Hehehe Kang Oman,
 
Naha tina "patlot" jeung "komputer" mani jadi sarius? Ari numutkeun kuring mah 
kieu kang tiap jenis media mibanda kaunggulan anu tangtu, disagigireun 
kakuranganana. Sabenerna mah kurang payus mapandekeun "patlot" jeung 
"komputer", da jiga mapandekeun meri jeung embe. Geus puguh beda, ti ajalina. 
 
Ngan aya sasabaraha catetan kuring perkara  konsep ngeunaan "buku" piikeun alam 
kiwari. Naha naon ari "buku" teh? Upama "buku" ditoong salaku barang nu 
mangrupa keretas terus dijilid, eusina mangrupa informasi nu tinangtu, ti 
baheula nepi ka kiwari oge jaga, angger we teu robah jiga kitu, jiga nu salila 
ieu ku urang disebut "buku" tea. Tapi upama "buku" dihartikeun tina jihad 
teknologi, buku dihartikeun bahan bacaan pikeun manusa, dileupaskeun tina media 
nu dipake ruang simpanna, harti buku bisa robah saluyu jeung barobahna alam 
pikiran manusa. 
 
Konsep "buku" kiwari kudu geus robah saluyu jeung robahna jaman, lain ukur 
hartina buku make media citak jiga keretas, kulit kai, daun lontar, jeung 
sajabana. Tapi "buku" geus bisa make media elektronik, jadi "buku elektronik" 
(e-book). Buku elektronik boga kaunggulan dibandingkeun jeung buku dina harti 
konvensional. Diantarana, buku elektronik salian bisa dibaca ku manusa, oge 
buku elektonik bisa maca dirina sorangan pikeun didengekeun ku manusa. Oge buku 
elektronik bisa ngandung hal-hal sejen nu teu bisa ditarekahan ku buku biasa, 
jiga media visual misalna.
 
Salam,
MH

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,
Sok sanajan ieu jejer "unggulna patlot ibaningkeun komputer" katempona 
sederhana atawa ngaharib kana heureuy atawa unak-anik (serba-serbi), tapi keur 
kuring mah kacida pentingna. Anu jadi sabab, ari patlot teh apan tara pisah 
jeung papasanganna (anu dina kaitan di dieu mah) nyatana nya buku tea. Khususna 
deui, buku salaku media informasi.

Kukituna, jejer ieu teh sarua bae jeung jejer "kautamaan buku dibandingkeun 
jeung komputer" salaku media informasi. Lebah dieu mah heunteu jadi masalah, 
naha buku eta dijieunna make komputer atawa heunteu (sigana alam ayeuna mah 
sakabeh buku, pon kitu deui media citak anu sejenna, salaku sumber 
informasi, tangtu ngagunakeun komputer waktu nyieunna teh). 
Pasoalanna upama diringkeskeun bisa diringkelkeun sarupa kieu:" Naha ari dina 
alam kiwari jeung sababaraha taun ka hareup ajen buku masih keneh penting?". 
"Naha ari buku (boh buku anu klasik atawa anu dijieunna make komputer) salaku 
media informasi ka hareup baris kaelehkeun ku komputer 
(kaasup jeung papasanganna nyaeta internet)?". 

Nilik kana kautamaan "patlot" (anu geus itransformasikeun jadi "kautamaan 
buku..." salaku media informasi) si kuring wani ngajawab yen buku (atawa media 
informasi naon bae anu kaasup media citak) tetep mibanda kautamaan, 
sakurang-kurangna pikeun sababaraha taun ka hareup. Oge tetep aya kautamaan 
buku anu anu moal bisa kaelehkeun ku komputer. Nya diantarana sakumaha anu geus 
icirian ku eusi jejer "unggulna 
patlot...jst".

Sanajan kitu, hal ieu lain hartina si kuring nyapelekeun komputer (jeung 
internet). Ngan saukur nyirian yen nepi ka iraha bae oge buku salaku media 
informasi tetep penting, "comportable", jeung praktis. Hehehe...jadi inget 
jejer Kang Hasan ti heula, "Buku" tea. Kumaha tah terasna Kang Hasan?

Baktosna,
manAR


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke