Baraya,
 Aya sari anu kacida nyundana di Kampus ITENAS, boh di lingkungan kampusna 
atawa dina acara-acara resmi anu dilaksanakeun ku manajemen Itenas. Hal ieu 
diantarana kapanggih waktu kamari, poe Saptu, 28 Mei 2005 si kuring 
kaparengkeun nungkulan acara Wisuda lulusan Itenas (anu ka....., punten ieu 
postingan diserat bari jeung teu dibarengan buku-buku informasi wisuda 
kamari) di aula utama Itenas. Ngahaturkeun nuhun ka MJ anu parantos haat 
ngulem si kuring anu ku syare'at alamiahna mah teu aya sabab si kuring kudu 
ngahadiran atawa diulem kana eta cara wisuda (teu boga budak atawa dulur anu 
lulus ti Itenas tur arek diwisuda di Itenas poe eta).
 Wisuda Itenas anu kamari dilaksanakeun karasa special pisan. Utamana, sabab 
dina eta acara wisuda teh orasi ilmiahna didugikeun ku Abah Surya (H.R. 
Hidayat Suryalaga, salah saurang budayawan Sunda anu geus moyan) ngeunaan 
jejer kasundaan sakalian ngaresmikeun digunakeunana ngaran-ngaran 
gedong-gedong jeung rohangan-rohangan fasilitas atikan di Itenas anu kacida 
nyundana. Disagigireun ti eta, upacara Wisuda oge di Itenas mah geus 
nyari-nyari kana atmosfer kasundaan, ti mimiti lagu wajib wisudaan (naon teh 
MJ, judulna, poho deui hehehe), tepi ka musik pangiring jeung panyelang dina 
acara Wisuda (geus lir ari pangurus Yayasan anu boga Itenas jeung sabagean 
gede tanaga akedemisi na mah lolobana US) .
 Ngeunaan ngaran-ngaran gedong jeung rohangan kuliah Itenas anu nyunda, 
mangga, dihaturanan MJ ngaguarna, sangkan leuwih akurat. Ongkoh deui, MJ teh 
pamimpin redaksi bulletin resmi Itenas. Nuhun MJ, kamari tos dipaparinan 
bulletinna, aya ku reueus. Bulletin Itenas anu kamari katarima, ku ayana MJ 
di dinya tangtuna oge, karasa nyundana. Aya guaran ngeunaan prasasti Kawali 
di sagigireun guaran utama ngeunaan ngaran-ngaran gedong jeung rohangan 
kuliah Itenas anu nyunda. 
 Inget bae kamari, dina salila ngabandungan runtuyan acara wisuda eta, 
kacida karasana atmosfer kasundaan di Itenas. Ti mimiti awal upacara anu 
dipirig ku lagu wajib anu geus diropea ku seniman Sunda (nepi ka payus 
dipirig ku gamelan), lalaguan minangka panyelang
runtuyan acara (Hymne Itenas si kuring kacida bogohna, aya atmosfer alam 
barudak jeung patriotisme di dinya, ku hayang apal rumpakana jeung bisa 
ngawihkeunana), eusi pidato utama rektor Itenas anu urang Sunda tea anu 
enas-enasna gegedena perhatian kana budaya lokal tempat eta paguron 
icikibung-disagigireun eusi utama nasehat ka para sarjana anyar anu 
dilantik, oge pangajen ka abah Surya anu pangemutna (ngaran-ngaran gedong 
jeung orasi ilmiah) tos kaanggo ku Itenas. 
 Ngeunaan orasi ilmiah Abah Surya oge kacida nyundana jeung kacida 
pentingna. Di sagigireun nyunda, oge mere hiji conto kumaha carana masarakat 
lokal nafsirkeun jeung ngainterpretasi carita atawa dongeng rakyatna 
sewang-sewangan jadi hiji ajaran atawa cecekelan anu manfaat. Judul pidato 
Abah Surya teh nyaeta "Peran Dayang Sumbi dan Sakuriang dalam Konsep Budaya 
Sunda (Kajian Hermeneutika terhdapa Legenda dan Mitos Gunung Tangkubanparahu 
dengan Segala Aspeknya)". Enyaan, loba informasi anyar ti Abah tina guaran 
orasi ilmiahna kamari. Malah harita oge si kuring ngaharewos ka MJ:"Ku 
disebarkeunana pangemut Abah ngeunaan eta tafsir dongeng rakyat anu mashur 
di masyarakat Sunda, Itenas jeung sakumna urang Sunda baris tambah pede kana 
"dongeng" Sangkuriang (make tanda cureuk da lain sadongeng-dongengna)". 
Sugan pareng ka hareup keun urang pedar eta panafsiran anyar (minimal keur 
kuring anyar soteh) ngeunaan sasakala Gn. T. Parahu teh atawa MJ engke tiasa 
ngaguarna.
 Ala kuli hal, urang antosan MJ pikeun ngadadarkeun sari anu nyunda di 
Itenas, sangkan langkung anteb. Anu jelas si kuring boga kacindekan, upama 
Itenas terus ngajadikeun dalitna budaya (lokal) jeung teknologi jadi pamake 
kahirupan paguronna, si kuring yakin, haiji waktu Itenas baris jadi paguron 
anu maju tur heunteu ninggalkeun budayana anu bisa jadi tuladan 
paguron-paguron luhur sejenna sa lemah cai. pamugi bae.
 Panutup: wilujeng MJ (enyaan, da asa hajatan nu MJ wisudaan di Itenas 
kamari teh) oge sakali deui ngahuturkeun nuhun ka salira oge ka Abah Surya. 
Ku kasaean aranjeunna, si kuring jadi asup kana babasan lauk buruk milu 
mijah (di Itenas kamari), nepi ka disebut-sebut dina kecap panghatur-nuhun 
ti Rektor Itenas. Wilujeng ka sadaya rengrengan akademisi jeung mahasiswa 
Itenas.
 Baktosna,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke