Bagea Kang Din,
 
Tah eta pisan nu dimaksud "peso bedah" ku kuring oge. Kuring boga anggapan 
(asumsi), yen milisi kusnet jeung sabondoroyotna boga potensi anu leuwih 
dibanding jeung urang Sunda sejenna. Boh ditilik dina jihad kasang tukang 
atikan, elmu pangaweruh, pon kitu deui soasial ekonomi. Upama tea mah ieu para 
milisi boga karep anu "militan" pikeun mateakeun basa Sunda, asana lain 
pagawean anu pamohalan. 
 
Hiji conto sederhana, upama tiap milisi anu rewuan ieu, daek nulis atawa 
narjamahkeun bahan pangaweruh populer saluyu jeung widangna masing-masing, 
asana lolongkrang kakosongan bahan bacaan basa Sunda ieu saeutik-saeutik bisa 
kaeusian. Pikeun neruskeun hanca digitalisasi kahareup, salah sahiji jurusna 
salian nu keur dikeureuyeuh, nyaeta jurus narjamahkeun bahan pangaweruh populer 
kana basa Sunda. Kuring yakin, para milisi kusnet bakal "areling" pikeun 
ngarojong ieu garapan. Wallahu'alam.
 
Salam,
MH

Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mun tea mah buku-buku pangaweruh penting ditulis ku basa Sunda, Insya Allah, 
sok sanaos basa Sunda sanes basa panganteur di kampus-kampus, tapi urang kampus 
bakal barisa nyarita ku basa Sunda. kitu manawi, nun !

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sakaterang sim kuring mah di UI teu 
acan aya basa
sunda janten panganteur akademis. Sok sanaos aya
sastra Jawa, sastra jepang, cina, Arab, Belanda,
Rusia, namung upami mahasiswa ngadamel skripsina teh
ngangge basa Indonesia. pon kitu oge skripsi S2 sareng
S3.

baktos,
mrachmatrawyani

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Cing sugan aya bongbolongan ari basa Sunda naha geus
> jadi basa akademis? Maksud teh jadi bahasa
> panganteur pikeun kuliah, panalungtikan, skipri,
> tesis, desertasi jeung sajabana. Minimal di Jurusan
> Basa Sunda paguron luhur. 



=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke