Hatur nuhun kana pangrojongna, Kang... Bati nyelewer tina gawe di kantor
tateh, pira kadar narjamahkeun artikel2 nu tos aya dina basa Inggris... Sok
atuh, baraya nu aya luang waktu & akses internet, mangga geura euyeuban eusi
Wikipedia Sunda teh... Anu gaduh peperenian kasundaan, mangga geura sok
lalebetan, formatna mah tiasa dioprek di pengker...
Kang Yudhi, padahal mah wios atuh, mangga bae eusian, bade ku basa Sunda
gaul atanapi basa sunda geol ge, pokona mah basa sunda...
Perkawis buku iptek, disusunna dumasar kurikulum teu? atanapi sarupaning
buku populer "ringan"? Sigana sae upami buku iptek populer (teu nyosok
teuing dina segi basana, supados langkung tiasa kaserep ku masarakat awam).
Pami drafna tos beres mah, cobian we ka penerbit2 nu aya di urang, KBU
misalna, atanapi nu sanesna...
Perkawis kualitas atikan di urang, kuring ngarasa aya jungkrang antara
"mercusuar" jeung kanyataan dunya atikan urang sacara umum. Kuring yakin yen
unggal bangsa mibanda potensi intelektualitas nu moal beda, dasarna mah
sarua. Ngan, salajengna mah, teu langkung rek dikumahakeun eta "kertas
bodas" teh. Lamun dieusi kalawan bener-bener (modal aya, guru bisa
"dibeuli"), nya jadina sakumaha nu ayeuna jadi conto onjoyna bangsa urang
dina saembara tingkat internasional. Ngan mun balik deui ka kualitas atikan
sacara umum, duka kumaha atuh, bati ngahelas bae ku mindengna maca embaran
ngeunaan wangunan sakola nu raruntuh, nu kakurangan guru, jsb.
jk
On 7/6/05, Aa Yudhi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> hebat yeuh Kang Kandar, kuncen Wikipedia Basa Sunda... hoyong oge nambihan
> ku artikel bioteknologi, immunologi atanapi virologi, ngan hanjakal basa
> sundana simkuring mah basa sunda gaul bisana... simkuring oge nuju ngadamel
> buku IPTEK kanggo siswa SMP/SMA... sugan aya panilik (?) anu tiasa diajak
> damel babarengan? pedah ningali buku-buku di dieu, eusina teh up-to date
> sareng teknologi ayeuna...
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/