Kang Maman Saleresna memang aya hubungan tina gempa anu kamari teh, mung henteu hubungan langsung, sapertosna gempa di mentawai teras bitu G. Talang, kedah ditingali dina struktur geologina, panginten G. Talang di Sumbar memang tos waktosna bade bitu. Tah upami Krakatau mah ku pangemut sim kuring dina waktos ayeuna teh nuju tahap ngabangun keneh, upami aya bitu teh insya Alloh moal ageung. Margina dina sajarah bituna gunungapi anu ageung teh biasana upami tos istirahat lami pisan, sapertos G. Galunggung istirahatna 60 taunan, teras pinatubo di Pilifina oge langkung ti 300 taun, oge krakatau anu bitu tahun 1883 teh istirahatna 200 taun. ti tahun 1681 dugi ka tahun 1883. Gempa turun ka handap tiasa naik deui tiasa, geuning kamari oge kalah ka naik deui. mung duka iraha kahandapna, memang leres aya potensi mah mung duka iraha. mudah-mudah an tong ngareksak bae nu utami mah da memang ari dunya teh muter sareng henteu cicing kulit bumina oge papada maju, mung nu dipikahoyong ku urang sadaya mah majuna teh tetep saimbang. da eta upami teu sa imbang nu kirang sae teh. kedah batu turun keusik naek kang, abdi purun nyai kersa, kitu pan. he he he. leres kitu kang ? mung sakieu heula Wassalam Isya ND.
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
