Aya deui:

- gorengeun = nu bakal digoreng 
- saringeun = nu bakal disaring
- lebeteun = nu bakal dilebetkeun?, atanapi lebetkeuneun? 

Kumaha lengkepna aturan mere rarangken dina basa Sunda teh?
Dupi diantawis baraya aya nu kagungan buku tata basa Sunda lengkep?

-Dian-


On 12/07/05, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Hatur nuhun...
> 
> Kumaha upami ieu:
> - lebetan vs lebetaneun vs lebetkeuneun = nu dilebetkeun
> - asupan vs asupaneun vs asupkeuneun = nu diasupkeun
> 
> rarangken -aneun atanapi -keuneun?
> 
> -Dian-
> 
> 
> 
> On 11/07/05, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > Manawi teu lepat.., khusus kanggo kalimat anu dihandap :
> > - pertolongan (b. Indonesia) => pitulung
> > - penolong (b. Indonesia) => panulung
> > - pemahaman => pamahaman (tiasa oge)
> > - proses mengenali => ngawanohan
> >  Punten upami lepat.
> >  ssw
> > 
> > *Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED] >* wrote:
> > Baraya, 
> > Dina narjamahkeun (nyundakeun) teks basa séjén kana basa Sunda, karasa 
> > pisan yén fungsi rarangken téh kacida pentingna.
> > Mung nyaéta, sakapeung dipakéna rarangken téh asa sok masih kénéh 
> > maksakeun..
> > Cik hoyong tumaros ka ahli sastra Sunda, ceu Pupi manawi, 
> > * naon waé lengkepna rupa-rupa rarangken dina basa Sunda téh?
> > * kumaha waé aturan ngararangkenan kecap téh?
> > 
> > Saparantos jéntré aturan-aturan rarangken ieu, urang bakal tiasa milah 
> > naha leres, contona: 
> > - 'pertolongan' (b.Indonesia) => pitulung atanapi panulung
> > - 'pemahaman' (b.Indonesia) => pamahaman
> > - 'proses mengenali' => wanohan?
> > 
> > Wassalaam,
> > -Dian-
> > 
> > 
> >


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke