Dina kalawarta nasional poe kamari, aya embaran ngeunaan asal-usul
austronesia, sakumaha nu dikedalkeun dina konferensi pers di LIPI (?) dina
raraga persiapan gotrasawala internasional di Solo ahir bulan ieu ngeunaan
ras/basa Austronesia.
Nu kagolongkeun seke seler Austronesia sumebar ti Pasifik nepi ka
Madagaskar, populasi panglobana aya di Nusantara (Indonesia, Filipina,
Malaysia, jeung sababaraha nagara Asteng lianna). Nepi ka kiwari mah, loba
keneh nu yakin yen bangsa2 Austronesia ieu teh asal-usulna mah ti wewengkon
kapuloan Taiwan & Cina darat. Tapi, loba oge nu boga sangkaan yen asal nu
sabenerna mah ti wewengkon daratan Sunda (Sunda Shelf) nu kiwari geus tilem
kakeueum jadi sagara Sunda nalika jaman es cair (+/- 8000 taunan ka tukang,
jaman Nabi Nuh a.s.?). Tah, kusabab sesa2 kaadabanana geus tilelep di dasar
sagara, bukti2 teh can kagali, da nepi ka kiwari can aya nu nalungtik dasar
sagara Sunda (sagara antara Kalimantan, Sumatra, Tanjung Malaka, Jawa).
Mun di Kulon mah aya buku nu judulna "Eden in The East: the lost continent
of Southeast Asia" karya Stephen Oppenheimer, sok disabit-sabit ku Kang Yan
Sastranegara, nu ngadadarkeun mitos2 jeung bukti2 (saheulaanan) ngeunaan
kaadaban di daratan Sunda.
Mun dipatalikeun jeung caritaan Kang Dedi kamari basa kongres di Cupumanik,
nya di kalereun pulo jawa teh baheulana (samemeh caah) mah lain sagara, tapi
ukur walungan badag, puseur kaadaban cai sakumaha ilaharna kaadaban bangsa2
kuna nu kapanggih jaman kiwari (kaadaban Efrat-Tigris, jsb)
jk
On 6/21/05, DELUN I <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kahatur wargi anu ahli tina bahasa sunda,
>
> Simkuring gaduh rerencangan urang vietnam teras saparantos na ngobrol
> ngaler ngidul perkawis budaya sunda, saurna: yen karuhun urang vietnam
> (nenek moyang na) teh aya patula-patali na sareng budaya, urang sunda.
> contona: dina perkawis maenkeun kata, sareng heureuy-heureuyna kitu deui
> someah na.
>
> Tapi saparantos na diperhatos keun yen rerencangan simkuring eta
> teh..sifat, karakter, tata krama na..mirip pisan urang sunda.
>
> Naha eta teh leureus aya sajarah na dina budaya sunda yen karuhun urang
> teh parantos nyebrang ka daratan vietnam ? hatur nuhun !
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/