Kahatur Kang Yan... Sapagodos Kang. Nulangkung "cilaka", seueur jalmi anu kedahna "intelek", upamana anjeuna "megang pimpro"/"broker proyek" padahal elmuna mung sakadar "broker", nambih-nambih biaya atanapi ongkos anu teu aya hubunganana sareng pelaksanaan nyata/real di lapangan. nya seperti kasauran Akang nyaeta biaya TUTUNJUK sanaos sanes ku TELUNJUK, tiasa janten mangrupi "Akses" kanu informasi proyek eta. Rupina ieu anu sering jadi udagan ku anggota parpol-2 anu aya di dewan, pedah kanggo nutupan biaya kampanye anu parantos di kaluarkeun. Aeh..aeh.. naha jadi jauh tina "subject", ah supados nyambung deui, urang hubungkeun deui, intina proyek-2 anu aya dina buku-induk proyek di "mark up" ku "patlot". Moal tiasa di leungitkeun adat ieu saumpama jalmi-2 anu gaduh kawasa (anu kedahnya intelek tea), ngaleupaskeun kakawasaanana pikeun ngubah sistemna ku sistem informasi nu terbuka kalayan bertanggung jawab, nyaeta Teknologi IT atanapi komputer tea.
Kasimpulanana, samaju-majuna IT ari mentalna masih feodal mah nya kitu-kitu keneh. (keneh-2 kehed). Janten urang teh kedah jadi bangsa kuli mung nu intelek, kitu? Hatur nuhun. Wassalam MZ --- sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Kang MZ > Simkuring bade ngawaleran "Duka tah pikumahaeun deui > engke jaga; ari > bangsa urang tiasa teu lepas statusna tina bangsa > kuli jadi > bangsa"intelek" di USA. Noongan kamajengan nagara > adi kuasa kedah > diconto dina nga adu maniskeun "intelek sareng > kuli". Heunteu kabeh > urang urang Amerika intelek, anu bodona oge loba > jeung jiwa kulina oge > panglobana. 99 % kulina 1% intelekna hasilna jadi > nagara adi kuasa, > lamun kabalik nya contona jiga US, seueur ngabodor, > seueur ngawangkong, > seueur nyarios ari palih lebah fisik / kuli tara > janten tara sarius > ngalakonan hiji projek, hayangna loba nguasaan > projek bari jeung teu > tuntas hasilna. Nya ari ditoongan ku kuring keur di > lemburmah eta > intelek teh ka seueuran jiwa kulina euweuh hayangna > tutunjuk. Maranehna > US kapangaruhan gaya Mataram / Sultang Agung bari > jeung tara turun ka > desa ngawangun fisik / kuli, seueurna nyarumput > ditukang tembok beton. > Ceuk kuring mah para inohong US anu 99% intelek anu > 40 juta jalma > langsung metakeun rancangan anu kasebat intelek naon > wae fisikna > meureun IT ( nyatakeun fisikna/ kulina). > > Hiji conto kahebatan urang USA / JEPANG / GERMAN > dina widang pertanian > anu ku kuring ditoong "blue print / copian > rancangan" tina "komputer" > dipetakeun nepi ka tuntas dina ngajabarkeun produksi > hasil pertanian sa > puluh hektar tanah, mesin keuer ngolah tanah, > melakan, panen, dikemas, > dipasarkeun eta kabeh ngan saukur dikelola ku 2 > jalma paling loba 5 > jalma maranehna ngahijikeun jiwa kuli jeung > intelekna hasil produksi > singkat > tina panen sa kali sa tahun bisa tilu kali sa tahun, > tah ieu namina > "padat karya". Kitu oge widang militer da teu loba > jalmi / militer da > mesin perang na nu seueur sa dayana komputerize. > Pernah ngadungu henteu > singkatna militer usa mantuan Kuwait ti serangan > Sadam, eta mani > singkat dikeruk heula emas jeung duit Kuwaet di bank > (total billiun > dollars abus ka Bank USA) kakarak di dor dor dor > militer Sadam eleh > jeung singkat pisan, Pokoknamah lamun militer perang > / produksi nagara > anu maju gaduh moto "mobilisasi" pa gancang-gancang, > pa tepat-tepat, pa > kuat-kuat / kuli teknologina (IT)", pasti jadi > nagara pang unggulna. > > Contona ku president Jimi Carter anu beunghar ku > hasil pertanian > "kacang / su'uk" anjeuna turun ka lapangan sanes > tutunjuk kumaha > babarengan gawe jeung para kuli. Anjeuna malihmah > nulungan humaniora > mantuan jalma-jalma anu susah / miskin di mana wae > naon deui da enggeus > beunghar ku harta jeung intelekna duitna teh > dihibahkeun kanu rahayat > miskin nu merlukeun dasar hirup anu pas-pasan > meureun di Indonesia mah > para gelandangan jeung mantuan Tsunami. Enjeuna > masihan conto ngawangun > puluhan ribu meureun jutaan imah keuer nu miskin > tempona nu relatip > singkat bisa di huni ku jalma-jalma miskin ameh > manehna teu kapanasan, > kahujanan, katirisan, ameh nu jalma-jalma miskin > bisa diajar / digawe > (produktip). Anjeuna turun kalapangan metakeun > kumaha cara maku, > ngagargaji, ngebor, carangaduk campuran beton hiji > dua tilu, ngecet, > macul, melakan, kuring noongan teu katingali eta > pimpinan nagara > TUTUNJUK ku TULUNJUK digawe babarengan jeung para > KULI. Lamun pimpinan > mere conto asah-asih-asuh sapertos anjeuna (Jimi > Carter) kumaha deui > rahayatna tongtos nagara teh bakal aman-tentram. > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
