaysia jeung kalolobaan nagara Éropah atawa Australia. Tina sakitu puluh yuta populasi urang Sunda, duka sabaraha persénna nu wanoh jeung Internét. Mun urang nyobaan nyungsi basa Sunda di Internét, ramatloka (website) nu némbongan dina basa Sunda mah paling loba gé sigana bisa kénéh diitung ku ramo. Ti sakitu puluh yuta urang Sunda, nu bisa jeung boga karep nembrakkeun basa Sunda di Internét téh meureun ukur sababaraha urang. Anu bisa kasebut daria mah, di antarana nu dikokolakeun ku kalawarta Sunda (Manglé, Galura, Cupumanik), pamedal Sunda (Lalayang Girimukti-Kiblat Buku Utama), jeung sawatara organisasi/individual kayaning Sundanét, Lingkung Seni Sunda-ITB (Jamparing Online), KUSnét (urang-sunda.or.id), Wikipédia Sunda (katut proyék-proyék sawargi), jeung sababaraha ramatloka leutik lianna. Mangkaning ceuk Google—hiji ramatloka pangpunjulna nu nyadiakeun fasilitas nyungsi émbaran di Internét, di Internét téh aya kana dalapan milyar leuwih ramatkaca (webpage). Ku beuki raketna masarakat urang kana média ieu, Internét poténsial pisan pikeun nyadiakeun rohangan pikeun ngubaran kahanaang urang Sunda kana karya-karya atawa émbaran-émbaran nu migunakeun basa Sunda. Nginjeun istilah nu dikedalkeun ku MH—salasaurang 'milisi' KUSnét nu kiwari ngadosénan di Malaysia, ngababad alas Amer: nembrakkeun karya-karya sastra/warta Sunda naon baé di Internét. Dijitalisasi bahan bacaan Sunda Sababaraha bulan ka tukang, di milis (mailing list, komunitas koréspondénsi via surat éléktronik) [email protected] kungsi kedal ngeunaan kereteg dijitalisasi bacaan Sunda. Mimiti mucunghul nalika nyaritakeun buku-buku (heubeul) Sunda di Perpustakaan Nasional nu kaayaanana matak pikahariwangeun, sabab fisikna geus kahakan jaman, kertasna geus garetas méh bubuk. Kumaha bangkarakna naskah-naskah buhun? Pantesna téh leuwih parna ti buku-buku heubeul hasil nyitak, mangkaning cenah aya sakitu petina nu can katalungtik! Baraya KUSnet (Komunitas Urang Sunda di Internét) kacida hagetna nalika jejer ieu ngamalir kana kereteg mindahkeun/nyalin bahan-bahan bacaan éta kana wanda dijital. Ceuk gampangna mah, kari ngamodal komputer sasét katut scanner-na, bérés. Ari prungna kumaha? Ti dieu mimiti mandegna téh, sabab can aya nu prak datang ka Perpustakaan Nasional pikeun ngabadamikeun atawa ménta idin sangkan niat éta bisa kacumponan. Minangka panglalanyah, diluluguan ku MH, proyék téh dimimitian ku murak buku Rusdi jeung Misnem ka alam dijital. Dipigawé réréongan, hasilna nyugemakeun. Léngkah saterusna, nincak kana bahan nu leuwih daria: narjamahkeun Terjemah Qur'an kaluaran Depag RI kana basa Sunda jeung nyalin Poesaka Sunda (kalawarta Sunda nu kungsi diterbitkeun ku Paguyuban Java Instituut antara taun 1922 nepi ka taun 1927, salinanana katampa ti Pa Ganjar Kurnia nu kiwari nuju di Prancis), nu nepi ka kiwari keur dikeureuyeuh. Kagiatan ieu mémang teu bisa disebut jalan kalawan cepet sakumaha nu dipiharep, bubuhan nu ngeureuyeuhna ukur maké jurus salingkuh tina pagawéanana séwang-séwangan. Wikipédia Sunda Bulan Maret taun kamari, keur anteng lalayaran di alam maya, kuring anjog ka hiji ramatloka nu nyadiakeun rohangan pikeun tumuwuhna kamotékaran basa-basa saalam dunya. Proyék andelanana, nyaéta Wikipédia, hiji proyék nyieun/nyusun énsiklopédi bébas—dina harti nembrak bisa dibuka/dibaca kalawan haratis, sarta disusun kalawan réréongan ku sing saha baé nu boga karep. Nya harita téh nyobaan ngalalanyahan nyusun Wikipédia vérsi basa Sunda (su.wikipedia.org). Teu niat daria-daria teuing, ukur ngubaran kapanasaran, kalawan modal narjamahkeun eusi Wikipédia nu geus ngadeg saméméhna dina basa Inggris. Pikeun babandingan, Wikipédia Inggris nu dirempug ku ratusan-réwuan kontributor, sanggeus opat taun geus bisa ngahasilkeun leuwih ti satengah yuta éntri; Wikipédia Indonésia, nu mitembeyan disusun awal taun 2004 sarta dirempug ku puluhan-ratusan kontributor, geus bisa ngahasilkeun 9000-an éntri; sedengkeun nu basa Sunda, nu dikeureuyeuh ku ukur sababaraha urang, hatur lumayan, kakara bisa ngumpulkeun 700-an éntri, éta gé pabaliut kénéh jeung éntri-éntri dina basa Inggris nu kaluli-luli can kagarap deui ku kontributorna. Pikeun saheulaanan, kapanasaran pribadi ngeunaan basa Sunda téh geus kaubaran, yén basa Sunda téh, mun urang keyeng mah, bisa dijembarkeun ambahanana kana rupa-rupa widang kaélmuan nu leuwih husus. Ari héséna mah puguh, da kudu nyiar kecap-kecap Sunda nu sawanda jeung istilah-istilah deungeun, atawa nyundakeun istilah-istilah deungeun nu hartina euweuh/hésé pisan kapanggih dina basa Sunda (pastesna mah, hanca ieu téh diluluguan ku LBSS). Mun dibawa kana daria, patali jeung kahariwang bakal lastarina basa Sunda ti alam dunya dina 1-2 generasi ka hareup, sigana mah teu (pati) kudu hariwang, asal urang Sundana sorangan daék ngamekarkeun basa Sunda dina rohangan-rohangan/widang-widang séjén nu leuwih husus. Mun kiwari urang geus boga Énsiklopédi Sunda, saha nu nyaho, isuk jaganing pagéto, urang boga Encyclopædia Sondaica, kompilasi rupa-rupa émbaran jeung pangaweruh umum, dina basa Sunda! --------------------------------- On 5/26/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, > Tadi peuting si kuring jeung Mj di tempatna sewang-sewangan, diwawancara > liwat telepon ku Kang Nanang ti tabloid "Galura". Kang Nanang teh keur > midamel reportase sabudeureun Kongres Basa Sundaa VIII Taun 2005 (KBS 2005) > jeung sikep atawa padungdengan di milis-milist kasundaan kana eta acara > hajatan, anu antukna Kang Nanang meryogikeun sababaraha informasi ngeunaan > milist-milist kasundaan- bill khusus Kusnet/Urangsunda jeung kisunda-jeung > garapanana, utamana dina widang basa. Atuh nya berele bae naon rupa anu > salila ieu kasaksian ngeunaan kamekaran basa di milist dicaritakeun ka Kang > Nanang, kaasup unak-anik kamajuan milist anu sejenna. Sigana Mj ngalengkepan > eta informasi kalawan leuwih euyeub da rada lila, wartosna, ngobrolna sareng > Kang Nanang teh. PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
