Kang Yan, Kang MH, kang Rachmat oge baraya sadaya,
 Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I), mintonkeun langkung ti 3 
makalah ngeunaan penca silat. Malah kacindekan KIBS I nandaan yen penca 
silat teh salaku hiji kakuatan budaya Sunda. Namung nyakitu, lajuninglakuna 
KIBS I teh, sakumaha lajuninglakuna KBS, oge kirang katingal ketakna.
 Rupina, tos waktosna urang ngawitan mateakeun penca silat pikeun 
kamaslahatan masyarakat Sunda di sagigireun mulasara warisan budaya US. 
Kukituna lengkah kahiji anu kawilang dadasar, taya lian ti 
ngadokumentasikeun unak-anik ngeunaan penca silat di Tatar Sunda, ti 
ngawitan sajarah, jenis-jenis, pakumpulan-pakumpulan jeung aktivitasna, 
ajen-inajen jeung kahirupan sejenna penca silat di TS. Pikeun hal eta, Kang 
Yan rupinsa tiasa midamel rarangkay programna.
 Perkawis Nini Eni, rupina tiasa dipaluruh ka IPSI atanapi statsiun tv anu 
ti payun mintonkeun reportasena. Tiasa oge dipaluruh ka disbudpar Kab. 
Garut. Info anu sanesna, Ceu Netty di Ciwidey, kagungna data anu cukup 
lengkep ngeunaan sajarah penca silat sakumaha anu ditaroskeun ku Kang MH. Si 
kuring sorangan kungsi nganjang ka Ceu Netty.
 Anu sejenna, ngeunaan rupa-rupa jurus penca silat anu leuwih condong kana 
ulikan pernafasan, Insya Alloh si kuring tiasa maluruh ka salah sahiji anu 
neruskeun paguron Nampon. Padepokanna aya di wewengkon Jl Pajagalan, oge di 
Padalarang.
 Baktos,
manAR

 On 5/27/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Kang Yan,
> Jaman keur budak dilembur (Garut), aya jurus penca nu kawentar, sok 
> disarebut "jurus Cimande" atawa "jurus Cikalong" cenah. Cing sugan Kang Yan 
> apal (maklum pandekar, hehehe) laratanana kumaha dongengna eta dua padepokan 
> teh. Naha kira-kirana eta dua padepokan bisa diangkat jiga Shaolin di Cina, 
> nu geus jadi industri hiburan? Kuduna aya pangarang Sunda nu bisa ngangkat 
> padepokan Cimande jeung Cikalong jadi ikon pikeun kareueus urang Sunda. Jadi 
> carita komik misalna.
> 
> Salam,
> MH
> 
> sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan Kang Rachmat,
> Penca teh cikal bakal budaya sunda anu tos jadi kaulinan balarea di
> unggal tempat
> tatar sunda. Tina penca tiasa janten ngibing sapertos jaipongan anu di
> ulem ku Teteh Nenny, olah raga, olah napas, seni, filsafat hirup , adat
> istiadat paguron anu unik di US.
> Oge eta penca tiasa ngabeungkeut duduluran keuer saha wae anu resp
> ngulip penca, anu rupi-rupi gayana. Sa tatar sunda mani seueur pisan
> eta olah gerak seni penca teh.
> Urang Eropa , urang Amerika parantos terangan yen penca teh ngandung
> elmu anu hirup
> jeung goib ayana di tatar sunda anu jadi pusat tradisi penca keur urang
> asing anu arek ngabebenah naon hartina penca.
> 
> Aduh abdi mani asa gumbira pisan ngadangu carita Nini Eni, anjeuna teh
> tos kasohor
> di Eropa mah, anjeuna seureur muridna. Jiganamah aya patula patali
> sareng guru abdi Abah Aleh sareng anjeuna, duka enya duka heunteu.
> Abdimah palay nepangan Nini Eni bulan July , kumaha baraya aya anu
> terang dimana rorompokna. Upami aya mangga di japri wae urang
> badanten, sareng abdi urang nyocokkeun waktosna anu pas antara anjeuna,
> abdi sareng baraya.
> 
> nuhun
> yan nyc
> On Thursday, May 26, 2005, at 23:22 US/East-Indiana, MRachmat Rawyani
> wrote:
> 
> > Sae upami penca janten salah sahiji bahasan di Kongres
> > basa Sunda. Kieu wae atuh, kumaha upami Kusnet
> > dipasihan waktos dina eta kongres, aya sababaraha
> > topik anu tiasa janten bahasan diantawisna penca
> > silatna Kang Yan di USA. Minggu nu klangkung oge
> > kuring ningali acara di salah sahiji stasiun televisi,
> > aya Nini eni anu yuswana tos 90 taun masih mingpin
> > paguron penca silat di wewengkon Garut.Mangga
> > dicukcruk ku urang Garut, da kaetang moyan oge, gaduh
> > cabangna di mancanagara.
> >
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmatrawyani
> >
> > --- sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >> Bade naros ka kang Oman anu bade rapat ageung di
> >> Subang ari penca sunda
> >> dilebetkeun atuh mugi-mugi didukung pamarentah /
> >> Gubernur jrrd ka eta
> >> program. Ningali pamarentah China penca jadi produk
> >> budaya janten
> >> industri oge, malihmah disumbang / disokong
> >> kagiatanana.
> >>
> >> nuhun
> >> yan nyc
> >>
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
> 
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
> 
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
> 
> 
> 
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke