Kang Oman,
Upama nitenan jejer materina, jigana KBS 2005 teh masih keneh "ANTI TEKNOLOGI". 
Duka naon sababna. Bisa jadi basa Sunda tacan jadi bahan panalungtikan saintis 
sejen di luar widang basa jeung sastra. Atawa bisa jadi saintis basa jeung 
sastra di urang tacan noong, pikeun ngamangpaatkeun teknologi pikeun urusan 
basa jeung sastra. Upama noong di lembur batur, ampir sagala widang garapan 
geus jadi bahan kajian lintas-disiplin. Hasil kawin silang linguistik jeung IT 
geus ngalahirkeun anak komputasi linguistik, natural language processing (NLP), 
pustaka digital, kamus elektronik, e-learning, jeung sajabana. Naha perkara 
jiga kieu teh tacan kapalire. 
 
Salian ti eta, geuning rengrengan KBS 2005 teh sakitu samaktana. Nepi ka 
sakabeh pamingpin di Jawa Barat, ti mimiti gupernur nepi ka sakabeh bupatina 
jadi penasehat. Tapi anehna nepi teu ka tepi ku dunya IT. Asa kacida teuing.
 
Salam,
MH

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
4. Jejer Badag (Tema)
 
"NGAGUNAKEUN BASA SUNDA NGAROJONG NANJEURNA BUDAYA BANGSA"
 
(komentar si kuring: kalimah/kecap anu make "na" teh, upamana "nanjeurna", eta 
kalimah/kecap khas alumni pelatihan struktural jabatan model Spala, Spama, 
Lemhanas. Asana ti para ahli basa jeung sastra mah eta kalimah jejer badag teh 
kudu rada alus alias leuwih nyastra. Usul ti si kuring anu lain ahli nanaon, 
upamana: MIGUNAKEUN BASA SUNDA PIKEUN NGAROJONG NANJEURKEUN BUDAYA BANGSA" 
atawa "MIGUNAKEUN BASA SUNDA PIKEUN NGAROJONG TANJEURAN BUDAYA BANGSA"). 
 
5. Materi Kongres
 
Dibagi jadi 3 golongan: 1) Widang Basa, 2) Widang Sastra, 3) Widang Aksara. Anu 
3 ieu dibagi deui jadi golongan sidang-sidang sarupi ieu: a) basa, b) aksara, 
c) widang kawijakan, d) widang atikan, e) widang panalungtikan, f) widang 
media-massa, jeung h) widang kaagamaan. 
 
=====
7. Pamilon (Peserta)
 
a) Birokrat di widang pamarentahan, atikan, kabudayaan, jeung
b) Anu icikibung dina widang basa di tingkat Pusat, Propinsi, Kabupaten/Kota 
Jawa Barat jeung luar Jawa Barat
c) LSM-LSM Kasundaan di Jawa Barat jeung luar Jawa Barat
d) Para pakar basa Sunda ti paguron-paguron luhur di Jawa Barat jeung luar Jawa 
Barat
e) Sastrawan Sunda
f) Guru-guru Basa Sunda
g) Inohong-inohong masyarakat Sunda
h) Inohong-inohong ti luar masyarakat Sunda
 
8. Panitia
 
A. Panasehat : 1. Gubernur Jawa Barat, 2. jst nepi ka 7. Bupati Walikota tempat 
acara dilaksanakeun
B. Konsultan : 8. Prof. Dr. H. Yus Rusyana, jst nepi ka no. 16.
C. Pananggungjawab: 17. Ketua Umum LBSS, 18. Drs. H. Taufik Faturohman
D. Panyipat (Pengarah) : Pupuhu : 19. Drs. R.H. Hidayat Suryalaga,  20. Drs. 
Idin Baidilah, M.Pd., 21. Drs. H. Lili, M.Pd.
E. Panitia anu ngalaksanakeun : 22. Drs. H. Elin Syamsuri, jst nepi ka no. 27
F. Kesekertariatan: Koordinator : 28. Drs. Ahmad Hadi, Anggota: 29. Drs. Tedi 
AN Muhtadi, M.Hum
                            Seksi-seksi : Materi, Acara, Perelngkapan, jst; 
Sponsorship, jst; Bursa jeung Pameran, Konsumsi, Kesenian
                            (ti nomer 30 nepi ka nomer 43).
 
9. Jejer Makalah
 
Aya 33 jejer makalah anu geus kacirian rek dipidangkeun dina KBS 2005, 
ngawengku keynot speech (2 makalah nyaeta ti: 1) Gubernur Jabar, judulna 
"Kawijakan Gubernur Jawa Barat dina Ngahirup-huripkeun Basa, Sastra, Aksara 
Sunda"), jeung 2) ti Kang Ajip Rosidi ("Basa jeung Sastra Sunda dina Kahirupan 
Kiwari")); kawijakan (7 makalah), Basa (8 makalah), Sastra (4 makalah), Atikan 
(6 makalah), Media (2 makalah), Panalungtikan (2 makalah), Kalembagaan (2 
makalah). 
 
Cag heula, ke sugan aya tanaga urang neruskeun posting jejer-jejer makalah anu 
sawatara ieu geus disaluyuan ku pantia baris midang dina KBS 2005.
 
Baktosna,
manAR


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
Do You Yahoo!?
 Yahoo! Small Business - Try our new Resources site!

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke