Baraya, 
 Asana informasi anu sami eusina jeung anu dipairan ieu kungsi aya anu 
mostingkeun, malah harita oge si kuring milu mairan. Kacindekan sawatara 
ieu: Rarancang nyieun highland resort + lapangan golf (tangtu lolobana mah 
keur konsumsi bangsa sejen jeung sagolongan bangsa Indo (urang jkt sigana)) 
dibolaykeun.
 Samemeh aya kacindekan eta, gede kacida jasa rahayat sabudeureun ieu 
wewengkon Panaruban, Pihak Perkebunanan (PTPN VIII), LSM-LSM khususna ti 
Subang jeung masyarakat sejenna, lain bae di Subang, tapi tug nepi ka 
Bandung, Bogor, jrrd. Si kuring sorangan waktu harita keur di padepokan 
sepuh di Panaruban (lebakeun pisan lahan anu keur diincer, malah wates 
lahanna teh patepung) katatamuan salah saurang anggota dprd Subang jeung 
rombongan. Nya harita oge ditepikeun naon anu jadi kamelang jeung panolakan 
kana rencana pangwangunan highland resort + lapangan golf di ieu wewengkon.
 Heulang Jawa (payusna Heulang Sunda) memang lain bohong. Sigana ngan 
didinya anu urang masih keneh bisa mindeng maregokan (manggih) ieu satwa 
langka sapopoe. Heulang Jawa mindeng karereta geleberna ku sorangan lamun 
keur pareng cinutrun di curug Cimuja. Ieu curug teh luhurna aya kana 15 
meteran (Kang Akos, Kang Tirta, Kang Yaya, Indung Peuting, jrrd kungsi 
ngalongok ieu curug), tempatna jero sarakan sepuh (Kang Idrus) di Kp. 
Panaruban saluhureun palataran Desa Cicadas - administratif anu mayungan Kp. 
Panaruban. Ti ieu curug atra kaditu-kadieu, nepi lebah-lebahna kompleks 
Texmaco Subang Kaler ge katingal.
 Salian ti ancaman kana unak-anik tutuwuhan jeung sasatoan (keanekaragaman 
hayati), ieu rencana pangwangunan upama dilaksanakeun baris ngaruksak 
lingkungan sejenna. Diantarana: tatanan iklim mikro, sumber cai bersih (anu 
tangtuna baris keuna ku pencemaran insektisida anu biasa digunakeun dina 
ngurus lapangan golf), jeung ilangna kendahan pamandangan di eta wewengkon. 
Salian ti eta, pangwangunan samodel di highland resort + lapangan golef 
tangtu mawa masalah-masalah sosial budaya anu lain leutik.
 Salian ti eta, upama informasi ti sepuh anu di Panaruban bisa dibuktikeun 
ku para ahli anu pakait, di ieu lokasi teh aya situs sajarah anu kacida 
pentingna keur US + TS, oge keur masyarakat sadunya (sabab kawijakan 
nyalindungan budaya lokal geus ngarupakeun kaputusan PBB). Ieu situs anu 
masih sangkaan kuat (perlu dibuktikeun saterusna nyoko kana metode ilmiah), 
pakait jeung mata rante terusna tina lalakon Pajajaran anu harita ngungsi ka 
Sumedang, oge, ceuk cenah, pakait jeung asal-usul wangsit Siliwangi anu 
kawentar tea. 
 Asa kabina-bina upama Bupati Subang anu ayeuna sapopoena geus ngabiasakeun 
make bendo leuwih kataji ku beaya trilyunan (anu can puguh haratis keur 
ngawangun Subang pakidulan) tinimbang jeung harepan Subang bisa mukakeun 
kocsi sajarah TS anu sabagean ti antarana masih can kapanggih.
 Kukituna, si kuring ngarojong pisan jeung Insya Alloh sakadugana bari 
ngabantuan usaha-usaha sangkan eta rencana pangwangunan anu pibahlaeun teh 
bolay. Pikeun alternatif, satemenna di wewengkon anu asri jeung boga ciri 
masih alami saperti di Panaruban, aya usaha eknomi dina titincakan alam anu 
sauetik resiko bahayana, nyaeta wisata lingkungan. Ieu wisata lingkungan anu 
dimaksud nyaeta usaha-usaha pariwisata titincakan alam lokal anu heunteu 
ngagegedekeun prak-prakan ngarobah alam. Kakuatanana dina kaaslian alam 
jeung penduduk di sabudeureunana.
 Baktos,
manAR 
   

 On 7/13/05, Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> 
> ----- Original Message -----
> From: "amasykur" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Wednesday, July 13, 2005 8:10 AM
> Subject: Re: Urang Subang - 150 hektar untuk lapangan golf ?
> 
> 
> > Assalamu'alaikum wr. wb.
> > Sekedar urun renbug...
> > Sekitar tahun 2002 PT KLI Korea mengajukan proposal ke Pemerintah
> Kabupaten
> > Subang untuk investasi wisata terpadu (Highland resort) di wilayah
> panaruban
> > sekitar 500 ha. Tepatnya di tanah milik perkebunan. Karena saat itu dari
> > pihak Perkebunan tidak memberikan izin penggunaan tanah tersebut, maka
> > lambat laun rencana tersebut terhenti.
> > Namun sekitar akhir 2004 mulai muncul kembali keinginan Pemkab subang
> untuk
> > meneruskan rencana pembangunan tersebut dengan terus melakukan 
> komunikasi
> > dengan PT KLI Korea. Bahkan beberapa LSM juga turut mendukung antara 
> lain
> > Ganass, Forum Pemuda, FKPPI dengan membuat pernyataan di koran PR agar
> > Pemkab segera merealisasikan rencana investasi tsb. Seterusnya pemkab
> > melakukan lobi-lobi ke Pusat (Badan Penanaman Modal, PTP) agar Pihak PTP
> XII
> > mengizinkan penggunaan tanah tersebut. Karena salah satu syarat
> > persyaratan/izin investasi harus ada dukungan dari DPRD akhirnya Pemkab
> > meminta dukungan ke DPRD sambil mereka terus melakukan lobi-lobi ke
> > Pemerintah Pusat. Mengapa Pemkab begitu menggebu-gebu ? karena memang
> nilai
> > investasi untuk membangun Highland resort ini sekitar 3,6 Trilyun. Cukup
> > menggiurkan.....
> > Sekitar bulan Maret 2005, setelah Pemkab hearing dengan DPRD, di koran 
> PR
> > muncul pernyataan beberapa tokoh Jawa Barat bahwa mereka tidak setuju
> > tentang rencana tsb. Termasuk direktur PTP XII menyatakan bahwa dia 
> tidak
> > akan mengizinkan tanah milik perkebunan tsb dijadikan kawasan wisata
> terpadu
> > (Alhamdulillah...)
> > Setelah pernyataan itu sepertinya Pemkab mulai putus asa, meskipun saya
> > dengar mereka terus melalukan lobi-lobi ke pemerintah pusat khususnya ke
> > mentri BUMN. Hasilnya .. Wallahu 'alam.
> >
> > Tah sakitu panginten sekilas informasi tentang rencana Hihgland resort,
> > mudah-2an aya manfaatna.
> >
> > Wassalam
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > =================================================
> > ############### MILIS URANG SUBANG ###############
> > 
> --------------------------------------------------------------------------
> -----------
> > Sumangga bawarakeun ka baraya, saderek, rencang, sadaya warga Subang
> > ngagabung ka milist urang Subang. kintunkeun email kosong ka :
> > [EMAIL PROTECTED] Terima Kasih
> > =================================================
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke