Kang Hasan,
Nyakitu atuh, hal anu dicaritakeun ku akang ieu teh tadi isuk-isuk oge
kajudi tina walonan-walonan pananggunjawab KBS 2005 waktu si kuring
teteleponan jeung anjeunna. Aya kesan di golongan inohong Sunda ahli basa
Sunda atawa kasepuhan-kasepuhan basa Sunda, internet teh ukur sarana
hura-hura atawa paling jauh hiburan. Hal ieu kungsi dikuatkeun ku Abah Surya
dina obrolan.
Tadi isuk-isuk, pajarkeun teh cenah da lain basa Sunda ukur anu jadi basa
pikeun ngobrol, tapi ajen-inajenna. Tuluy bae si kuring nempas kalayan
ngaguar sababaraha garapan urang anu ceuk rarasaan mah ageung ajen-inajenna
pikeun mulasara jeung ngamekarkeun basa Sunda. Alhamdulillah anjeunna nampi.
Kukituna, sigana aya sababaraha pilihan lengkah ka hareup dina
nyanghareupan hal ieu: 1) mimiti ilubiung dina kagiatan sarupa KBS 2005, 2)
ngaronjatkeun usaha-usaha ngawanohkeun kagiatan basa Sunda di internet
(sakaligus mere "pencerahan" kumaha potensi internet/IT pikeun mulasara
jeung mekarkeun basa ka sababaraha golongan kasundaan anu teu acan engeuh.
Anu ka 3, upama makalah-makalah ti arurang (ngeunaan IT jeung basa Sunda)
heunteu ditampi, usulan Kang Rachmat sigana payus dibalitungkeun: nyieun
kongres tandingan atawa usaha-usaha advokasi anu eusina ngagero tur
ngeceskeun kumaha potensi IT pikeun mulasara budaya, bil khusus basa.
Rupina sakitu bae heula Kang.
baktosna,
manAR
On 5/26/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Oman,
> Upama nitenan jejer materina, jigana KBS 2005 teh masih keneh "ANTI
> TEKNOLOGI". Duka naon sababna. Bisa jadi basa Sunda tacan jadi bahan
> panalungtikan saintis sejen di luar widang basa jeung sastra. Atawa bisa
> jadi saintis basa jeung sastra di urang tacan noong, pikeun ngamangpaatkeun
> teknologi pikeun urusan basa jeung sastra. Upama noong di lembur batur,
> ampir sagala widang garapan geus jadi bahan kajian lintas-disiplin. Hasil
> kawin silang linguistik jeung IT geus ngalahirkeun anak komputasi
> linguistik, natural language processing (NLP), pustaka digital, kamus
> elektronik, e-learning, jeung sajabana. Naha perkara jiga kieu teh tacan
> kapalire.
>
> Salian ti eta, geuning rengrengan KBS 2005 teh sakitu samaktana. Nepi ka
> sakabeh pamingpin di Jawa Barat, ti mimiti gupernur nepi ka sakabeh bupatina
> jadi penasehat. Tapi anehna nepi teu ka tepi ku dunya IT. Asa kacida teuing.
>
> Salam,
> MH
>
> oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 4. Jejer Badag (Tema)
>
> "NGAGUNAKEUN BASA SUNDA NGAROJONG NANJEURNA BUDAYA BANGSA"
>
> (komentar si kuring: kalimah/kecap anu make "na" teh, upamana "nanjeurna",
> eta kalimah/kecap khas alumni pelatihan struktural jabatan model Spala,
> Spama, Lemhanas. Asana ti para ahli basa jeung sastra mah eta kalimah jejer
> badag teh kudu rada alus alias leuwih nyastra. Usul ti si kuring anu lain
> ahli nanaon, upamana: MIGUNAKEUN BASA SUNDA PIKEUN NGAROJONG NANJEURKEUN
> BUDAYA BANGSA" atawa "MIGUNAKEUN BASA SUNDA PIKEUN NGAROJONG TANJEURAN
> BUDAYA BANGSA").
>
> 5. Materi Kongres
>
> Dibagi jadi 3 golongan: 1) Widang Basa, 2) Widang Sastra, 3) Widang
> Aksara. Anu 3 ieu dibagi deui jadi golongan sidang-sidang sarupi ieu: a)
> basa, b) aksara, c) widang kawijakan, d) widang atikan, e) widang
> panalungtikan, f) widang media-massa, jeung h) widang kaagamaan.
>
> =====
> 7. Pamilon (Peserta)
>
> a) Birokrat di widang pamarentahan, atikan, kabudayaan, jeung
> b) Anu icikibung dina widang basa di tingkat Pusat, Propinsi,
> Kabupaten/Kota Jawa Barat jeung luar Jawa Barat
> c) LSM-LSM Kasundaan di Jawa Barat jeung luar Jawa Barat
> d) Para pakar basa Sunda ti paguron-paguron luhur di Jawa Barat jeung luar
> Jawa Barat
> e) Sastrawan Sunda
> f) Guru-guru Basa Sunda
> g) Inohong-inohong masyarakat Sunda
> h) Inohong-inohong ti luar masyarakat Sunda
>
> 8. Panitia
>
> A. Panasehat : 1. Gubernur Jawa Barat, 2. jst nepi ka 7. Bupati Walikota
> tempat acara dilaksanakeun
> B. Konsultan : 8. Prof. Dr. H. Yus Rusyana, jst nepi ka no. 16.
> C. Pananggungjawab: 17. Ketua Umum LBSS, 18. Drs. H. Taufik Faturohman
> D. Panyipat (Pengarah) : Pupuhu : 19. Drs. R.H. Hidayat Suryalaga, 20.
> Drs. Idin Baidilah, M.Pd., 21. Drs. H. Lili, M.Pd.
> E. Panitia anu ngalaksanakeun : 22. Drs. H. Elin Syamsuri, jst nepi ka no.
> 27
> F. Kesekertariatan: Koordinator : 28. Drs. Ahmad Hadi, Anggota: 29. Drs.
> Tedi AN Muhtadi, M.Hum
> Seksi-seksi : Materi, Acara, Perelngkapan, jst; Sponsorship, jst; Bursa
> jeung Pameran, Konsumsi, Kesenian
> (ti nomer 30 nepi ka nomer 43).
>
> 9. Jejer Makalah
>
> Aya 33 jejer makalah anu geus kacirian rek dipidangkeun dina KBS 2005,
> ngawengku keynot speech (2 makalah nyaeta ti: 1) Gubernur Jabar, judulna
> "Kawijakan Gubernur Jawa Barat dina Ngahirup-huripkeun Basa, Sastra, Aksara
> Sunda"), jeung 2) ti Kang Ajip Rosidi ("Basa jeung Sastra Sunda dina
> Kahirupan Kiwari")); kawijakan (7 makalah), Basa (8 makalah), Sastra (4
> makalah), Atikan (6 makalah), Media (2 makalah), Panalungtikan (2 makalah),
> Kalembagaan (2 makalah).
>
> Cag heula, ke sugan aya tanaga urang neruskeun posting jejer-jejer makalah
> anu sawatara ieu geus disaluyuan ku pantia baris midang dina KBS 2005.
>
> Baktosna,
> manAR
>
>
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> ---------------------------------
> Do You Yahoo!?
> Yahoo! Small Business - Try our new Resources site!
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/